Sabtu, 03 Agustus 2013

ASAL KAJADIAN SAKABEH ALAM JEUNG MANUSA

         Diluhur geus diterangkeun DAT,  SIPAT jeung AFAL na Allah Ta'alla ayeuna baris ndi terangkeun padamelan jeung kawasana, samemeh aya Uwung uwung -Awang awang jeung pangesina sakabeh. Maha Suci ngadamel Cahaya ( NUR ) Nabi Muhammad SAW heula Allah Ta'alla ngadamel saeusining nu kumelap di Alam Dunya, boh Manusa, Hewan , Tatangkalan Bumi jeung sejen sejena deui, jalan kabeh ieu ti NUR MUHAMMAD SAW. Dina Qur'an di sebutkeun kieu :

          INAMA AMRUHU IDZA ARODA SYAIN AN YAQULA LAHU KUN FAYAKUN 
Hartina: 
memang sa eunnyana parentah Maha Suci saenggeusna Anjeuna nyipta sakersana pikeun sagala kajadian bari ngucapkeun ( yabda ) KUN FAYAKUN  kabeh jadi nu kersana dina tempo sakeudeung pisan
 ( jero 6 Poe 
       sababaraha ratus taun NUR MUHAMMAD nguniang muter ka mana mana tempat kumambang kana kersana Maha Suci saenggeus nepi kana waktuna Gusti Allah mintonkeun kakawasaan nana eta NUR MUHAMMAD diincer ku cahaya Anjeuna pribadi terus peupeus nya ngajadikeun.

4 bagian ( Kalangkang )
Bagian ka 1      di jadikeun...................KALAM 
Bagian ka 2      di jadikeun...................LAUH
Bagian ka 3      di jadikeun...................ARASI
Bagian ka 4 di incer deui pepeus deui ngajadi 4 bagian :

Bagian ka 1 dina inceuran ka 2 ngajadikeun 4 malaikat : ISROPIL, MIKAIL,IZRAIL,JIBRIL
Bagian ka 2 ngajadi KURSI
Bagian ka 3 ngajadi sakabeh malaikat anu sejen
Bagian ka 4 diincer deui, ngajadi 4 bagian 

Bagian ka 1 ( inceran ka 3 ) ngajadi sakabeh langit 
Bagian ka 2 ngajadi Bumi Alam ( Alam Dunya )
Bagian ka 3 ngajadi Sawarga jeung Naraka
Bagian ka 4 ( inceran ka 4 ) peupeus deui jadi 4 bagian 

Bagian ka 1 ngajadi Akalna sakabeh jalma jalma anu boga Iman 
Bagian ka 2 ngajadi Cahaya ,jalma anu Ma'rifat
Bagian ka 3 ngajadi kalimah tauhid  "LAA ILLAHA ILLA ALLOH MUHAMMAD " 
                   Rosul Allah " nyaeta ringkesan tina eusina Qur'an 30 juz 
Bagian ka 4 ngajadi Rohani nu mujijat, ayana ti Nabi Muhammad SAW ku anjeun sakumaha nu geus di terangkeun di luhur nya ta pisan yen Gusti Allah teh sumberna tina saantero Cahaya atawa Dinamo Listrik, dina Qur'an disebut keun kieu : 
kieu unggelna :
ALLAHUMA KUROS SAMA WATI WAL ARDLI MAKTALU NURIHI KAMISYAKKIN FIHA MISBAKHU FIE ZAJAH AZZA JATUKANAHAA KAUKLABAN DORIJON YUQADU MIN SAJARATIN WAA LAA KARBIYAH YAKADO ZAYTOHA YODZI YADILAAHO LIE NORORIHI MAN YASYAA WAYADZRIBUL LAHOL MAKTULA LINNASI WALAHO BIKULI SYAIIN ALIM

Hartina kira kira kieu :
Ari Allah Ta'alla teh Cahaya Hidayatna Tina ahli Langit jeung Bumi Cahayana Ibarat Ranting
( dahan dahan ) dina jero jero lampu, lampuna make semprong hurung ngagebur saperti bentang ari caang eta lampuna ibarat kaluar tina hiji tangkal anu ngandung rahmat ( berkah ) sarta aya miyakna seperti buah Zaitun , loba mangpaatna sarta heunteu tangtu nyanghareupna , minyakna oge meh bisa hurung sareng teu kalawan kudu di sundut
      ku pituduhna dalil Qur'an anu kasebut di luhur, terang pisa Bumi Langit jeung eusina kabeh nu aya di satungkebing ieu Alam, kajadian tina bayangan Allah Ta'alla kusabab badan Rohani Manusa teh asalna tina bayangan Cahaya Nur Muhammad, jadi badan jasmani oge bayangan tina Rohani kalayan anu katenjo ku panon urang oge saperti : Gunung,Lautan, Hewan, bayangan Tatangkalan,jeung sejen sejena oge kabeh ngan Manusa di jieun Leuwih Sampurna jeung alus tibatan Roh roh atawa Badan Rohani 
 

  

Jumat, 02 Agustus 2013

HARTINA AGAMA

                                                  HARTINA AGAMA

           Aya sakaol anu nerangkeun yen Agama teh hiji jalan lempeng keur ngudag ( neangan ) Allah Ta'alla pikeun ngayahokeun kaayaan Maha Agung samemehna aya panalungtikan urang kudu terang heula jejerna ( Sifat ) Allah Ta'alla supaya bisa ngayahokeun ayana jeung kadudukanna barang nu wajib di sembah ku manusa sarta pamolahna 
            Ulama ulama pada nerangkeun akal jeung elmuna, supaya manusa meunang panerangan ka ayaan sipat Allah Ta'alla ti diya terus ngaluarkeun elmu elmu nu disebut AKOID USUL ( sipat 20 ) kalawan tauhidna sarta di terangkeun sipat sipatna Allah Ta'alla di barengan pamolahna saperti di terangkeun dihandap ieu :
  1. wujud hartina Allah Ta'alla aya mustahil teu aya 
  2. Qidam hartina Allah Ta'alla leuwih tiheula mustahil paneri
  3. Baqa hartina Allah Ta'alla  langgeng ( kekal
  4. Muhalapatul lilhawadisi hartina beda jeung nu anyar
  5. Kiamuhu binafsihi            hartina jumeneng ku anjeun
  6. wahdaniat                       hartina bener sagala galana
  7. Kudrat                            hartina kawasa
  8. Irodat                              hartina kersa ( berkehendak )
  9. Ilmu                                 hartina uninga
  10. Hayat                              hartina hirup
  11. Sama                               hartina ngadangu
  12. Basar                               hartina ningali
  13. kalam                               hartina sasauran
  14. Kaunuhu kodiron              hartina     pangawasa ( keur manusa )
  15. Kaunuhu muridan              hartina     pangersana ( keur manusa )
  16. Kaunuhu Aliman               hartina      pang uningana ( keur manusa )
  17. Kaunuhu Hayan                hartina      hirupna ( keur manusa )
  18. Kaunuhu samian                hartina      pangdanguna ( keur manusa )
  19. kaunuhu basiran                hartina      paningalina ( keur manusa )
  20. Kaunuhu mutakaliman       hartina      pangucap ( keur manusa )
           Jadi nurutkeun katerangan tina Sifat 20 Allah Ta'alla teh * AYA * ayana leuwih tiheula batan mahluk mahluk anu sejen langgeng, beda, beda jumeneng ku anjeun, kekal ( Tunggal ) kawasa kagungan pangersa uninga hirup ngadangu ningali ngadawuh aya kawasana aya kahayangna kaayaan hirup aya pangdanguna aya paningalina jeung aya pangucapna 
Di luhur geus di caritakeun ( diterangkeun ) yen elmu pikeun ngayahokeun ( ngayatakeun ) sipatna Allah Ta'alla di sebut AKOID USUL atawa gabungan ( Verjameling ) elmu pikeun yukcruk sipat maha Suci Ari nu di sebut elmu USUL ( USULUDIN ) nyaeta dasar Agama sabab etateh Iman ( percaya ) keur Marifat ka Allah Ta'alla demi Tauhid yaeta elmu nu nyaritakeun sifat Allah Ta'alla jeung utusannana saksi pikeun neuteupkeun nana sipat sipatna Allah Ta'alla jeung sipat utusannana aya dua perkara nyaeta : Akli jeung Nakli
         Akli Hartina : panemu tina terbukana Akal
         Nakli hartina dalil tuturut, umpama si A kudu ibadah sabab parentahna kitab.anu jadi nNakli teh gunana pikeun ngayahokeun kaayaan Allah Ta'alla nurutkeun kitab suci Al'Qur'an jeung Hadis AKLI jeung NAKLI di pakena kudu babarengan ulah papisah, saperti panon jeung terangna, karana lamun teu aya terang umpamana teu aya panon, terang eta teu aya gunana ( poek )
        kalobaan nana jalma anu nyukcruk agama teh, sok ngaheulakeun dalil AKLI heula Ari NAKLI di panerikeun, anu kituteh kaliru pisan sabab lamun dalil AKLI di heulakeun heula kana dalil NAKLI tangtu maleset tina poko ( patokan ) eusina nu asal tangtuna ngadatangkeun ruwet jeung kusut kanu di ajar, teu puguh alang ujurna demi elmu pikeun ngayahokeun sipat maha Suci nu di sebut Elmu MARIFAT
       Sakabeh jalma pada harayangeun terang kana kaayaan ALlah Ta'alla karana ku urang wajib di sembah, sakabeh sifat sifatna Maha Suci ku anjeuna pribadi geus di teurangkeun dina Qur'an sedengkeun Anjeuna Gaib sagala nu nyareat jeung Gaibna anjeun keneh anu nyepeng sarta kawasa ku anjeuna .



Kamis, 01 Agustus 2013

AGAMA ISLAM SAJATI

 Ari sajatina Agama Islam teh nyaeta hiji petunjuk ti Allah ta,alla di turunkeun ka para Nabi Rasul nu 25 nabi ti mimiti nabi Adam nepi ka Nabi Muhammad SAW.jejer kitabna nu paling gede aya :
4 Kitab
1. Jabur 
2.Taurat
3. Injil
4. Qur'an
           dina saban saban ganti jaman eta kitab aya perubahan nana masing masing saperti jaman nabi Adam jalma jalma teh ka Allah ta,alla kudu nurutkeun anggena kitab jabur: dina jaman Nabi musa cecekelana Qitab tauret jaman Nabi Isa Qitab Injil jeung jaman Nabi Muhammad SAW.Qitab Qur'an 
           kusabab kitu kitab Injilmah aya rupa rupa jalma peyelidik Agama. nepi ka ayeuna acan bisa netepkeun Injil mana anu bener, naha Injil katerangan Lukas, paulus atawa Johan, karana injil nu aslimah geus kasebut dina Al Qur,an 
             perjalanan Agama jeung antarana tina hij jaman kana jaman deui kacida jauhna ( lilana ) nepi teu matak heran tina kalilaannana zaman, loba jalma anu ngarobah Agama nurutkeun sapamanggihna sorangan. saperti zaman nabi Adam nepi ka waktu kajadian angin topan jeung caah geude di zaman Nabi Nuh antara aya 2242 Tahun:harita geus teu aya anu mimpin, lolobana jalmateh teu ber Tuhan ( jahiliyah ) 
           Ti jzaman Nabi Nuh nepi ka Zaman Nabi Ibrahim aya 1011 tahun: ti zaman Nabi Ibrahim ka Nabi Musa 1716 tahun ti zaman Nabi Isa ka Nabi Muhammad SAW nepi ka ayeuna ( tahun 19551 antarana geus 1375 tahun )
         kusabab saantero kaperluan alam rawuh esina geus katimbang cukup disebut dina Qur'an Alloh Ta alla teu perlu deui ngayahokeun kitab sejena atawa ngangkat Nabi anyar tah ieu sababna nu matak sakabeh Manusa anu hentu nurutkeun parentah parentahna kitab Qur'an di pandang lain urang Islam.
        Anu maca ieu buku ulah salah paham anu di sebut nabi panutup teh ( pangnggeusan ) teh yaeta Nabi Muhammad SAW jeung Kitabna ngan sahiji hijina nyaeta Qur'an anjeuna di turunkeun ku Allah Ta'alla ka dunya di piwarang ngabereskeun Rohna jalma jalma nu geus Ruksak katipu ku panggoda Iblis.