Aya sakaol anu nerangkeun yen Agama teh hiji jalan lempeng keur ngudag ( neangan ) Allah Ta'alla pikeun ngayahokeun kaayaan Maha Agung samemehna aya panalungtikan urang kudu terang heula jejerna ( Sifat ) Allah Ta'alla supaya bisa ngayahokeun ayana jeung kadudukanna barang nu wajib di sembah ku manusa sarta pamolahna
Ulama ulama pada nerangkeun akal jeung elmuna, supaya manusa meunang panerangan ka ayaan sipat Allah Ta'alla ti diya terus ngaluarkeun elmu elmu nu disebut AKOID USUL ( sipat 20 ) kalawan tauhidna sarta di terangkeun sipat sipatna Allah Ta'alla di barengan pamolahna saperti di terangkeun dihandap ieu :
- wujud hartina Allah Ta'alla aya mustahil teu aya
- Qidam hartina Allah Ta'alla leuwih tiheula mustahil paneri
- Baqa hartina Allah Ta'alla langgeng ( kekal
- Muhalapatul lilhawadisi hartina beda jeung nu anyar
- Kiamuhu binafsihi hartina jumeneng ku anjeun
- wahdaniat hartina bener sagala galana
- Kudrat hartina kawasa
- Irodat hartina kersa ( berkehendak )
- Ilmu hartina uninga
- Hayat hartina hirup
- Sama hartina ngadangu
- Basar hartina ningali
- kalam hartina sasauran
- Kaunuhu kodiron hartina pangawasa ( keur manusa )
- Kaunuhu muridan hartina pangersana ( keur manusa )
- Kaunuhu Aliman hartina pang uningana ( keur manusa )
- Kaunuhu Hayan hartina hirupna ( keur manusa )
- Kaunuhu samian hartina pangdanguna ( keur manusa )
- kaunuhu basiran hartina paningalina ( keur manusa )
- Kaunuhu mutakaliman hartina pangucap ( keur manusa )
Di luhur geus di caritakeun ( diterangkeun ) yen elmu pikeun ngayahokeun ( ngayatakeun ) sipatna Allah Ta'alla di sebut AKOID USUL atawa gabungan ( Verjameling ) elmu pikeun yukcruk sipat maha Suci Ari nu di sebut elmu USUL ( USULUDIN ) nyaeta dasar Agama sabab etateh Iman ( percaya ) keur Marifat ka Allah Ta'alla demi Tauhid yaeta elmu nu nyaritakeun sifat Allah Ta'alla jeung utusannana saksi pikeun neuteupkeun nana sipat sipatna Allah Ta'alla jeung sipat utusannana aya dua perkara nyaeta : Akli jeung Nakli
Akli Hartina : panemu tina terbukana Akal
Nakli hartina dalil tuturut, umpama si A kudu ibadah sabab parentahna kitab.anu jadi nNakli teh gunana pikeun ngayahokeun kaayaan Allah Ta'alla nurutkeun kitab suci Al'Qur'an jeung Hadis AKLI jeung NAKLI di pakena kudu babarengan ulah papisah, saperti panon jeung terangna, karana lamun teu aya terang umpamana teu aya panon, terang eta teu aya gunana ( poek )
kalobaan nana jalma anu nyukcruk agama teh, sok ngaheulakeun dalil AKLI heula Ari NAKLI di panerikeun, anu kituteh kaliru pisan sabab lamun dalil AKLI di heulakeun heula kana dalil NAKLI tangtu maleset tina poko ( patokan ) eusina nu asal tangtuna ngadatangkeun ruwet jeung kusut kanu di ajar, teu puguh alang ujurna demi elmu pikeun ngayahokeun sipat maha Suci nu di sebut Elmu MARIFAT
Sakabeh jalma pada harayangeun terang kana kaayaan ALlah Ta'alla karana ku urang wajib di sembah, sakabeh sifat sifatna Maha Suci ku anjeuna pribadi geus di teurangkeun dina Qur'an sedengkeun Anjeuna Gaib sagala nu nyareat jeung Gaibna anjeun keneh anu nyepeng sarta kawasa ku anjeuna .
Tidak ada komentar:
Posting Komentar