Sabtu, 03 Agustus 2013

ASAL KAJADIAN SAKABEH ALAM JEUNG MANUSA

         Diluhur geus diterangkeun DAT,  SIPAT jeung AFAL na Allah Ta'alla ayeuna baris ndi terangkeun padamelan jeung kawasana, samemeh aya Uwung uwung -Awang awang jeung pangesina sakabeh. Maha Suci ngadamel Cahaya ( NUR ) Nabi Muhammad SAW heula Allah Ta'alla ngadamel saeusining nu kumelap di Alam Dunya, boh Manusa, Hewan , Tatangkalan Bumi jeung sejen sejena deui, jalan kabeh ieu ti NUR MUHAMMAD SAW. Dina Qur'an di sebutkeun kieu :

          INAMA AMRUHU IDZA ARODA SYAIN AN YAQULA LAHU KUN FAYAKUN 
Hartina: 
memang sa eunnyana parentah Maha Suci saenggeusna Anjeuna nyipta sakersana pikeun sagala kajadian bari ngucapkeun ( yabda ) KUN FAYAKUN  kabeh jadi nu kersana dina tempo sakeudeung pisan
 ( jero 6 Poe 
       sababaraha ratus taun NUR MUHAMMAD nguniang muter ka mana mana tempat kumambang kana kersana Maha Suci saenggeus nepi kana waktuna Gusti Allah mintonkeun kakawasaan nana eta NUR MUHAMMAD diincer ku cahaya Anjeuna pribadi terus peupeus nya ngajadikeun.

4 bagian ( Kalangkang )
Bagian ka 1      di jadikeun...................KALAM 
Bagian ka 2      di jadikeun...................LAUH
Bagian ka 3      di jadikeun...................ARASI
Bagian ka 4 di incer deui pepeus deui ngajadi 4 bagian :

Bagian ka 1 dina inceuran ka 2 ngajadikeun 4 malaikat : ISROPIL, MIKAIL,IZRAIL,JIBRIL
Bagian ka 2 ngajadi KURSI
Bagian ka 3 ngajadi sakabeh malaikat anu sejen
Bagian ka 4 diincer deui, ngajadi 4 bagian 

Bagian ka 1 ( inceran ka 3 ) ngajadi sakabeh langit 
Bagian ka 2 ngajadi Bumi Alam ( Alam Dunya )
Bagian ka 3 ngajadi Sawarga jeung Naraka
Bagian ka 4 ( inceran ka 4 ) peupeus deui jadi 4 bagian 

Bagian ka 1 ngajadi Akalna sakabeh jalma jalma anu boga Iman 
Bagian ka 2 ngajadi Cahaya ,jalma anu Ma'rifat
Bagian ka 3 ngajadi kalimah tauhid  "LAA ILLAHA ILLA ALLOH MUHAMMAD " 
                   Rosul Allah " nyaeta ringkesan tina eusina Qur'an 30 juz 
Bagian ka 4 ngajadi Rohani nu mujijat, ayana ti Nabi Muhammad SAW ku anjeun sakumaha nu geus di terangkeun di luhur nya ta pisan yen Gusti Allah teh sumberna tina saantero Cahaya atawa Dinamo Listrik, dina Qur'an disebut keun kieu : 
kieu unggelna :
ALLAHUMA KUROS SAMA WATI WAL ARDLI MAKTALU NURIHI KAMISYAKKIN FIHA MISBAKHU FIE ZAJAH AZZA JATUKANAHAA KAUKLABAN DORIJON YUQADU MIN SAJARATIN WAA LAA KARBIYAH YAKADO ZAYTOHA YODZI YADILAAHO LIE NORORIHI MAN YASYAA WAYADZRIBUL LAHOL MAKTULA LINNASI WALAHO BIKULI SYAIIN ALIM

Hartina kira kira kieu :
Ari Allah Ta'alla teh Cahaya Hidayatna Tina ahli Langit jeung Bumi Cahayana Ibarat Ranting
( dahan dahan ) dina jero jero lampu, lampuna make semprong hurung ngagebur saperti bentang ari caang eta lampuna ibarat kaluar tina hiji tangkal anu ngandung rahmat ( berkah ) sarta aya miyakna seperti buah Zaitun , loba mangpaatna sarta heunteu tangtu nyanghareupna , minyakna oge meh bisa hurung sareng teu kalawan kudu di sundut
      ku pituduhna dalil Qur'an anu kasebut di luhur, terang pisa Bumi Langit jeung eusina kabeh nu aya di satungkebing ieu Alam, kajadian tina bayangan Allah Ta'alla kusabab badan Rohani Manusa teh asalna tina bayangan Cahaya Nur Muhammad, jadi badan jasmani oge bayangan tina Rohani kalayan anu katenjo ku panon urang oge saperti : Gunung,Lautan, Hewan, bayangan Tatangkalan,jeung sejen sejena oge kabeh ngan Manusa di jieun Leuwih Sampurna jeung alus tibatan Roh roh atawa Badan Rohani 
 

  

Tidak ada komentar:

Posting Komentar