KITAB
LAYANG MUSLIMIN MUSLIMAN JILID-1
PAGUNEMAN PAPAHAMAN
ELMU AGAMA & PA-TAUHIDAN
Jejer bubukaning carita, nyaritakeun
di hiji nagara jujuluk Ragataya ari jenengan rajana nyaeta Prabu Jasaddiyah,
Prameswarina jenengan Ratna Atiyah. Parantos kagungan putra dua pemeget,
jenenganana, anu cikal Raden Muslimin, raina Raden Muslimat. Duanana parantos
pada-pada dewasa, estuning dipikadedeuh ku ibu rama, diatik elmu pangaweruh
pikeun kaperluan hirup di dunya, oge diimbangan ku “Elmu Agama” pikeun jalan
pulang engke ka akherat. Raka sareng rai istuning pada hormat, ngesto suhud
kana piwejang Rama sareng Ibu.
Kacaturkeun sakur piwuruk Rama
parantos kapaham, kaharti ku pikir, sumurup kana kalbuna, sasat Rd. Muslimin
sareng Rd. Muslimat teh parantos ngaraos sawawa, pasagi pangarti, pangpangna
bag-bagan Elmu Agama. Nya Rd. Muslimin sareng Rd. Muslimat teh pamitan ka Ibu
Ramana, seja ngalih tempat ka “ Lembur Singkur ”, supados langkung khusyu
enggoning ngalenyeupan Elmu Agama. Ku Ibu sareng Ramana diwidian, bari dijajap
ku du’a restu.
Saparantos raka sareng rai araya di
lembur singkur, beberes bebenah suapaya tumaninah tur ngarasa betah. Dina hiji
waktos, nalika Raden Muslimin nuju anteng ngalenyeupan Elmu anu aya dina kitab,
norojol raina Raden Muslimat, gek calik payuneun bari sila meneko, bari pok
nyanggem :
Rd. Muslimat : Manawi salira engkang nuju rineh, mugi ridho galih, kersa
ngajelaskeun perkawis elmu agama anu ku rai teu acan kapaham pisan.
Rd. Muslimin : Insya Allah rai, anu sakinten engkang terang mah, atuh
anu ku engkang can kapaham, urang sasarengan pilari. Cing perkawis naon anu
masih keneh teu acan ngartos teh ?.
Rd. Muslimat : Anu bade ditaroskeun teh, anu kahiji perkawis “ kecap
Agama “, naha tina bahasa naon?, naha bahasa Arab, Sunda, Jawa, anu kaduana “
gunana Agama “, pikeun manusa?.
Rd. Muslimin : Rai !, ari kecap Agama mah lain tina bahasa Arab, tapi
tina bahasa Sangsekerta. Ari hartina, geura urang recah : A, hartina “ henteu “. Gama, hartina “ Kacau “. Jadi lamun dihijikeun mah A-
Gama teh hartina “ henteu kacau “. Gunana pikeun manusa, atuh jelas mangrupa “
ageman, padoman, tuntunan “ sangkan hirupna ulah kasasar, sangkan tujuanana
tepi kanu dituju.
Rd. Muslimat : Euh…….tadina rai mah nyangka teh tina bahasa Arab, dumeh
Agama Islam diturunkeun di tanah Arab. Dupi bahasa Arabna naon agama teh ?.
Rd. Muslimin : Ari bahasa Arabna mah Agama teh “ Din “. Geuning dina
dalilna oge kieu “ INNA DINNA INDALLAHIL
ISLAM “, Sundana : “Mungguh Alloh, Agama Islam teh anu pangluhung-luhungna”.
Teras sanggeum hadist Rasululloh kieu :
“ AWALUDINI MA’RIFATULLOH “, Sundana : “ Awal-awalna Agama teh kudu
Ma’rifat heula ka Alloh”.
Rd. Muslimat : Nuhun kang, ngartos ayeuna mah, boh kecapna boh gunana.
Cohagna mah upama manusa sajeroning di umbarakeun di dunya supaya ulah kacau,
nya kudu ngaranggeum agama. Tapi…. Rai sok mendakan, kanyataan di masyarakat,
aya sawatara tukang ngolah tur mamatahan agama, teu pika teu patanya jeung
tukang ngolah agama deui, alatan ragot sawala ngeunaan “ kaidah-kaidah agama “.
Tah upami nu kitu kumaha ?.
Rd. Muslimin : Nya upami dugi ka pasea tur teu patanya mah, nya kacau
tea, papalimpang jeung kecap Agama. Anggap bae teu ber-Agama, tapi da dituduh
kitu mah moal teuing kersaeun.
Rd. Muslimat : Ke……ari di turunkeunana agama ti kawit iraha ?, naha ti
mimiti Nabi mana ? ……. Cing manawi aya katerangan .. ?.
Rd. Muslimin : Ti jaman Nabi ka hiji, Nabi Adam oge parantos nurunkeun
agama mah, da tadi oge kapan agama mah pikeun sakumna umat manusa. Ngan di
luyukeun sareng kaayaan waktu harita. Contona geuning aya katerangan, nalika
jaman Nabi-nabi, sateacan Nabi Muhammad termasuk ngeunaan sahadat-na para
Rasul, di antawisna :
RASUL NU KA HIJI NABI ADAM A.S
“ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU
ANA ADAM HALIFATULLOH”
Dawuhan Gusti Alloh : Maneh Adam
dikersakeun ku Kami jadi utusan, tapi maneh ayeuna ulah hayang Ma’rifat ka
Kami, kanyahokeun heula wujud maneh pribadi, sabab wujud maneh eta kanyataan
ayana Kami.
Kapan ceuk dalilna oge :
“WALLAHU BATHINUL INSAN AL INSANU
DOHIRULLAH”
Artina : Jeung Alloh teh batinna
manusa ari manusa dohirna Allah (di ibaratkeun wadah jeung eusina). Jeung maneh
Adam kudu solat 2 (dua) roka’at, waktu subuh pikeun tumarima, hiji boga nyawa
kaduana boga wujud.
RASUL NU KA DUA NABI
ENUH A.S
“ASHADU ANLA ILAHA
ILALLAH WA ASHADU ANA ENUH HABIBULLOH”
Dawuhan Gusti Alloh : Maneh Enuh
dikersakeun ku Kami jadi utusan, tapi maneh ayeuna ulah hayang Ma’rifat ka
Kami, kanyahokeun bae heula denge maneh pribadi, sabab denge maneh eta
Pangdenge Kami.
Kapan ceuk dalilna oge : “SAMI WAL SAMIAN”. (Artina : Ceupil
jeung Pangdanguna ). Jeung maneh kudu solat waktu duhur lobana 4 (opat)
roka’at, sing tarima boga dua ceupil jeung dua suku.
RASUL NU KA TILU NABI
IBRAHIM A.S
“ASHADU ANLA ILAHA
ILALLAH WA ASHADU ANA IBARAHIM HALILULLOH”
Dawuhan Gusti Alloh : He Ibrahim Maneh
dikersakeun ku Kami jadi utusan, tapi montong hayang Ma’rifat ka Kami,
kanyahokeun bae heula paninggal maneh pribadi, sabab paninggal maneh eta
Paninggal Kami.
Kapan ceuk dalilna oge : “BASHIR WAL BASHIRAN”. (Artina : Soca
jeung Paninggalna ). Jeung prak maneh kudu sujud, solat waktu ashar lobana 4
(opat) roka’at, kudu tarima ngabogaan dua siki mata jeung dua leungeun kenca
katuhu.
RASUL NU KA OPAT NABI
MUSA A.S
“ASHADU ANLA ILAHA
ILALLAH WA ASHADU ANA MUSA KALAMULLOH”. Kitabna nyaeta Taurat.
Dawuhan Gusti Alloh : He Musa Maneh
dikersakeun ku Kami jadi utusan aing pribadi, tapi montong hayang nyaho kana
Dhat-Sifat Aing, kanyahokeun heula pangucap maneh pribadi, sabab pangucap maneh
eta Pangucap Kami.
Kapan ceuk dalilna oge : “KALAM WAL MUTAKALIMAN”. (Artina : Ucap
jeung Nu ngucapkeun ). Jeung prak maneh geura solat waktu maghrib lobana 3
(tilu) roka’at, sabab saperkara boga baham, kaduana boga lisan, katiluna boga
ati.
Sedengkeun saatos jaman Nabi Musa
diteraskeun ku Nabi Dawud A.S. Ari Kitabna nyaeta Jabur.
RASUL NU KA LIMA NABI ISA A.S
“ASHADU ANLA ILAHA
ILALLAH WA ASHADU ANA ISA ROHULLOH”.
Ari Kitabna nyaeta Injil.
Dawuhan Gusti Alloh : Maneh Isa
dikersakeun ku Kami geus jadi utusan Kami, tapi teu kudu hayang nyaho kana Dhat
Kami, kanyahokeun bae heula Napas maneh pribadi, sabab Napas eta kanyataanana
hirup Kami Kami.
Prak maneh geura solat Isa 4 (opat)
roka’at, lantaran di maneh eta ngabogaan 2 (dua) liang irung, katiluna Nafas,
nu kaopat geutih, geus bukti sabab lamun geutihna lampus, nafasna oge moal aya.
RASUL NU KA GENEP NABI MUHAMMAD S.A.W
“ASHADU ANLA ILAHA
ILALLAH WA ASHADU ANA MUHAMMAD RASULULLOH”. Ari kitabna nyaeta Al-Qur’an.
Dawuhan Gusti Alloh : He Muhammad
Maneh teh utusan Kami, ka Kami maneh kudu Ma’rifat, sabab maneh anu pang
deuheusna,
Kapan ceuk dalilna oge : “AL INSANU
SIRI WA ANA SIRUHU”. (Artina : Sategeusna maneh Muhammad rasa Kami, jeung Kami
teh rasa anjeun) kapan pangkatna oge Muhammad – Rasululloh,. Ieu kami mere
Buroq pikeun engke ngadeuheus ka hadirat Kami, Jeung turun ka anak incu, terus
ka para Wali sadayana, Muslimin para Aulia, nu menang pitulung Gusti, malah
nepi ka poe Qiyamah.
Tingali lafadna Nabi-nabi : Adam,
Enuh, Ibrahim, Musa, Isa. Sadayana teu ngangge tasjid ( ), iwalti Nabi
Muhammad, sami sareng lafad Alloh, netelakeun carita teu aya deui, yen Nabi
Muhammad anu dipaparin Konci keur ngadeuheus ka Hyang Agung. Jadi sanajan
ayeuna umat Nabi, tangtu bisa, lamun kapanggih “Tasjidna” asal suhud
neanganana, dibeulina ku prihatin, tirakat mutih puasa sareng dibarengan ku TEKAD – UCAP – LAMPAH anu suci. Mangga
lenyeupan. Saur sepuh : “KERIS MANJING
WARANGKA, WARANGKA MANJING CURIGA”.
Rd. Muslimat : Ke kang….aya bedana antara kitab Tauret, Jabur, Injil,
sareng Qur’an atawa sami ?.
Rd. Muslimin : Tadi oge parantos diterangkeun, yen diturunkeunana wahyu
teh gumantung kana kaayaan, kana kaperluan. Atuh tangtu loba bedana mah. anu
nonjol bedana mah kieu. Ari kitab anu tilu mah ( Tauret, Jabur, Injil ), ngan
nyarioskeun sajarah masing-masing Nabi-na, henteu nerangkeun dugi ka akhirna
jaman, atawa akhirna dunya. Sedengkeun Al-Qur’an mah, eusina teh nerangkeun ti
awalna dugi ka akhirna, anu mawi disebat WAL AWALU – WAL AKHIRU, ti kawit Nu
Maha Suci (Dzat) jumeneng “ Sifat “ nyaeta Nur, atawa Hakekat Muhammad (Johar
Awal), teras janten Nur Muhammad, teras ngajantenkeun Alam Semesta, teras
ngajantenkeun Adam sareng Hawa, dugi ka janteun Muhammad Nabi Panutup, terus ka
umat-umatna, tug dugi ka engke Kiamat.
Rd. Muslimat : Ke….kang !, Al-Qur’an teh cenah sok disebut Dalil atawa
Pangandika Alloh, naha sareng Kanjeng Nabi Muhammad teh kantos pajonghok kieu,
teras masihan wahyu ?, atawa kumaha ?.
Rd. Muslimin : Rai, eta alus patarosan teh hartina rai teh maju emutan.
Kapan sanggem Rasululloh oge : “
TAFAKKURU SA’ATIN KHAIRUN MIN IBAADATI SAB’IYNA SANATAN “. (Anu hartosna :
mikir /tafakur samenit atawa sakedeung leuwih alus batan ibadah 70 taun). Ngan
eta patarosan teh nenggeul teuing sok sanaos diterangkeun oge, moal ujug-ujug
jelas katarimana, eta mah kudu malapah gedang heula. Ke urang papay
saeutik-saeutik. Keur saheulaanan mah, kumaha lalakon Muhammad nalika di “ Guha
Hiro “ kasumpingan Malaikat Jibril masihkeun wahyu anu kahiji.
Rd. Muslimat : Punten kang….nafsu teuing abdi, da hoyong enggal-enggal
jelas atuh. Leres tah lalakon di Guha Hiro teh, kumaha cara ibadahna di dinya
teh ?, naha cara solat anu ayeuna ?. teras cenah ku Malaikat Jibril teh
dikaluar-kaluarkeun heula getihna anu kalotorna, leres kitu eta teh ?.
Rd. Muslimin : Rai…..ari tata cara ibadah di Guha Hiro waktos harita
mah, tangtu oge lain kawas rokaat-rokaat atawa pertingkah solat jiga ayeuna,
kapan ibadah solat mah diwajibkeunana oge saparantos Kanjeng Nabi Muhammad SAW
di Isro jeung di Mi’rajkeun ka Sidratul Muntaha/langit katujuh tea. Ari sate
acan eta mah panginten sapertos SIDAKEP
SINUKU TUNGGAL, keyeng manteng
sumerah diri ka Nu Maha Suci, kop badak, kop maung ceuk babasaanana, ridho
masrahkeun ka nu Maha Suci. Tah upami jalmi anu terus-terusan kitu, atuh pasti
moal kaancikan nafsu anu teu pararuguh, nafsu anu kalotor anu ngancik ngagoda
diri teh kalaluar laleungit, kitu eta jelasna matak ceuk dongeng dikaluarkeun
getihna anu kalotor. Ari anu jadi nafsu teh kapan tina getih.
Rd. Muslimat : Kahartos kang, rada ngagebray ayeuna mah. lamun kitu mah,
panginten ku bersihna “ Qolbu”
Kanjeng Nabi Muhammad SAW, anu tiasa nangkep kana sagala rupi Wahyu-Wahyu
Illahi teh leres kitu kang ?.
Rd. Muslimin : Tah geuning parantos rada calakan meueusan. Arek bisa
nangkep kana rahasiah-rahasiah Alloh kumaha, upama kaayaan poek mah. anu mawi
rai…., anu hese teh usaha sangkan QOLBU atawa HATE bersih tina
kokotor-kokotorna, boh kokotor anu lemes (hadas leutik) boh anu katara (hadas
gede). Jadi wayahna kudu perang salilana, da musuhna ngagulung di diri urang,
sawaktu-waktu datang ti luar diri urang, nyaeta ti papada urang.
Rd. Muslimat : Ke….kang !, masih keneh dina soal Kitab Al-Qur’an. Naha
tina wahyu-wahyu anu katampi ku Kanjeng Nabi Muhammad SAW teh disusun ku
mantenna atawa kusaha ?.
Rd. Muslimin : Rai…!, boh wahyu anu perantaraan Malaikat Jibril, boh
Isyarat atawa tanda-tanda ti Nu Maha Suci, nu katangkep ku “ Caangna manah
Kanjeng Nabi Muhammad SAW, diterjemahkeun kana bahasa Arab, didugikeun ka para Sahabat.
Ku para sahabat di catetkeun dina naon bae anu kaleresan harita aya, begitu
nampi, terus dicatet. Da disusunna mah saparantos Kanjeng Nabi pupus nyaeta ku
Sayidina Usman, saparantos ngalangkungan musyawarah mufakat.
Rd. Muslimat : Tah…ayeuna mah, anu bade ditaroskeun teh faedahna atawa
gunana Al-Qur’an keur manusa, mugi engkang kersa ngajelaskeun.
Rd. Muslimin : Kieu….rai !, manusa di umbarakeun ka Alam Dunya teh lain
lur kitu wae, tapi puguh Tujuan jeung Tugasna. Ari Tujuan-na aya dua tahap :
TAHAP KAHIJI
Tujuan jangka pendek, nyaeta kudu bisa
nyaluyukeun diri jeung kahirupan di Alam Dunya (Pidunya Hasanah).
TAHAP KADUA
Tujuan jangka panjang, nyaeta
Perjalanan mulang deui kana asal urang nyatana Alam Akherat. Sagala tekad,
ucap, lampah keur di Alam Dunya teh kudu jadi pangdorong kana kalancaran “ WA INNA ILLAIHI ROJI’UN “. Sedengken
Tugas-na nyaeta kudu bisa nyuburkeun di Bumi Alam ieu. Hartina kudu bisa
ngagolangkeun modal ti Nu Maha Suci nyaeta BADAN
JASMANI jeung BADAN ROHANI.
Tina Rohani kudu bisa ngagelarkeun BUDHI (CIPTA, RASA, KARSA). Sedengken
tina Jasmani ngagelarkeun eta Cipta, Rasa jeung Karsa, nya ngajanggelek hasilna
disebut “ Karya” atawa hasil pagawean. Dina palebah dieu, jelema mah gumantung
kana museurkeun “ Cipta, rasa, jeung karsana “, kana ciptaan atawa dadamelan
Allah SWT, anu “ Dua pasangan “ nyaeta “ Alam Semesta sareng Agama pikeun
imbangannana.
Rd. Muslimat : Cing sing jentre kang…!, tadi sanggeum engkang gumantung
kana museurkeun ciptaanana anu dua papasangan tea. Ayeuna kumaha upama salah
sahiji jalma anu museurkeun kana ciptaan Allah nyaeta kana Alam Semesta ?.
Rd. Muslimin : Upami museurkeun kana Alam semesta atawa benda, bakal
ngahasilkeun mangrupi “ Elmu teknologi “, saperti dilaksanakeun ku bangsa
deungeun (urang eropa), geuning ku urang ayeuna kasaksi jeung karasa, jadi
lampu listrik, jadi kendaraan di darat, dilaut, diudara, jadi telepon, jadi
Radio, jadi televise, jadi senjata (ti nu leutik tepikeun ka Bom jeung Atum).
Tah teknologi ieu upama teu di imbangan ku ajaran Agama, bakal atawa jadi
ancur.
Contona : Ku hasil karyana mangrupa
bom jeung rudal, kapan dicadangkeun keur maehan jalma. Jadi nya gede
mangfaatna, oge gede bahayana pikeun kahirupan umat manusa. Jedi perlu
diimbangan.
Rd. Muslimat : Tah ayeuna kumaha jalma anu muserkeun teuing ka Ciptaan
Allah SWT, anu mangrupa Agama ?
Rd. Muslimin : Upama jalma muserkeun teuing kana “Agama”, eta akibatna
awon bakal “ Leuleus”, dina arti bakal katinggaleun dina widang elmu teknologi,
pikeun nyumponan kaperluan kahirupan, cohagna mah leleus dina ngudag kamajuan
jaman. Pek ku rai titenan kamajuan urang atawa bangsa-bangsa Eropa, Amerika,
jeung bangsa-bangsa timur tengah, oge urang Asia kaasup Indonesia ?, kapan
bangsa Eropa jeung Amerika mah disebutna oge nagara maju.
Rd. Muslimat : Hatur nuhun kang !, kahartos, sihoreng kudu saimbang
paingan saur sepuh, kudu “ Sineger tengah”. Jadi upami kitu mah urang teh kudu
pinuh ku elmu, pasagi ku pangarti, boh elmu lahir, boh elmu batin. Elmu lahir
anu muserkeun kana “ Ngali, naliti Alam Semesta”, pikeun nyumponan kaperluan
kahirupan di dunya salila diumbarakeun. Elmu batin mah atawa ajaran Agama mah
pikeun pangenyed, ngelesan supaya ulah mangprung teuing, bisi hasil elmu
lahirna lain jadi mangfaat keur papada manusa, tapi sabalikna jadi mamala
pikeun umat manusa.
Parantos kang !, kahartos kana tugas
manusa sajero di pangumbaraan mah, cohagna mah kudu boga elmu, kudu pinter bari
bener (Pi dunya khasanah). Tah ayeuna teraskeun kana “ Tujuan jangka panjang”,
(Wa pil akhiroti khasanah), suapaya salamet perjalanan mulang deui ka akherat
atawa “ WA INNA ILLAIHI ROJI’UN ”,
mulang deui ka Allah SWT.
Rd. Muslimin : Rai !, lancar jeng henteuna, salamet jeung henteuna enggoning
mulang deui ka akherat atawa kana Asal tea, gumantung nalika aya di dunyana,
gumantung “ Elmuna” tea, boh elmu keur kaperluan di dunyana, naha elmu anu
dipibandana teh jadi “ Karya” henteu ?, lamun geus jadi karya, naha anu matak
mangfaat atawa anu matak jadi mamala keur manusa atawa oge karya anu mubah ?.
Lamun karyana matak mangfaat, naha parantos di amalkeun ka papada manusa?.
Catet Rai !, Elmu jeung Karya anu di
amalkeun nu nunjel kana kalancaran, kasalametan urang engke ka akherat. Ari
jelema anu teu boga elmu jeung karya mah, hartina anu teu ngalaksanakeun tujuan
jeung tugas, atuh moal boga bekel boh keur dijalan boh keur engke geus datang
ka akherat.
Rd. Muslimat : Ke…kang !, et amah nembe elmu kanggo kaperluan di dunya,
nyaeta elmu pengetahuan sareng kaparigelan oge teknologi, ari ngeunaan elmu
Agama kumaha nunjelna kana pamulihan ka akherat engke?.
Rd. Muslimin : Euh…! Leres ampir wae hilap. Elmu ka-Agamaan mah rai,
atuh anu nangtukeun pisan pikeun kalancaran mulang ka Asal.
Penting pisan “ Elmu Agama” ieu
disused sing tepi ka tutug, sabab lamun henteu tutug, engke bakal utag atog.
Ari anu utag atog teh biasana oge anu poekeun. Kusabab kitu, ngajina sing tepi
ka “ CAANG “, ngarah teu utag atog. Syaratna kedah tumutkeun sakumaha dawuhan Kanjeung
Nabi Muhammad Rasululloh SAW. Nyaeta “ AWALUDINI
MA’RIFATULLOH ”. Ceuk sundana : Ari awal-awalna Agama kudu nyaho heula ka
Alloh. Ngandung harti, urang teh kudu maluruh heula “ INNA LILLAHI “ nyaeta “ Asal ti Allah”. Eta rai, rumasa asal ti
Alloh ?.
Rd. Muslimat : Ari engkang !, atuh kantenan rumasa mah…..
Rd. Muslimin : Emut rai waktos lungsur ti Alloh ?
Rd. Muslimat : Nya henteu atuh.
Rd. Muslimin : Ceuk saha atuh asal ti Alloh teh ?.
Rd. Muslimat : Kapan sanggeum jeung Rama, oge jeung Ibu, malah ti
rerencangan, sanggeum Mama Ajengan, sanggeum Ustas, sanggeum Pa Haji, sareng
seueur-seueur deui anu masihan wartos, sami sanggeumna teh asal manusa teh ti
Alloh. Ari kitu kumaha ?
Rd. Muslimin : Kieu …..rai,…..rai anu percaya teh sing tepi ka yakin,
komo deui percanten ka Alloh anu wajib di sembah ku urang. Kapan ceuk dalil oge
:
ﻮﺍﻋـﺒـﺪ ﺮﺒـﻚ ﺤـﺗﻰ ﻴﺎﺗـﻴﻚ
ﺍﻠﻴـﻘـﻴﻦ
WA’BUD ROBBAKA HATTA
YA’TIYAKAL YAKIN,
Anu hartosna : Nyembah ka Alloh teh
kudu sidik sarta yakin. Tah upama urang percayana asal ti Alloh karana eceuk,
beja ti papada urang atawa ti papada manusa, eta percayana atawa iman-na teh
disebut Iman Taklid, atawa Ilmu Yakin
Rd. Muslimat : Janten Iman Taklid mah, upami beja ti papada manusa.
Kumaha upami sanggeum katerangan dalil ?, kapan dalil teh Pangandika Alloh ?.
Rd. Muslimin : Tah upami aya katerangan tina Dalil atawa Hadist, eta
kapercayaan atawa iman-na teh disebut Iman Idlal atawa Aenal Yakin. Rada undak
tina Iman Taklid.
Rd. Muslimat : Janten kedah percaya atawa Iman kumaha atuh anu saleresna
?, cing pasihan terang !.
Rd. Muslimin : Kedahna teh dugi ka Iman Tahkik atawa Haqul Yakin, lain
cenah ceuk papada manusa, lain ceuk dalil atawa hadist, tapi tina eta dua beja
teh parantos di buktikeun, tur dirasakeun ku diri pribadi. Jadi ceuk kuring
pribadi. Urang ibaratkeun kana Film di bioskop, sanajan nampi wartos ti
rerencangan yen aya Film rame, terus dikuatkeun deui ku “ Pamplet” boh anu
ditapelkeun boh anu di awur-awur, lamun semet terang beja kitu, moal matak jadi
yakin. Tapi upami rai nyalira teras angkat, meser karcis, teras lebet nongton,
kasaksian enya pisan beja teh bener. Tah ibarat kitu urang percaya atawa iman,
yakin ka Alloh teh.
Rd. Muslimat : Rada aya cepengan eta
katerangan ti engkang teh , mung carana hoyong dugi ka Iman Tahkik atawa Haqul
yakin teh kudu kumaha ?
Rd.
Muslimin : Atuh nya kedah terang elmuna sareng terang jalanna atawa tarekahna.
Lamun elmu rai, atawa katerang rai ngan semet beja atawa ceuk, cenah mah, nya
ngan semet “ Basa”. Tina “ Maca” jadi “Basa”, henteu nepi “Karasa”. Upami
hoyong dugi kana “Karasa”, nya kedah susul sakumaha anu parantos dipayunkeun
tadi tuntunan ti Rasululloh nyaeta hadist :
AWALUDINI MA’RIFATULLOH. Janten rai teh wayahna kedah neleman “ Elmu
Ka-Ma’rifatan”. Naming sateuacanna kadinya teh kedah terang heula kana RUKUN
AGAMA.
Rd. Muslimat : Ke…kang !, rai mah nembe nguping aya Rukun Agama, manawi
teh ngan Rukun Iman sareng Rukun Islam wungkul ?. cing mangga ku engkang
dadarkeun ?
Rd. Muslimin : Anu matak oge rai…..!, kedah ngotektak, kedah rapekan, da
elmu mah moal aya tungtungna. Omat ulah dipenggeul ku parantos ngaraos tutug,
atawa nutup “ Elmu et amah lain bantrak-bantrakeun urang” pokna teh , padahal
eta teh elmu jungjungan urang Kanjeng Nabi. Tah anu kitu nutup diri, hartina
ngawatesanan ngarasa sugema semet dinya. Ayeuna engkang bade naros ka rai, ari
rai perkawis cepengan Agama, kasaha ngadunungan teh ?
Rd. Muslimat : Nya ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW, panginteun engkang oge
sami, pokona anu ngangken Agama Islam mah pasti ka Anjeunna.
Rd. Muslimin : Sedengkeun ayeuna anu didunungan, anu dituturkeun ku
urang parantos pupus, parantos teu aya di ieu Alam dunya, tah….ayeuna urang rek
nurut teh kana naonnana ?
Rd. Muslimat : Nya tangtosna oge kana “ Elmuna”, boh anu aya rengkolna
dina tulisan, atawa anu diwasiatkeun, pikeun diesotkeun, diturut ku sing saha
anu ngangken ka Anjeunna.
Rd. Muslimin : Tah upami kitu, mugi kauninga ku rai, yen “Elmu”
(katerang) anu jadi ageuman Kanjeung Nabi Muhammad SAW. teh sagemblengna
disebatna nya “ RUKUN AGAMA “ tea. Ari Rukun teh sauyunan atawa runtut, ari
Agama, hartina nya sakumaha parantos diterangkeun ti payun nyaeta “Henteu
kacau”.
Rd. Muslimat : Ke…kang !, ari basa sauyunan mah diterapkeunana teh kedah
kanu langkung hiji, naha ari rukun Agama teh sabaraha hiji ?
Rd.
Muslimin : Da memang sanes hiji, sadayana teh aya 4 (opat) tahap. Hiji-hijina
nyaeta :
ELMU SYAREAT
ELMU TAREKAT
ELMU HAKEKAT
ELMU MA’RIFAT
Tah ieu Elmu Kanjeung Nabi Muhammad
SAW. Dina bag-bagan Agama Islam teh, antara ka hiji sareng ka dua, sareng nu ka
tilu, oge sareng nu ka opat teh istuning pakuat-pakait (satu kesatuan).
Rd. Muslimat : Kang !, teu tiasa kitu bae kedah aya dasar hukumna, cobi
rai pasihan terang !.
Rd. Muslimin : Ih…. Kantenan atuh ay amah, kieu geura :
Engkang sering nguping ti para Ulama, kieu sanggeumna : “ Ari neuleuman
Agama teh kudu nete taraje nincak hambalan, kudu Iman heula, terus kedah
Tauhid, kedah Ma’rifat, salajengna nembe Islam. Tah geuning parantos kasebat
Ma’rifat.
Engkang kantos nguping kieu :
“ SYAREATUN BILLA HAQIQATUN ATILLATUN”. Anu hartosna : “ngaji sareat lamun teu
jeung hakekat, cenah kosong”. Atuh sawangsulna “ HAQIQATUN BILLA SYAREATUN BATILLUN”. Hartosna : “ngaji hakekat
lamun teu jeung sareat, cenah batal”.
Dawuhan Kanjeung Nabi Muhammad SAW kieu :
Ari SYAREAT teh : Caritaan Kami.
Ari TAREKAT teh : Pagawean Kami.
Ari HAKEKAT teh : Kalakuan Kami.
Ari MA’RIFAT teh : Tujuan Kami.
Hadist Rasululloh :
ﺍﻮﻠـﻮﺪ ﻴﻦ ﺍ ﻤﻌﺮﻓـﺔ ﺍﷲ ﺗﻌـﻼ
AWALU DINI
MA’RIFATULLAHI TA’ALA
Anu hartosna : “awal-awalna Agama kudu
nyaho heula ka Alloh Ta’ala”.
Rupina rai…!, pikeun saksi yen leres
elmu Kanjeung Nabi Muhammad SAW. Aya 4 (opat) tahap, di anggap cekap heula.
Rd.
Muslimat : Parantos cekap kang, kantun mugi sakantenan jelaskeun kumaha tah
peretelan hiji-hijina.
Rd. Muslimin : Puguh oge da sok nyosok jero. Urang sacara gurat badagna
wae, kieu geura :
Ari Elmu Sareat teh tahap munggaran
anu nekenkeun kana ka Imanan, yen Alloh SWT teh aya. Nya didadarkeun ku Rukun
Iman anu genep perkara tea. Tah pikeun ngabuktikeun ka Imanan teh, kudu daek
ngalaksanakeun sagala aturan-aturan atawa katangtuan katut kadisiplinan “
ibadah” anu di tangtukeun dina Rukun Islam anu lima perkara tea. Atuh kudu bisa
ngahargaan atawa ngahormat ka “ Kolot”, ka “Guru”, ka “ Pamingpin” (Penguasa),
tur kudu patuh kana aturan-aturan kamasyarakatan sareng ngajaga kasaluyuan
lingkungan. Cohagna, Syareat mah muser dina “ Sah jeung batalna ibadah”, boh “
Hablum minalloh”, boh “Hablum minannas”, nekenkeun ibadahna ku pamolah jasad.
Tapi…..rai, upami jalmi parantos
ngaraos cekap semet ibadah Syareat upami nembe ngaku percaya wungkul ka Alloh
(kakara “ Taklid” sareng “ Idlal” ), teras nembe terang sarta apal kana
hukum-hukum, kawajiban-kawajiban, katut sah batalna ibadah, eta teu acan cekap
tiasa numuwuhkeun “ rasa sieun ku Alloh”, upami teu disarengan ku “ nitenan
atawa ngelesan jiwa”. Ibarat tukang “madu gula”. Tina ngupingkeun, tina Maca
bakal jadi Basa, can tangtu Karasa ku pribadina. Anu mawi sanggeum Kanjeung
Nabi Muhammad SAW, Syareat teh Caritaan Kami.
Rd. Muslimat : Janten ibadah teh ulah betah semet dinya nya kang ?,
ayeuna cobi teraskeun kana tahap ka dua “ Tarekat “.
Rd. Muslimin : Ari Elmu Tarekat mah, undakna tina Elmu Syareat, mesek
tur neleuman, ngalenyeupan (penghayatan) elmu syareat, teras neangan jalan,
cara pikeun ngaronjatkeun ajen ibadah, tarekah ngabersihan “ Hate atawa Qolbu “
tina kotoran-kotoran “ Hawa Nafsu” anu ngancik teu pisah di diri manusa.
Pastina oge bakal ngaronjat ajen tata cara hirupna. Ibadah dina Tarekat mah
muserkeun “ Pamolah Kalbu/hate” saolah-olah dipencrong ku Alloh SWT.
DINA AL-QUR’AN DI JELASKEUN :
Thariqat ( ﻄﺮﻴـﻘـﺔ ) Artina : Jalan atau Usaha pikeun menuju ka Allah.
ﺍﻴﺎ ﻴـﻬﺎ ﺍﻠﺬ ﻴﻦ ﺍﻤـﻧﻮﺍﺍﺗـﻘـﻮﺍﺍﷲ ﻮﺍﺒـﺗـﻐﻮ
ﺍﺍﻠﻴـﻪ ﺍﻠﻮﺴـﻴﻠﺔ ﻮﺠﺎﻫـﺪﻮﺍﻓﻰ ﺴـﺒـﻴﻠﻪ ﻠـﻌـﻠﮑﻤ ﺗـﻔﻠﺤﻮﻦ ە۳
Artina :
“Hai jalma-jalma anu iman, kudu
tarakwa ka Allah, jeung usahakeun / teangan Jalan (ﺍﻠﻄﺮﻴـﻘـﺔ ) anu
ngadekeutkeun maraneh ka Manten-Na. Jeung kudu Jihad tina Jalan-Na (Allah)
ngarah maraneh menang kemenangan (Dunia-Akhirat)”. (Q.S. Al-Maidah Ayat 35).
WA ANNA MINNAA
SHOLIHUUNA WA MINNAA DUUNA DALIKA KUNNA THARAAIQO QIDADAN
Anu hartosna : Sabenerna di antara
maraneh aya jalma-jalma anu saroleh, oge aya anu henteu. Eta teh maraneh
nyarokot jalan (Tarekat) anu beda-beda.
(QS. Al-Jin Ayat 11).
ﻮﺍﻦ ﻠﻮﺍﺴـﻘـﺎ ﻤﻮﺍﻋﻠﻰ ﺍﻠﻄﺮﻴـﻘـﺔ
ﻻ ﺴﻘـﻴـﻧﻬﻤﻤـﺎﺀ ًﻏـﺪ ﻗﺎ ۱٦
Artina :
“Jeung saenyana lamun maranehna tetep
tumetep dina jalan anu lurus ( ﺍﻠﻄﺮﻴـﻘـﺔ ) sesuai kalawan ISLAM, saenyana Kami
baris mere nginum anu bisa ngaleungitkeun hanaang jeung haus”. (Mere pituduh
Tarekat pikeun ngaleungitkeun jiwa anu kalangsu jeung sesat).” (Q. Aj-Jin Ayat 16).S.
Pituduh Hadits ngeunaan Tarekat,
nurutkeun katerangan ti Sahabat Sayidina Ali kieu : “ Kuring tumaros ka
Rasululloh, Ya Rasululloh jalan (Tarekat) anu mana anu paling deukeut pisan ka
Alloh, sareng panggampil-gampilna salaku Abdi Alloh tur anu pang mulya-mulyana
di payuneun Alloh SWT ?.
Waler Rasululloh : “ Ya Ali, penting
pikeun anjeun sing ngalobakeun khusyu “ Dzikir” ka Alloh.
Syaidina Ali : “ Saban jalma Dzikir ka
Alloh ?
Rasululloh : “ Ya Ali, moal kajadian
kiamat, satungtung anu nyaricingan di luhur bumi ieu, jalma-jalma sok
ngarucapkeun Alloh….. Alloh.
Syaidina Ali : “ Kumaha carana Dzikir
ya Rasululloh ? “.
Rasululloh : “ Cing peremken panon
anjeun, sarta dengekeun naon anu di ucapkeun ku Kami”. Teras Rasululloh masihan
conto, ngucapkeun “ LAA ILAHA ILALLAH “ tilu
kali, bari socana peurem.
Syaidina Ali : “ Nurutan sakumaha anu
di contokeun ku Rasululloh ngucapkeun “
LAA ILAHA ILALLAH” tilu kali bari pereum.
Tah ajaran ieu, saterusna ku Syaidina
Ali di ajarkeun deui Hasan – Husen sareng pala putra putrina dugi ka para Allul
Bait-na. Saterusna mah nya ngawujud jadi Elmu pendidikan anu ayena disebat elmu
Tarekat / Tasawuf. Jelasna, yen tarekat / tasawuf teh, mangrupa bagian tina
Elmu Sareat. Lamun Elmu Sareat wajib dikanyahokeunana ku sakumna Muslimin, atuh
tarekat / tasawuf oge hukumna wajib di kanyahokeun. Imam Malik : ngaringkeskeun
jalan pikiran ngeunaan ha lieu, sarta pamadeganana kieu : “ MAN TAFAQQOHA BIGHOIRI TASSAWWUFIN FAQOD TAFASSAQA WA MAN TASSAWUF
BIGHOIRI TAFAQQUTIN FAQOD TAHAQQOTA
“. Anu hartosna : “ Saha-saha anu ngulik Elmu Fikih bari Tauhid wungkul,
bari henteu ngulik Elmu Tassawuf / Tarekat, pasti boga laku Fasek (kurang
moral). Sabalikna saha-saha anu nganut Tassawuf bari henteu dibarengan ku Fikih
sarta Tauhid, eta bakal jadi golongan Zindik (nyelewengkeun Agama). Saha-saha anu
ngalaksanakeun dua-duana, eta anu jadi golongan anu Hakiki (tulen).
Rd. Muslimat : Nuhun pisan kang kana sagala rupi pedaranana perkawis
tahapan Elmu Tarekat. Ayeuna mugi ulah kapalang, teraskeun kana tahapan Elmu
Hakikat.
Rd. Muslimin : Kieu et amah rai, saupami jalmi parantos kateleuman Elmu
Sareat oge Elmu Tarekat, tur khusyu dilaksanakeun, bari disarengan ku Ridho
Alloh SWT, nya bakal kapendak “ Hakekat “ (Kanyataan anu benerna), mangrupa
tahapan anu sampurna.
Sabenerna ari Elmu Hakekat, ayana
ditulis di “ Lauhim Mahfuds “. Sabab sagala rupa anu bakal kajadian parantos
aya tulisanana didinya. Ngan gumantung kana bersih sareng kotorna “ Qolbu”
atawa Hatena jalma. Upami kaayaan beresih “ Kaca kalbu na hate” nya bakal bisa
noropong ka Lauhim Mahfudz, bakal tiasa ningali Elmu anu aya didinya. Ari anu
jadi hijab (pepedut), panghalang antara kalbu/hate sareng Lauhim Mahfudz teh
nyaeta dosa-dosana. Ari hate/kalbu teh aya dua lawang atawa panto : Panto
Kahiji nyaeta anu mukakeun “ Panca indera” anu nyoko kana “ Alam Wujud” ieu.
Panto Kadua, upama teu kahalangan ku “ Hijab”, nya molongpong ka “ Alam
Malakut”, sabab alam nu aya ieu, asalna parantos ditetepkeun dina Alam Malakut
/ Lauhim Mahfudz.
Rd. Muslimat : Manawi engkang henteu kaabotan kumaha kagok hiji deui
kana tahap Ma’rifat, margi rai ngaraos gantung areuyeun.
Rd. Muslimin : Edas ari rai, sok nyosok jero ngukuy Elmu teh. Tapi sae
rai, da kedah kitu neleuman elmu mah kedah tutug ngarah teu utag atog. Perkawis
Elmu Ma’rifat teh rai, eta tahap pangluhurna, nyaeta tahapan manusa parantos
ngaraos gumulung dirina sareng nu Maha Suci. Dina tahapan ieu, jiwa manusa
parantos kontak sareng Jiwa Alam Semesta, moal ngaraos digunjang-ganjing ku
kabungah atawa prihatin ku haliah dunya. Istuning parantos teguh tangtu hatena,
percaya kana Wujud-Na Dzat nu Wajibul Wujud, tur parantos tembusna paningal
atina kana Dzat Alloh ku ridho tur pitulung Manten-Na. Kitu tah rai, perkawis
Elmu Ma’rifat mah.
Rd. Muslimat : Hatur nuhun kang ….!, kana sagala rupi penjelasanana.
Satadina mah manawi teh elmuna Kanjeng Nabi teh mung sakumaha anu ilahar
dilaksanakeun secara biasa, singhoreng kakara elmu sareat eta mah. Cik kang !,
manawi aya katerangan anu langkung eces, supados gampil katangkepna.
Rd. Muslimin : Edas ari rai, urang ibaratkeun atuh nya, kieu :
ELMU SAREAT Teh ibarat “
WANGUNAN KAPAL LAUT”
ELMU TAREKAT Teh ibarat
“ KAMUDI KAPAL LAUT”
ELMU HAKEKAT Teh ibarat
“ LAUTNA”
ELMU MA’RIFAT Teh ibarat
“ INTEN ANU AYA DIDASAR LAUT”
Jadi enggoning ngudag tujuan menangkeun
inten eta, jelas kedah kagungan Tarekah/jalan/pagawean anu sanes lumayan hese
belekena, bari eungap teuleum ka dasar laut. Upama kuat, teras kapendak, karasa
kecepeng eta inten ku pribadina, nya Ma’rifat (nyaho), lain ceuk cenah beja
wungkul, yen didasar laut palebah dinya teh aya inten.
Rd. Muslimat : Ke kang !, upami kitu mah elmu ka-Ma’rifatan teh ngait
pisan sareng Hadist “ AWALUDINI MA’RIFATULLOH “ tea ?
Rd. Muslimin : Kitu pisan rai !, da Ma’rifat mah penting pisan, mangrupi
enas-enasna tina Iman.
Rd. Muslimat : Naha pangna kitu kang !, kapan dina Rukun Iman anu kahiji
oge cukup ku “Amantubillah”, nyaeta “ Percaya ka Alloh” , geuning teu aya
tumbah tambihna ?
Rd. Muslimin : Rai….!, kapan Rukun Iman mah kagolong kana Elmu Syareat
tea, salancar tahapan kahiji kapan et amah, ari tingkatanana mah kapan ku
engkang parantos diterangkeun ti payun, yen Iman teh aya tilu tahap, nyaeta : IMAN TAQLID (ILMU YAKIN), IMAN IDLAL
(AINAL YAKIN) ,IMAN TAHKIK (HAKUL YAKIN) alias Ma’rifat kitu tah.
Rd. Muslimat : Eu…euh !, kahartos kang !, kahartos, hapunten rai rada
kuled, anu mawi mugi engkang ulah kapalang sabar ngajelaskeun anu rada gampil
kahartosna. Anu bade ditaroskeun ayeuna : Naha pangna dianggap penting pisan urang
kedah Ma’rifat (terang) ka Alloh ?, malih kedah diheulakeun, naon margina eta
teh kang ?
Rd. Muslimin : Bade teu penting kumaha rai !, kapan Alloh teh tujuan
ibadah urang, kapan “ Tujuan hirup manusa teh , nyaeta pikeun ibadat ka Alloh”,
sasat Alloh teh sembaheun urang. Kumargi anu bade disembah ku urang, atuh kedah
puguh heula, tangtukeun heula anu bade disembahna, lain sabalikna, ngahelakeun
sembah tapi anu bade disembahna teu tangtu, teu acan dikenal, ke bilih mubazir,
hanas hese cape.
Rd. Muslimat : Kahartos kang !, nanging kumaha carana hoyong kadugi kana
“ TAHKIK” atawa “ HAKUL YAKIN” atawa “
MA’RIFAT” teh ?
Rd. Muslimin : Nya kedah ku “ Elmu”, ari elmu teh kapan kanyaho, ari
kanyaho kapan datangna ti dua lawang, nyaeta ti papada urang sareng tina
daluang. Ti papada urang nya sapertos rai ayeuna, ulah narima kitu bae, tapi
kudu weleh tetelepek sing dugi ka ngarti. Ari tina daluang nya sing seueur
bucu-baca, bari disarengan ku sabar, lekeun, keyeng. Elmu anu parantos katarima
boh tipapada urang boh tina dalung, tingkatkeun sing jadi luang, hartina
pangalaman, ari pangalaman kapan buah ti nu kaalaman ku urang. Anu matak sing
loba ngalaman.
Rd. Muslimat : Mudah-mudahan kang !, rai tiasa ngalaksanakeun sakumaha
katerangan-katerangan sareng wejangan ti engkang. Rada emut kang !, rai kantos
nguping kieu : “ SAHA-SAHA JALMA NEANGAN
PANGGERAN, KALUAR TI DIRINA SORANGAN CENAH DISEBUTNA TEH KASASAR, SABAB BOGA
RASA ALLOH JAUH TI DIRINA”. Cing kumaha salang surupna tah kang ?
Rd. Muslimin : Eta teh rai, Hadist Nabi Muhammad SAW. :
ﻮﻤﻦ ﻄﻠـﺒﻞ ﻤﻮﻠﻦ ﺒـﻐـﻴـﺮﻱ ﻧـﻔـﺴـﺢ ﻓـﻘﺪ ﻇﻞﻇﻞ
ﻷ ﻦ ﺒـﻴـﺪ
WAMAN THOLABAL MAULANA
BIGHOIRI NAFSIHI FAQOD DHOLA DHOLALAN BA’IDA
Ceuk sundana : “ SAHA-SAHA JALMA
NEANGAN PANGGERAN, KALUAR TI DIRINA SORANGAN CENAH DISEBUTNA TEH KASASAR, SABAB
BOGA RASA ALLOH JAUH TI DIRINA”.
Rd. Muslimat : Sumuhun, naha disebat bakal kasasar, naha Alloh teh aya
dina diri manusa kitu ?, atuh upami Alloh aya dina saban diri manus amah,
panginteun seueur Alloh teh, atuh pasalia saret Surat Al-Ikhlas. Kalihna ti
eta, naha geuning anu nga-daro’a bet sok disebat “ Tamu Alloh”, naha memang
Alloh teh aya di “ Baetulloh” ?, cing kang !, lieur keneh rai mah.
Rd. Muslimin : Tuh ….nya rai !, ari seuh-seuhannana mah bingung nangtukeun
anu di ibadahan ku urang teh, sedengkeun urang kapan ti aalit parantos
ngalaksanakeun ibadah cenah ka Manten-Na, kumaha tah rai ?, netepan sadinten
sawengi tijuh belas rokaat, seja sujud sumujud sumerah ka Alloh, tapi sareng
Allohna teu acan “ TAHKIK /HAKUL YAKIN”, nembe “ Percaya” ngaraos cekap ku
ngucapkeun Syahadat, sareng percaya soteh dumeh aya padamelannana. Padahal
geuning teu cekap semet kitu, sakumaha pituduh Jungjunan Kanjeung Nabi Muhammad
Rasululloh SAW. Salaku panutan urang Islam, anu dipiconto ku sakumna umat Islam
yen “ AWAL-AWALNA AGAMA TEH KUDU NYAHO
HEULA KA ALLOH “. Maksudna supados ulah ragu-ragu enggoning urang sujud
sumujud tur sumerah ka Manten-Na.
Rd. Muslimat : Muhun…..kumaha atuh ?, rumaos pisan palebah dieu masih
sisip ku pangarti, suda ku pangabisa, pakewuh ku Elmu. Nyanggakeun ka salira
engkang, ulah bosen masihan wejangan ka rai !.
Rd. Muslimin : Ke…..urang papay heula nya, etang-etang pager enggoning
nangtukeun kayakinan urang. Pikeun nambihan, ieu pituduh ti jungjungan Kanjeung
Nabi Muhammad SAW, ieu dalilna :
ﺍ ﻗـﺮ ﻜﺗـﺒـﻚ ﻜـﻒ ﺒـﻧـﻔـﺴـﻚ ﺍﻠﻴـﻮﻤﺎ ﻋـﻠﻴـﻚ
ﺤﺴﻴـﺐ
“Iqro Kitabaka kapa
binafsika alyauma alaika hasiba”
(Artina : Baca ku maneh kitab anu langgeung, anu teu keuna ku ruksak, anu aya
di diri maneh, bakal leuwih nyata Elmu-Na Panggeran teh aya dina diri maraneh,
tingali-Na, dangu-Na, Pangandika-Na aya di diri maneh. (Q.S Al-Isra :14)
Teras deui :
ﻮﻤﻦﺍﻋـﺮﻑ ﻧـﻔـﺴـﻪ ﻓـﻘـﺪ ﺍﻋـﺮﻑ ﺮﺒـﻪ ﻮﻤﻦ ﺍﻋـﺮﻑ
ﺮﺒـﻪ ﻓـﻘـﺪ ﺠـﻬـﻳﻼ ﻧـﻔـﺴـﻪ
WAMAN AROFA NAFSAHU
FAQOD AROFA ROBBAHU, WAMAN AROFA ROBBAHU FAQOD JAHILAN NAFSAHU (Singsaha jalma anu geus nganyahokeun
kadirina sorangan tangtu bakal nyaho ka Panggerannana, Samangsa-mangsa geus
nyaho ka Panggerannana tangtu bakal leuwih nyaho kadirina anu bodo).
Supados muser rai !, ieu aya dalil :
“LAKOD HOLAQNAL INSAANA
FIY’AKHSANI TAKWIN”
(Anu hartosna : “Manusa teh pang alus-alusna jeung pang aheng-ahengna kajadian
ti sasama makhluk. Alloh, geura lamun maneh geus nyaho kana kaayaan diri
sajeroning diri maneh sorangan”.
Salajeungna dina dalil disebatkeun :
WANAHNU AQRABUN ILAIHI
MIN HABLIL WARID
(Q.S. Qaf : 16 )
Hartina : Kami jeung maneh geus eweuh
antarana deui, deukeut keneh Kami ka maneh ti batan urat beuheung nu nganteung
dina beuheung maraneh.
WAHUWA MAAKUM AENAMA
KUNTUM
Hartina : Gusti Alloh teh babarengan
bae jeung makhluk-makhlukna, dimana bae maranehna aya didinya anjeun-Na aya (
Q.S. Al-Hadid : 4 )
Rupina cekap sakitu rai !, mangrupi
pager pituduh ma’rifat ka Alloh.
Rd. Muslimat : Saparantos ngetan anu dikapayunkeun ku engkang nembe, boh
Hadist boh dalil Qur’an, sadayana museur nuduhkeun yen teu kinten pentingna “
NGAJI DIRI “, ngukur, ngaca ka awak sorangan. Upami hoyong terang ka Alloh SWT.
Sawangsulna anu hoyong terang ka Alloh SWT, tapi milarian kaluar tina dirina,
nu kitu bakal kasasar.
Anu jadi patarosan rai teh, anu kedah
dipilari, diaji teh Diri anu mana ?, kapan diri anu ieu mah parantos puguh
ngajentul, naha make kedah dipilari, dikanyahokeun deui ?, cing kumaha maksadna
kang ?
Rd. Muslimin : Rai…..!, sing emut, kapan diri urang teh aya dua bagian,
bagian anu luar, anu katingali ku panon ieu disebatna “ JASMANI”, ibarat “Baju”
atawa bungkusna. Sedengkeun bagian jero, anu teu katingali (ghoib/samara-samar)
disebutna “ ROHANI” atawa Batin, nya mangrupa eusina anu dibungkusan ku Jasmani.
Tah diri anu ghoib, anu samara-samar atawa batin atawa Rohani, ieu anu kedah
dipilari teh.
Rd. Muslimat : Ke…kang !, kapan et amah parantos puguh teu katingali ku
soca, atuh kumaha tiasa kapendak ?
Rd. Muslimin : Eta rai percaya kanu Ghoib henteu ?, upami rai teu
percaya atuh hartina rai teu percaya kana Lafadz Al-Qur’an : “ ALADZINA YU’MINUNA BIL GHOIB”, Hartosna : Nyaeta anu percaya
(ngabenerken) kana hal-hal ghoib.
Rd. Muslimat : Ih…. Ari engkang, atuh kantennan percaya mah.
Rd. Muslimim : Nuhun atuh……, nanging percayana ulah semet basa, tapi
kedah dugi karasa. Kieu geura rai !, ari anu disebat Rohani teh diwangun ku 4
(opat) perkara, nyaeta :
NARUN
HAWAUN
MA’UN
THURABUN
Rd. Muslimat : Punten kang !, jelaskeun ku bahasa anu kahartos ku rai.
Rd. Muslimat : Kieu atuh :
Ari NARUN teh Cahaya Berem
Ari HAWAUN teh Cahaya Koneng
Ari MA’UN teh Cahaya Bodas
Ari THURABUN teh Cahaya Hideung
Tah ieu cahaya anu 4 (opat) teh
disebatna NUR MUHAMMAD, atawa HAKEKAT
ADAM (Bahrul Adam), Hartina : “Sagara saniskara anu ngabukti di Alam
Semesta katut sagala eusina.
Rd. Muslimat : Ke …. Kang !, kapan eta mah moal katingali ku soca anu bukti
ieu, kumaha atuh supados tiasa katingali ?.
Rd. Muslimin : Ningali anu ghoib mah, sakumaha Sanggeum Rasululloh oge
dina dalilna : “ RUYA’TULLAHI TA’ALA
FIDUNYA BI AENIL QOLBI”, anu hartosna : Ningalina Alloh di dunya kudu ku
awasna hate/ Qolbu.
Rd. Muslimat : Ulah kapalang
kang !, upami hoyong tiasa awas hate kedah kumaha ?
Rd. Muslimin : Nya kedah bersih Qolbu/hate tina kokotor, sabab kokotor
Qolbu eta jadi “Hijab” atawa pipinding kana awasna ka Nu Maha Suci.
Rd. Muslimat : Ari anu janten kokotor teh naon kang ?
Rd. Muslimin : Dosa rai !, dosa alit sareng dosa ageing. Geuning unggal
wudhu, ari bade sholat sok dibersihkeun ku cai. Rai uninga, ari dosa alit anu
kumaha ?, sareng dimana tempatna ?, oge kumaha meresihannana ?
Rd. Muslimat : Hemeng keneh kang !, keun et amah lenyeupanen rai. Mung
nu bade ditaroskeun teh, eta nyusul anu tadi perkawis Cahaya anu opat rupa tea,
upami ieu mah, upami kaleresan rai parantos mendakan, naha eta Alloh teh ?
Rd. Muslimin : Iss…atuh sanes, …. Moal enya Alloh tiasa disaruakeun
sareng warna, kapan Alloh mah “ Teu warna, henteu rupa, henteu imah, henteu
enggon”. Pokona henteu tiasa diumpamakeun sareng naon bae oge. Dalilna : “DHAT LAESA KAMISLIHI SYAE’UN“
( DHAT
BILA HAEFIN – DHAT BILA MAKOMIN) Rd. Muslimat : Ke….kang !, atuh ari teu
warna, teu rupa, teu imah, teu enggon mah panginten teu aya ….?
Rd. Muslimin : Teu aya kumaha ari rai ?, kapan cirina Alloh aya teh
diantarana aya dadamelannana, nya buktosna ieu Alam Semesta katut eusina.
Rai…!, omat kedah yakin teh “AYANA”, nanging Ayana teh, Dzat-Na anu katara
sareng anu henteu karampa. Tah palebah dieu anu kedah leres-leres dilenyeupan,
sing kersa nyusul, sing dugi ka HAKUL YAKIN tea, supados teu ragu-ragu, henteu
was-was. Antebkeun deui rai…!, tah Rukun Iman anu kahiji, sareng SYAHADAT. Cing
sok rai, ucapkeun deui Syahadat !
Rd. Muslimat : Mangga : “ ASHADU
ANLA ILLAHA ILALLAH, WA ASHADU ANNA MUHAMMADARRASULULLOH”.
Rd. Muslimin : Cobi hartosna ?
Rd. Muslimat : Abdi nyakseni teu aya deui Panggeran kajabi Alloh, sareng
abdi nyakseni yen Muhammad Rasulna Alloh”.
Rd. Muslimin : Cing rai !, ari kecap “ Nyaksi ” kedah anu kumaha ?
Rd. Muslimat : Nya.. anu nyaksi mah anu ningali, geuning aya kecap
nyaksian.
Rd. Muslimin : Tadi rai…!, ngucapkeun “Abdi nyaksi” yen teu aya deui
Panggeran kajabi Alloh, naha leres-leres rai teh parantos ningali ka Alloh ?
Rd. Muslimat : Aaah…. Teu acan kang !, bororaah…..
Rd. Muslimin : Naha atuh wanton-wantun ngucapkeun “Abdi Nyakseni” ari
teu acan ningali mah ?, atuh kitumah sulaya.
Rd. Muslimat : Muhun… da abdi mah sanggeum anu mamatahan sareng dina
Kitab, nya kumaha ramena bae atuh kang !
Rd. Muslimin : Iiiiih…sanes kumaha ramena rai !, tapi kedah ajeg
pamadegan. Rai…! Upami ieu SYAHADAT teu acan kapendak SAJATINA, atuh dina RUKUN
IMAN anu kahiji oge nyaeta “ Amantubillah”,
pasti moal leres, ngan basa wungkul henteu dugi kana RASA.
Rd. Muslimat : Aaah.. rumaos kang !, kumaha atuh nya ?
Rd. Muslimin : Sawios anu parantos mah rai !, da dimaklum murangkalih
keneh, itung-itung ngapalkeun basana heula. Tapi ari parantos dewasa kieu mah,
penting ngarautan, mikir, nafakuran, sakumaha dina hadist Kanjeung Nabi
Muhammad SAW oge : “ TAFAKKURU SA’ATIN KHAIRUN MIN IBAADATI SAB’IYNA
SANATAN “. (Anu hartosna : mikir /tafakur samenit atawa sakedeung leuwih
alus tibatan ibadah 70 taun).
Rai..!, Hadits Nabi : AWALUDINI MA’RIFATULLOH teh estuning
ngajurung supados pas sareng eusina kalimah Syahadat, oge Rukun Iman anu
kahiji, nyaeta “Amantubillah”. Kukituna wayahna ayeuna mah kedah dilenyeupan
tur ditingkatkeun eta elmu anu parantos katampi the, sangkan dugi kana
sasaranana. Kedah keying tur leukeun rai !, nyusud Elmu teh margi dawuhan
Kanjeng Nabi oge : “ MAN THOLABAL
SYAI’AN BIJIDDIHI WA JADAHU”, Hartosna : Saha-saha jalma anu nungtut salah
sahiji hal bari keyeng, tangtu maranehna pasti bakal hasil.
Rd. Muslimat : Atuh ari kitu mah, rai teh kedah ngawangsulan deui tina
Syahadat, kumaha carana supados kapendak sareng “ SAJATINING SYAHADAT “.
Rd. Muslimin : Penting pisan rai !, sing kapendak, margi pangemut
engkang mah Syahadat teh ibarat Pondasina Agama, anu matak dina Rukun Islam
jadi nomer hiji. Insya Alloh upami pondasina kuat, weweg, atuh kana
ibadah-ibadah Rukun Islam anu sanesna oge bakal kuat sareng weweg :
Kana ibadah nomer dua, mangrupa
tihangna Agama, nyaeta Sholat, bakal kuat, tihangna kuat da pondasina kuat.
Kana ibadah nomer tilu, nyaeta Zakat,
bakal ngarasakeun ka sasama, jadi jalma berehan.
Kana ibadah nomer opat, nyaeta Puasa,
bakal ngarasakeun puasana tina tekad, ucap, lampah anu henteu pararuguh.
Kana ibadah nomer lima, nyaeta Munggah
Haji, mangrupa puncak tina rentetan ibadah-ibadah tea, upami : dirina parantos TAHKIK (mantep) kayakinan ka Nu Maha
Suci. Dirina parantos kosong tina sifat tur pagawean anu kotor nyaeta dosa-dosa
(Taqhalli). Dirina di eusian ku sifat tur ibadah anu pinuji (Tahalli). Dirina
baris “ Awas ka Hakekat Dzat Nu Maha Suci” (Tazalli), nya disebut “ Munggah
Haji”.
Rd. Muslimat : Rupina eta enas-enasna atawa saripati ibadah anu kawengku
ku Rukun Islam. Rai mah eta tah..cobi hoyong enggal terang kana SAJATINING SYAHADAT ?
Rd. Muslimin : Mangga rai catet..!, ari Syarat Sahna maca Syahadat teh,
kedah kacumponan 5 (lima) syarat, nyaeta :
Kudu geus Netepkeun Kana Dhat-na Allah
Ta’alla
Kudu geus Netepkeun Kana Sifat-na Allah
Ta’alla
Kudu geus Netepkeun Kana Asma-na Allah
Ta’alla
Kudu geus Netepkeun Kana Af’al-na Allah
Ta’alla
Kudu geus Sidik/Tasdik Ka Rasululloh
kalawan geus netepkeun kana Sifat Rasululloh, nyatana : Sidik, Amanah, Fathonah, jeung Tabligh.
Tah.. rai !, DZAT, SIFAT, ASMA, AF’AL
teh disebatna “ RUKUN MA’RIFAT” , Ma’rifat ka Alloh, Ma’rifat ka Rasululloh.
Rd. Muslimat : Cobi …. Kang !, mugi di eceskeun hiji-hijina !
Rd. Muslimin : Ke… rai !, kumargi hal ieu mah nyusul ka puhu, supados
rada gampang ka hartos, cing urang kaitkeun sareng katerangan MARTABAT ALAM
TUJUH, mugi rai !, masing tengeut ngabandunganana :
Alam Kahiji : disebutna
AHADIAT
Alam Kadua : disebutna
WAHDAT
Alam Katilu : disebutna
WAHIDIAT
Alam Kaopat : disebutna
ARWAH/ROH
Alam Kalima : disebutna
AJSAD/AJSAM
Alam Kagenep : disebutna
MITSAL
Alam Katujuh : disebutna
INSAN KAMIL
PENJELASAN MARTABAT ALAM TUJUH
ALAM AHADIAT
Martabat Alam Ahadiat mah, kaayaanana
teh “ SUWUNG”, kosong, uwung-uwung awang-awang, estuning bersih suci. Martabat
(tingkat) ieu disebat oge martabat KUN
HI DZAT, nyaeta kaayaanana teh estuning ngan Dzat. Teu aya martabat
(tingkat) anu sejena anu ngalangkungan tina Dzat ieu. Istuning mangrupa sumber
pikeun martabat-martabat saterusna. Dupi Dzat ieu di terangkeun ku dalil : “ DZAT LAESA KAMISLIHI SYAE’UN WAHUWA
SAMIUL BASHIR” , Anu hartosna : Dhat anu teu aya upamana sareng naon-naon
oge, sareng Manten-Na, Maha Ngadangu sareng Maha Ningali. Dikiatkeun deui ku
dalil : “ DZAT BILLA HAEFIN “, Anu
hartosna : Anu henteu warna teu rupa. “ DZAT
BILLA MAKANIN “, Anu hartosna : Anu henteu arah teu enggon. Moal aya anu mampuh
ngalewihan tingkat ieu, sok sanajan para Nabi-Nabi, sanajan para Malaikat
Muqqarobin, moal saurang oge makhluk anu bisa tepi kana tingkatan Kun Hi Dzat
(Kaayaan Dzat). Sakumaha didawuhkeun ku Alloh SWT :
“ WA YUHADZ
DZIKRUMULLAHU NAFSAHU “
Anu hartosna : Alloh nyarek maraneh
pikeun nyaho Kun Hi Dzat.
Kitu deui dawuhan Rasululloh SAW :
“ QULLUKUM
FI DZATILLAHI AHMAQ “
Anu hartosna : Maraneh tetep teu bisa
ngarti soal Kun Hi Dzat Alloh SWT.
ALAM WAHDAT
Dina martabat Alam Wahdat mah Kun Hi
Dzat atawa Dzat Mutlak teh bade ngawujud Mungkin, tina Kalam-Na sareng
Iradat-Na (Kersa-Na), nya ngawujud Sifat mangrupa NUR DZAT disebut JOHAR AWAL
(Johar = Cahaya, Awal= mimiti). Ieu Nur atawa Johar Awal teh gumulungna antara
Dzat sareng Sifat. Ieu teh mangrupa sumber pikeun sifat-sifat anu sejenna.
Saniskara Sifat tangtu kaancikan Dzat. Gumulungna Dzat sareng Sifat teh ibarat
“ KEMBANG JEUNG SENGITNA”, atawa “ MADU JEUNG AMISNA”, teu bisa di pisahkeun.
Nur Dzat atawa Johar Awal teh, disebat oge HAKEKAT MUHAMMAD, asal sagala rupa
anu jadi.
HAWIYATUL ALAM atawa Hakekat Alam,
Bahrul Hayat (Sagara Hirup) Sanggeum para Wali mah SYAHADAT SAJATI.
ALAM WAHIDIAT
Dina martabat ieu ku QUDRAT sareng IRADAT-NA (Kawasa sareng Keresa-Na), sorotna NUR DZAT atawa Johar
Awal atawa Hakekat Muhammad, bijil NUR PAPAT WARNAE (CAHAYA OPAT WARNA) :
Nyaeta Cahaya Bereum (Ngajadi
Seneuna alam dunya)
Nyaeta Cahaya Koneng (Ngajadi Anginna alam
dunya)
Nyaeta Cahaya Bodas (Ngajadi Caina alam
dunya)
Nyaeta Cahaya Hideung (Ngajadi
Taneuhna alam dunya)
Ieu Nur (Cahaya) anu opat rupa teh
disebatna Nur Muhammad. Saterasna tina Nur (cahaya) opat rupa ieu,
ngajantenkeun ASMA ALLOH, margi ti dieu ngajadina Huruf / Lapad ALLOH ( ﺍﷲ ),
nyaeta :
Tina NARUN (NURUL AHMAR) NGAJADI HURUF ALIP ( ﺍ )
Tina HAWAUN (NURUL ASHFAR) NGAJADI HURUF LAM ( ﻞ )
Tina MAUN (NURUL ABYAD) NGAJADI HURUF LAM ( ﻞ )
Tina TURABUN (NURUL ASWAD) NGAJADI HURUF HE ( ﻪ )
Ari JOHAR AWAL janten Hakekat Tasjid ( ω )
Ieu Nur (Cahaya) anu opat rupa atawa
Nur Muhammad teh, mangrupa bibit atawa Cikal Bakal 7 lapis Langit, 7 Lapis Bumi
katut sakumna eusina. Sakumaha dawuhan Kanjeng Nabi Muhammad SAW :
ﺍﻮﻞ ﻤﺎﺧﻟﻖﺍﷲ ﻧﻮﺮﻧﺒﻴﻚ ﻴﺎ ﺠﺎﺒﺮﻮﺧﻟﻖ ﻤﻧﻪ ﺍﻷ
ﺷﻴﺎﺀ ﻮﺍﻧﺖ ﻤﻦ ﺗﻟﻚ ﺍﻵ ﺷﻴﺎﺀ
AWWALUMA KHALAQALLAHU
NURA NABIYYIKA YA JABIRU WA KHALAQA MINHUL-ASYYA’A WA ANTA MIN TILKAL ASYA’I,,
Artina :
Awal mula anu Alloh jadikeun nyaeta
Nur Nabi Anjeun ya,, Jabir. Jeung Alloh ngajadikeun tina Nur eta, sagala
sesuatu ieu, jeung Anjeun hai,,Jabir nu kamasuk tina sesuatu eta.
ﺍﻧﺎﻤﻦ ﺍﷲ ﻮﺍﻟﻤﻮ ﻤﻧﻮﻦ ﻤﻧﻲ
“ANA
MINALLAHI WAL MU’MINUNA MINNI,,
Artina :
Kuring nyaeta asal ti Alloh, sedeng
jalma-jalma mukmin asal ti kuring.
ﺍﻦﺍﷲ ﺧﻟﻕ ﺮﻮﺡ ﺍﻟﻧﺑﻲ ﺼﻟﻰﺍﷲﻋﻟﻴﻪ ﻮﺴﻟﻢ ﻤﻦ ﺯﺍﺗﻪ
ﻮﺧﻟﻖ ﺍﻟﻌﺎﻟﻢ ﺒﺎﺀ ﺴﺮﻩ ﻤﻦ ﻧﻮﺮﻤﺤﻤﺪ ﺼﻟﻰﺍﷲﻋﻟﻴﻪ ﻮﺴﻟﻢ
INNALLAHA KHALAQA
RUHANNABIYYI SHALALLAHU ‘ALAIHI WASALLAMA MIN DZATTIHI WA KHALAQAL ‘ALAMA
BIASRIHI MIN NURI MUHAMMADIN SAW. ,,
Artina :
Saenyana Alloh nyiptakeun Roh Nabi
Muhammad tina Dzat-Na, tuluy Alloh nyiptakeun alam, kalawan rahasiah-Na tina
Nur Muhammad SAW.
ﻴﺎﺠﺎﺒﺮﺍﻦﺍﷲ ﺧﻟﻕ ﻗﺒﻞﺍﻵﺷﻴﺎﺀ
ﻧﻮﺮﻧﺒﻴﻚ ﻤﻥ ﻧﻮﺮﻩ
YA JABIRU INNALLAHA
KHALAQA QABLAL ASYYA’I NURA NABIYYIKA MIN NURIHI. ,,
Artina :
Ya ,,Jabir Saenyana Allah nyiptakeun
samemeh ayana sesuatu, nyaeta Nur Nabi anjeun, daripada Nur-Na.
ﻠﻗﺪ ﺠﺎﺀ ﻛﻢ ﻤﻥﺍﷲ ﻧﻮﺮ
“ LAQAD JA’AKUM
MINALLAHI NURUN. ,,
Artina :
Enggeus Allah datangkeun pikeun anjeun
Nur daripada Allah nyaeta Nur Muhammad SAW.
ﻴﺎ ﺍﻴﻬﺎ ﺍﻠﻧﺎﺲ ﻗﺪ ﺠﺎﺀ ﻜﻢ ﺍﻠﺤﻖ ﻤﻦ ﺮﺒﻜﻢ
“ YA AYYUHANNASU QOD JA
‘AKUMUL HAQQU MIN RABBIKUM.,,
Artina :
Hai manusa, geus datang Al-Haq ti
Panggeran aranjeun nyaeta Nabi urang Muhammad SAW.
Tegesna :
Moal aya Sifat, lamun teu aya Dzat.
Moal aya Dzat, lamun teu aya Sifat.
Tina martabat Alam Wahidiat ieu
lahirna KALAM QODIM (Ucapan Alloh Anu Maha Sadia), nyaeta ANNAHU ANALLAHU,
hartosna : Sabenerna Kami Alloh.
Ku ayana cariosan (tuturan=khithob) ku
“ Kalam Qodim” eta, hartina aya anu diturutkeun (sasaran cariosan), nyaeta Alam
Sifat sareng Alam Asma. Martabat tilu alam ( Ahadiat, Wahdat, Wahidiat), nyaeta
Qodim.
Catetan :
Ayana susunan Martabat (tingkat) oge
Alam teh, sakadar hiji gambaran wungkul, anu sabenerna mah Ulah dihartikeun
saolah-olah tingkatan nurutkeun waktu, sareng tempat (ruang) alam. Tempat
(ruang) alam, waktu can aya, kumargi Alloh SWT teu kakurung ku waktu sareng
tempat, sapertos anu tos diterangkeun di luhur.
Nu matak nyata tur jelas dina Alam
Wahdat (Sifat) sareng Alam Wahidiat (Asma), “ Roh Muhammad “, ngaliputan,
mangrupa awal atawa Cikal bakal saniskara anu dumadi.
Dina salah sawios Hadits Qudsi Allah
SWT Berfirman :
ﻜـﻧﺖ ﻜـﻧﺰا ﻤﺧـﻔـﻴﺎ ﻓﺎﺀ ﺤـﺒـﺒـﺖ اﻦ اﻋـﺮﻒ
ﻓـﺧـﻠﻘﺖ اﻠﺧﻠﻕ ﻠﻴـﻌﺮﻓـﻧﻲ
KUNTU KANZAN MAKHFIYYAN,
FA AHBABTUAN ’URAFA FA KHALAQTUL LIYA’RIFANI
Hartosna :
“Kami nyaeta (hiji) rusiah
(pembendaharaan) anu Ghoib. Tuluy Kami boga kahayang supaya di kanyahokeun.
Terus Kami nyiptakeun Alam sarta makhluk (Muhammad). Taya lian supaya maranehna
bisa Ma’rifat (nyaho) ka Kami”.
ALAM ARWAH/ROH
Nyaeta martabat Af’al nu Maha Suci,
nyaeta Af’al Alloh ku Qodrat-Na (Kawasa-Na) sareng Irodat-Na (Kersa-Na),
ngersakeun Alam Semesta.
Supados gampil kahartos, urang
ibaratkeun kieu ceuk elmu akal mah, cara ngadamelna teh : Upami di bioskop mah
Alam Wahdat (Nur Dzat/Johar Awal) teh ibarat “ KACA” dina proyektor :
Cahaya Bereum (NARUN) teh ibarat “ Kaca
Berem “
Cahaya Koneng (HAWAUN) teh ibarat “ Kaca
Koneng “
Cahaya Bodas (MA’UN) teh ibarat “ Kaca
Bodas “
Cahaya Hideung (THURABUN) teh ibarat “ Kaca
Hideung “
Barang eta kaca disorot
ku JOHAR AWAL, kajadian bijil kalangkang, nyaeta :
Tina Cahaya Bereum (Ngajadi Seneuna alam
dunya)
Tina Cahaya Koneng (Ngajadi Anginna alam
dunya)
Tina Cahaya Bodas (Ngajadi Caina
alam dunya)
Tina Cahaya Hideung (Ngajadi Taneuhna alam
dunya)
Tina Johar Awal (Ngajadi Mataharina alam
dunya)
Kitu tah upama ngagunakeun elmu akal
mah, proses ngagelarkeun Alam Semesta (Dunya) teh. Nagging ari saleresna mah
teu kitu, ku Kawasa-Na, ku Kalamulloh-Na, KUN FAYAKUN, nya jleg bae, Alam
Semesta (Dunya) kumplit sareng eusina, boh anu lemesna boh anu kasarna. Jadi
tegesna Alam Semesta (dunya) teh kajadiannana tina Nur Muhammad mangrupi
Af’al-Na nu Maha Suci (Alloh SWT).
ALAM AJSAD/AJSAM
Nyaeta Martabat Manusa.
Parantos gelar Alam Semesta (Dunya),
nu Maha Suci seja ngersakeun deui midamel Manusa (Adam Majaji). Nimbalan ka
Malaikat kedah nyandak sari pati (acina) Seneu, Angin, Cai, Taneuh. Eta sari
pati anu opat rupa teh dipidamel, nya kajadian kieu :
ACINA ANGIN kajadian
KULIT Jeung BULU ADAM
ACINA SENEU kajadian
GEUTIH Jeung DAGING ADAM
ACINA CAI kajadian URAT
Jeung BALUNG ADAM
ACINA TANEUH kajadian
OTOT Jeung SUMSUM ADAM
Ku Kawasa-Na (Qudrat-Na) sareng
Keresa-Na (Iradat-Na) Alloh SWT, nya ngagelar jadi Dalil Muhammad, nyaeta MIM –
HE – MIM – DAL, nyaeta :
Tina NARUN (NURUL AHMAR) NGAJADI HURUF MIM
AWAL (ﻣ )
Tina HAWAUN (NURUL ASHFAR) NGAJADI HURUF HE
(ﺣ )
Tina MAUN (NURUL ABYAD) NGAJADI HURUF MIM
AKHIR (ﻣ )
Tina TURABUN (NURUL ASWAD) NGAJADI HURUF
DAL (ﺩ )
Ari JOHAR AWAL janten Hakekat Tasjid ( ω )
SAREATNA NYA JANGGELEK
JADI WUJUD “ MUHAMMAD”
ﻣ ﺣ ﻣ ﺩ
MIM AWAL (ﻣ ) Tina Lafadz “ Muhammad” tegesna SIRAH
HE (ﺣ ) Tina Lafadz “ Muhammad” tegesna DADA
MIM AKHIR (ﻣ ) Tina Lafadz “ Muhammad” tegesna UDEL
DAL (ﺩ ) Tina Lafadz “ Muhammad” tegesna SUKU
Tapi teu acan usik malik. Saparantos
diliangan eta wujud teh, anu lobana 9 (salapan) liang, nyaeta :
Dina palebah SIRAH :
PANON = 2 LIANG
CEUPIL = 2 LIANG
PANGAMBUNG = 2 LIANG
BAHAM = 1 LIANG
JUMLAH = 7 LIANG
Tina palebah UDEL (handapenana) = 2
Liang
Jumlah sadayana jadi 9 Liang.
Saparantos kumplit, teras disorot ku NUR MUHAMMAD kajadian bisa usik eta
wujud teh. Jelasna kieu :
Wujud /Adegan/Jasad luar, bungkusna
anu asalna tina Saripati : SENEU, ANGIN,
CAI, TANEUH, disebatna Adam.
Wujud jero /Batin/Rohani, eusina anu
diwangun ku Nur, Rasa (sir), Roh, Qolbu (Budhi), Nafsu (Akal), anu asalna tina
Nur Muhammad (Cahaya nu opat rupa), anu ngahirupkeun, ngusikeun, melikeun eta
adegan ADAM.
Sedengkeun Sagara Hirupna atawa Bibit
Nyawana mah, tina JOHAR AWAL atawa Nur Dzat atawa Dzat Sajati atawa Hakekat
Muhammad atawa NURULLOH tea.
Tah..boh Alam Semesta (Jagat Gede/Alam
Qubro/Alam Kabir), boh Diri Manusa (Jagat leutik/Alam Sagir, anu diwangun ku
Badan Rohani disebut Muhammad Rasululloh, sareng Badan Jasmani disebut Adam),
malah sareng saniskara anu aya di ieu Alam semesta, ieu ka asup kana martabat
Alam Arwah mangrupa Af’al-Na atawa Karya-Na Alloh SWT.
Kitu tah….. rai !, babaran Dzat,
Sifat, Asma, sareng Af’al teh. Sateuacana neraskeun kana martabat anu sanesna,
kumaha dugi ka dinya parantos paham ?
Rd. Muslimat : Ke….kang !, rada lebeng keneh…., janten eta anu di
jelaskeun ku engkang nembe teh, mangrupi sarat pikeun SAHNA MACA SYAHADAT ?
Rd. Muslimin : Leres eta saratna teh !, ari kitu kumaha ?
Rd. Muslimat : Geuning bangga nya kang !, ari sugan tea mah cukup maca
we Syahadat teh.
Rd. Muslimin : Iiih…ari rai !, ari semet maca mah, eta kapan Syareat,
ari anu dijelaskeun bieu mah eta parantos kana Elmu Hakekat, hartosna anu
leresna atawa anu Hakikina. Ieu tengeutkeun deui bilih kurang jelas ! :
Martabat Alam Ahadiat teh nuduhkeun
Dzat-Na Alloh, anu “ LAESA KAMISLIHI SAE’UN”, nyaeta Dzat anu teu tiasa di
umpamakeun sareng rupa, sareng warna, sareng tempat, sareng waktu, sareng sora
jeung sajabana. Anging ieu Dzat teh ngaliputan atawa Murba Wisesa kana
saniskara anu aya, boh kanu Ghoib, boh kanu nyata.
Martabat Alam Wahidiat mah, Dzat teh
jumeneng Sifat nyaeta Nur, ari sifatna (rupana) teh CAANG GUMILANG. Dzat teh
gumulung dina Sifat, lir upama seneu sareng hurungna. Dzat ibarat seneu/panas,
Sifat ibarat hurungna, teu tiasa dipisahkeun, Dzat ngaliputan Sifat. Di dieu
nyata aya Bibit Hirup – Hurip.
HIRUP nyatana Nur (Cahaya) atawa
Hakekat Muhammad
HURIP nyatana Rasa, Rasana Alloh nya
RASULULLOH.
Martabat Alam Wahidiat, mah nuduhkeun
ayana Asma (jenengan) nu asal tina sorotna tina Johar Awal atawa Nur Dzat atawa
Dzat Sajati atawa Hakekat Muhammad atawa NURULLOH , jadi cahaya opat rupa,
disebut Nur Muhammad nya ngajadi Huruf / Lapad ALLOH ( ﺍﷲ ) = Alif – Lam – Lam
– He, ari Tasjidna jadi Johar Awal.
Sing lenyeup Rai !, ieu Nur Muhammad
atawa Cahaya Opat Rupa : Berem, Koneng, Bodas, Hideung teh mangrupa sumber
atawa bibit saniskara anu ngajadi. Ari sumber atawa bibit Hirup sareng Hurip
(Rasa) mah nyaeta JOHAR AWAL atawa Nur Dzat atawa Dzat Sajati.
Ningkat deui ka Alam Arwah, ieu mah
parantos Alam Nyata/Bukti/Aen Nya buktina Alam Semesta, manusa, sasatoan,
tutuwuhan, kaasup oge Makhluk lemes (Jin) jeung Setan. Ieu ngabuktikeun
Af’al-Na Alloh SWT (Padamelan Alloh SWT), ku Sifat Kawasa-Na (Qudrat-Na),
sareng Sifat Keresa-Na (Irodat-Na), istuning ngaliputan, ngancik, akrob,
gumulung sareng saniskara anu ngajadi atawa anu dijadikeun ku Alloh SWT.
Jadi Rai..!, sadayana anu dumadi di
Alam Arwah ieu, boh anu ghoib, boh anu nyata, istuning ka Dzat-an, ka Sifat-an,
ka Asma-an, ka Af’al-an Alloh SWT.
Rd. Muslimat : Ke…..kang !, tadi ku engkang diterangkeun :
Dzat Alloh Ta’ala teh LAESA KAMISLIHI
SAE’UN
Sifat Alloh Ta’ala teh CAANG
LUMENGGANG Nyatana NUR
Asma Alloh Ta’ala teh NUR MUHAMMAD
(Nur Papat Warnae)
Af’al Alloh Ta’ala teh Saniskara anu
dumadi, Alam Semesta katut sagala eusina, kalebet diri manusa. Anu bade
ditaroskeun ku rai ! ayeuna ari Alloh-Na nu mana ?
Rd. Muslimin : Ari….rai !, kapan Alloh mah kaunggeul dina dalil oge :
“INNALLOHA ALA KULLI SAI’IN QODIR”, Hartosna : Satemen-temenNa Alloh Ta’ala
Maha Kawasa kana saniskara dina sakabeh Alam.
Pikeun jelasna, kieu geura rai :
Dzat ngaliputan Sifat, ibarat “Madu
gumulung sareng amisna” ari Lafadzna Alip
Sifat, enggon/tempat netelakeun
Asma, ibarat “Srangenge (Panon poe) gumulung sareng caangna” ari Lafadzna Lam
Awal.
Asma, enggon/tempat netelakeun
Af’al, ibarat “ Kaca enteung anu dipake ngenteung”, pasti aya wawayangannana
(Kalangkangna) nurutkeun saparipolah anu ngaca. Ari Lafadzna Lam Akhir.
Af’al, enggon/tempat perbawaan
Dzat, ibarat “ Laut sareng ombakna, pasti pangawasa ombak gumntung ka laut”.
Ari Lafadzna He.
Tuh…kapan ngawujud Lapad ALLOH ( ﺍﷲ ).
Janten sakali deui, sagala rupi anu aya boh anu batin (ghoib=samara-samar), boh
anu lahir (bukti) parantos ka Dzat-an, ka Sifat-an, ka Asma-an, ka Af’al-an
Alloh SWT. Kumaha rai…!, parantos rada ngageubray ?, paham ?......
Rd. Muslimat : Nya…kanggo Asma Alloh mah parantos aya gambaran, janten
ku Qudrat – Irodat-Na, ngaliputan kana saniskara alam katut eusina, nya
kalebeut diri manusa. Parantos kahartos kang !, kana sarat Sahna Maca Syahadat
anu opat mah, nyaeta Dzat, Sifat, Asma, Af’al, ayeuna kantun hiji deui, kedah
Sidik ka Rasululloh, mugi dijelaskeun !.
Rd. Muslimin : Nuhun… atuh rai !, ari parantos paham mah, ngarti kana
Dzat, Sifat, Asma, Af’al Alloh, nanging henteu cekap ku ngarti sareng paham
wungkul, da kedah ku teras tiasa ngabuktikeunnana kanggo nyumponan sumpah urang
dina kecap Ashadu, hartosna Nyaksi teu aya deui Panggeran kajabi Alloh, kapan
kitu lain ?....., ari nyaksi teh kapan ningali, nya atuh kedah dugi ka awasna,
ulah mung semet basa.
Rd. Muslimat : Upami hoyong dugi ka kitu, kumaha carana kang ?
Rd. Muslimin : Nya kedah kagungan padamelan, milari cara, milari
jalanna, pilari tarekahna atawa Torekat-na.
Rd. Muslimat : Ari Torekat-na, Tarekat naon kang ?
Rd. Muslimin : Nya Torekat para Wali atuh, da kapan para Wali anu
ngarulik tur parantos dugi ka Elmu et amah. Geuning dicarioskeun yen Kanjeng
Syarif Hidayatulloh salaku lulugu para Wali anu aya di Cirebon, anu kantos
Ma’rifat kana Hakekat Muhammad. Urang oge upami kekeuh keyeng mah, piraku teu
kapecretan-kapecretan wae mah.
Rd. Muslimat : Nuhun kang !, diwartosan, et amah emutaneun sareng
pilarieun oge pidameleun rai. Cobi ayeuna mah teraskeun heula bae kana
papahaman perkawis Kedah Sidik ka Rasululloh.
Rd. Muslimin : Rai… upami Rasululloh anu maot tur dikubur di tanah
Madinah, eta disebatna naon ?
Rd. Muslimat : Kirang paos kang !, mugi diwartosan sakantenan !
Rd. Muslimin : Eta mah rai !, Muhammad Majajina atawa Syareatna, oge
Rasululloh Majajina, Syareatna, da ari Muhammad sareng Rasululloh Hakekina
atawa Hakekatna mah teu maot. Cing ku rai !, eta catetan ngeunaan Alam Wahdat
sareng Wahidiat buka deui sareng lenyeupan deui. Kapan saparantosna jumeneng
Nur atawa Johar Awal anu jadi bibit hirup jeung bibit hurip.
HIRUP nyatana Nur (Cahaya) atawa Hakekat
Muhammad
HURIP nyatana Rasa, Rasana Nurani,
Rasa Alloh nya RASULULLOH.
Pan saterasna boh Nur boh Rasa, kapan
ngaliputan gumulung dina saniskara anu dumadi, nya tangtosna oge ngaliputan,
ngancik, gumulung, akrob di diri manusa.
Sing eta ku rai emut !, ngaraos aya
Hirup sareng Rasa ?....... lamun diri rai parantos dikantunkeun ku Hirup (Nur),
sareng Hurip (Rasa) atuh nya maot pingaranennana.
Rd. Muslimat : Parantos rada paham sareng rumaos, oge karaos kang pangna
rai tiasa usik malik teh ku ayana Hirup, teras sok ngaraos pait, asin, lada,
amis, sieun, keueung, melang, ngewa, water, sedih, sareng sajabana, kapan eta
teh nuduhkeun yen di diri urang aya Rasa. Paingan dalil sareng Hadist nuduhkeun
kudu daek ngukur ka kujur, ngaji ka diri, da bisa ngajinis.
Rd. Muslimin : Tapi mangkade rai !, perkawis Rasa teh sanes hiji, tapi
aya tilu tumpa atawa tingkat. Ka hiji Rasa Jasmani, kadua Rasa Rohani, katilu
Rasa Nurani. Ari Rasa Jasmani tangtuna anu karasa ku jasad, contona : ateul,
diciwit, kakadek, dicabok, pasti nyeri. Anu ngaliwatan letah, contona : Asin,
amis, pait, lada jsb. Anu kana irung contona : Hanyir, bau, seungit jsb. Ari
Rasa Rohani contona : Nyeri hate, ngewa, keuheul, resep, senang, sugema,
melang, keueung, sieun jsb. Ari Rasa Nurani anu ngadorong kana sifat-sifat kahadean,
luyu sareng Sifat Alloh Rahman – Rahim, contona : Jorojoy rasa nyaah, hayang
mere ka budak yatim, kanu miskin (welas asih), jorojoy hayang ngalaksanakeun
ibadah luyu sareng ajaran Agama, rasa cinta ka Alloh SWT, sujud, sumerah diri
dibarung ku rasa rumasa yen usik malik teh ku Qudrat tur Irodat-Na Alloh SWT.
Tah…. Rasa anu ieu rai !, anu ka golong kana title Rasa Alloh atawa Rasululloh
mah, penting pisan Sidik tur sing langgeung karasana ku urang. Kumaha rai
!...... kahartos sareng kapaham….?
Rd. Muslimat : Alhamdulillah kang !, rada kahartos ayeuna mah. sing
horeng Rasululloh atawa Rasa Alloh anu teu pisah sareng diri urang anu kedah
diusahakeun sangkan langgeung karasana. Hanas tadina mah kedah kapendak atawa
sidik ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW. Sareng Rasululloh anu parantos pupus emutan
teh.
Rd. Muslimin : Tah…kapan nyambung sareng anu sakumaha ka- unggeul dina
dalil oge hadist-hadist Nabi anu parantos dikapayunkeun. Diantarana :
ﻮﻤﻦ ﻄﻠـﺒﻞ ﻤﻮﻠﻦ ﺒـﻐـﻴـﺮﻱ ﻧـﻔـﺴـﺢ
ﻓـﻘﺪ ﻇﻞﻇﻞ ﻷ ﻦ ﺒـﻴـﺪ
WAMAN THOLABAL MAULANA
BIGHOIRI NAFSIHI FAQOD DHOLA DHOLALAN BA’IDA
Ceuk sundana : “ SAHA-SAHA JALMA
NEANGAN PANGGERAN, KALUAR TI DIRINA SORANGAN BAKAL KASASAR, SABAB BOGA RASA
ALLOH JAUH TI DIRINA”.
Sok sanaos rai parantos paham kana
babaran kedah Sidik ka Rasululloh, tetep kedah kagungan padamelan, kanggo
ngabuktoskeun kana kecap : “ WA ASHADU
ANNA MUHAMMAD RASULULLOH”.
Rai..!, kamalinaan geuning ieu teh
parantos wengi teuing, peryogi istirahat. Insya Alloh ngeunaan bag-bagan
Martabat Alam Mitsal sareng Insan Kamil mah engke kapayun urang di sambung
didadarkeun deui
KITAB LAYANG MUSLIMIN MUSLIMAT JILID-2
NGALANJUTKEUN JEUJEUR CARIOS NU
KAPUNGKUR
Raden Muslimin sareng raina Raden
Muslimat, enjingna saparantos netepan Subuh, ngaraos saleger, maklum wengina
karulem talibra pisan. Bubuhan raina Raden Muslimat nuju hanaang ku Elmu, atuh
derekdek deui bae naroskeun ka rakana
Rd. Muslimat : Manawi engkang teu kaabotan, rai bade naroskeun deui
hanca anu teu acan kabujeung diteraskeun ku salira engkang.
Rd. Muslimin : Alhamdulillah rai !, urang dikersakeun ku anu Kagungan
Kersa, dipasihan sehat oge kiat. Mugi-mugi enggoning urang madungdengkeun ieu
Elmu Agama, dipirido kenging pituduh Manten-Na. Amin. Mangga rai !, ……, kamari
teh dugi kamana anu dipadungdengkeun teh ?
Rd. Muslimat : Nembe … perkawis sarat Sahna Maca Syahadat, nyaeta Sidik
ka Rasululloh. Anu ku engkang parantos diterangkeun, yen Rasululloh anu “
Hakekatna mah, nyaeta anu teu pisah sareng diri urang” nyatana Rasa. Rasa anu
salamina kedah dipiara teh nyaeta Rasa Nurani, anu nungtun kana kawelas-kaasih
ka sasama, karumasaan, katumarimaan sareng ka cinta tur ngadorong sumerah ka
Alloh Ta’ala. Nya anu kitu anu disebut Rasa Alloh atawa Rasululloh. Margi Rasa
teh mangrupa “ Utusan Wujud” Alloh anu Goibul Wujud. Geuning katerangan dalil
oge kieu : “ KULLI UMATIN RASULLIHI”
Anu hartosna : Dina sakabeh umat pada katetepan Rasululloh”. Anu dimaksud
nyaeta Rasa Alloh.
Oge katerangan dalil :
AL-INSANU SIRRI WA ANA
SIRRUHUU
Artinya : “Rasa Muhammad teh Rasa Alloh,
Rasa Alloh teh Rasa Muhammad”.
Naging sanggeum engkang teh sok sanaos
parantos ngartos, parantos paham oge, tetep kedah disarengan ku padamelan,
supados Sidik tea, nyumponan kana kecap “ WA ASHADU ANNA MUHAMMAD RASULULLOH”.
Nembe dugi kadinya kang !.
Rd. Muslimin : Nuhun atuh rai !, ari parantos paham mah, boh kana
basana, boh anu kedah dipilari, oge anu kedah dipidamel sangkan dugi ka sidik
tea. Insya Alloh rai !, upami parantos kapendak ieu, teu burung ngageubray
caang kana hal-hal anu sanesna oge, boh ngeunaan ka-Imanan, boh ngeunaan Rukun
Islam anu sanesna. Sakumaha ku engkang parantos dijelaskeun, yen Syahadat mah
mangrupa Pondasi Agama, anu kedah weweg supados kanu sanesna kacandak weweg
alias tohaga.
Rd. Muslimat : Ke…kang !, sateuacana ningkat kana ibadah anu sanesna
dina Rukun Islam, bilih kabujeung hilap, eta perkawis “ Martabat Alam Tujuh”
anu nembe diterangkeun teh 5 (lima) Alam (Ahadiat, Wahdat, Wahidiat, Arwah
sareng Ajsam), janten kantun 2 (dua) Alam deui nyaeta : Alam Misal sareng Alam
Insan Kamil.
Rd. Muslimin : Aeeh….leresnya !, aya keneh hanca perkawis Alam anu dua
deui. Tapi …..Rai !, sateuacan nerangkeun Alam Misal sareng Alam Insan Kamil,
etang-etang ngaderes deui sareng supados langkung paham, kieu geura :
Ari anu 3 (tilu) Alam mah, eta ghaib
atawa qadim, nyaeta :
Alam Ahadiat (Dzat) = Dzat Laesa
Kamislihi Syae’un
Alam Wahdat (Sifat) = Nur Dzat atawa
Johar Awal
Alam Wahidiat (Asma) = Nur Muhammad
(Nur Papat Warnae)
Ari Alam Arwah mah, mangrupa Alam
Nyata/Bukti (Af’al) Alloh SWT, nya ieu Alam Semesta, anu diwangun ku : SENEU,
ANGIN, CAI, TANEUH. Anu mawi disebut Arwah teh sabab Pi - ROH –hen , nyaeta Pi
– Geutih –hen, Pi – Adam Majaji –eun, atawa Pi – Bibit –ten jasad manusa.
Sedengkeun Alam Ajsam mah, buktina
Jasad Manusa. Jasad urang teh asalna tina Alam Arwah tea. Sareatna pasti
karaos. Cing … upami Rai !, henteu barang tuang Aci-acian tina Seneu, Angin,
Cai, Taneuh anu nyerep gumulung kana Buah-buahan atawa Bebetian, panginten
bakal leles langlayeuseun, moal aya tanaga. Jadi jelasna rai…!, kajadian diri
teh tina sari pati atawa acina anu opat rupa. Kieu geura :
Seneu jadi Daging, hawana jadi NAFSU
AMARAH bijilna tina Ceupil
Angin jadi Sumsum, hawana jadi NAFSU
LOAMAH bijilna tina Panon
Cai jadi Tulang, hawana jadi NAFSU
SAWIYAH bijilna tina Baham
Taneuh jadi Kulit, hawana jadi NAFSU
MUTMAINAH bijilna tina Irung
Tangtuna oge ieu nafsu-nafsu teh dua
papasangan, aya anu hadena (positip), oge aya anu gorengna (negatip), gumantung
kumaha ngelesannana.
Tah…. Urang ningkat kana Martabat Alam
Misal. Nyaeta Martabat Elmu anu bisa weruh kana Asal. Weruh kana asalna Jasad
urang waktu keur di Qodim nyaeta Nur Muhammad (Nur Papat Warnae) tea. Upami
jalma parantos weruh, awas kana eta 4 (opat) perkawis kalayan Hakul Yakin lain
ngan basa wungkul, nya disebut Alam Misal nyaeta Ma’rifat ka Asal.
Tah …. Kitu rai,…. Pereleannana.
Rd. Muslimat : Hatur sewu nuhun kang !, .. dipasihan katerangan perkawis
Alam Mitsal, nyaeta mangrupi tahapan elmu anu nyusud ka asal urang dugi ka
Hakul Yakinna, anu sabenerna memang diwajibkeun ku Nu Maha Suci, manusa pikeun
ngaihtiarannana. Salajeungna ulah kapalang hiji deui kang !... nyaeta perkawis
Alam Insan Kamil. Cobi martabat anu kumaha anu parantos dugi kana INSAN KAMIL
teh ?
Rd. Muslimin : Eta mah rai ! …. Tutugna anu Ngelmu, sasat jalma anu
parantos Ma’rifat kana Dzat-Na nu Maha Suci. Kumargi kitu martabat Insan Kamil
mah, hartosna Manusa Sampurna, parantos Takhqik, terang ka asalna.
Rd. Muslimat : Anu dimaksud tos terang dugi ka asalna teh anu mana kang
?
Rd. Muslimin : Eta… parantos terang ka SAGARA HIRUP (BAHRUL HAYAT),
nyaeta Kasampurnaan Nyawa. Rai !, …. anu disebut Johar Awal tea, atawa Hakekat
Muhammad oge disebat Sajatining Syahadat.
Tah…. upami parantos terang dugi
kadinya keur didunyana, tangtos bakal tiasa Mulang ka Asal-Na, atawa sok
disarebat Mulih ka Jati, Mulang ka Asal (Wa inna Ilaihi Roji’un). Moal cidra
Alloh mah, parantos jangji ka sakumna anu Ma’rifat ka Manten-Na. kitu tah rai
!..., cohagna mah disebat Insan Kamil teh nyaeta anu parantos uninga atawa
Ma’rifat ka Dzat - Sifat-Na Nu Maha Suci.
◙ BAB IMAN
Rd. Muslimat : Kang !......., babaran perkawis Asal mangrupi bibit anu
poko, parantos dijelaskeun sareng ka paham ku rai. Ieu mah etang-etang
ngarautan deui sareng ngudag eusina tina sagala elmu anu parantos katampi ku
rai ti nuju alit, hoyong langkung dijentrekeun deui ku engkang.
Ti payun engkang…. Kantos nyarioskeun
kieu : Ari neleuman Agama Islam teh kudu nete taraje nincak hambalan, nyaeta
kedah Iman heula, teras Tauhid heula, teras Ma’rifat heula, nembe kana Islam.
Kukituna mugi engkang kersa ngajelaskeun.
◙ PEDARAN RUKUN IMAN
Rd. Muslimin : Rukun Iman anu ka 1 (hiji) “Amantubillahi” hartosna :
(Percaya ka Alloh). Ayeuna engkang bade naros ka rai !, percaya henteu ka Alloh
?
Rd. Muslimat : Ari engkang…..!, atuh kantenan percaya mah, parantos teu
ham-ham deui.
Rd. Muslimin : Nuhun ari parantos teu asa-asa mah atuh. Eta… pangna rai
!, percaya teh , percaya kana naonna ?
Rd. Muslimat : Nya percaya kana Ayana Alloh.
Rd. Muslimin : Ayana teh dimana ?
Rd. Muslimat : Eeeh…. Rai mah percaya pedah aya dadameulannana, nyaeta
Bumi, Langit, sareng saniskara eusina ieu Alam. Samangsa-mangsa aya
dadamelannana pasti aya anu ngadameulna. Kitu pamendak rai mah….
Rd. Muslimin : Mung sakitu rai ?...., teu aya deui kebatna ?. Upami
semet kitu mah atuh murangkalih oge parantos barogaeun. Ari parantos dewasa mah
kedah leuleugeur, sing kagungan paham rangkepan, ulah bolostrong bae. Pek sing
leukeun larapkeun ka Badan Urang. Margi rai !..., upami paham ngan semet kitu,
jiga-jigana ayana Gusti Alloh teh saluareun langit anu katingali ieu. Paingan
atuh sok narunjuk sareng namprakeun panangan ka luhur. Rai !..., upami kagungan
paham yen Alloh teh ibarat Manusa ngadameul korsi atawa meja, atuh Alloh teh
papisah, pajauh ti diri urang. Atuh kitu mah papalimpang sareng dalil :
WANAHNU AQRABUN ILAIHI MIN HABLIL
WARID (Q.S. Qaf : 16 )
Hartina : Kami jeung maneh geus eweuh
antarana deui, deukeut keneh Kami ka maneh ti batan (urat beuheung nu nganteung
dina beuheung maraneh sorangan). Masih keneh aya antarana. Kapan eta teh eusi
tina Dalil Al-Qur’an
Rd. Muslimat : Duh kang !...., kumaha atuh ari Sahna Percaya Ka Alloh
teh anu saleresna ?. Geuning paham semet semet anu ku rai di kapayunkeun mah
kitu…. Kirang sampurna. Kumaha sangkan paham klop sareng dalil anu nembe.
Rd. Muslimin : Rai !....., teu gampang Iman ka Nu Maha Suci teh, henteu
cekap ku Tekad sumawonna ngan semet ku Basa, kengingna teh kedah ku Ma’rifat.
Upami rai ….. henteu acan mafhum,
geura hempek lenyeupan, saliksik ku Ati, papay ku Rasa Kaayaan Wujud, papay
heula tina Dzat-Na Alloh SWT. Kapan Dzat teh parantos gumulung sareng Sifat,
disebat Nurulloh. Sundana mah Cahaya. Cahaya Nu Maha Suci. Ari Cahaya teh
sifatna hirup anu ngaliputan sadayana Alam, kaasup diri manusa.
Kusabab kitu, atuh ngamak’naan Rukun
Iman anu ka Hiji teh (Amantubillahi), kedah kieu :
“SATEGEUSNA KAULA PERCAYA KA HIRUP
SORANGAN, KA HIRUPNA WUJUD KAWULA PANGNA HIRUP, ETA PERTANDA AYANA ALLOH”.
Pon nyakitu deui, ieu Alam Semesta oge
pada kaliputan ku Hirup Alloh. Kitu tah rai !.
Rd. Muslimat : Nuhun sarebu nuhun kang !...., kahartos kacida, karaos
ayeuna mah Alloh teh akrob sareng wujud. Atuh bakal tambih isin upami
ngalakukeun teu leres teh, da sasarengan siang wengi. Paingan sanggeum
sisindiran : LEULEUPEUTAN – LEULEUMEUNGAN, DI ARAH KEJO POENA, DEUDEUKEUTAN
REUREUJEUNGAN SARENG ALLOH SAPOPOENA.
Ayeuna kantun Rukun Iman anu ka 2
(dua) : “ Wa Malaikatihi “ anu hartosna : Kawula percaya ka Malaikatna Alloh.
Mugi engkang !..., ngajelaskeun !.
Rd. Muslimin : Eta…. Rai !.... percaya teh percaya kumaha ?
Rd. Muslimat : Kieu upami sapuk mah sareng manah engkang, “ Yen Malaekat
teh salaku utusan Alloh, anu ngadugikeun ayat-ayat ka para Nabi sareng para
Rasul nalika masih jumeneng keneh.
Rd. Muslimin : Upami paham rai kitu, …. Sedengkeun ayeuna para Nabi,
para Rasul, khususna Nabi Muhammad parantos pupus, atuh panginten Malaikat teh
parere, parantos henteu di utus deui nya ?
Rd. Muslimat : Eeeeh…, leres nya ?, upami kitu mah khususna Malaikat
Jibril, panginten pere. Mugi engkang…., kersa ngeceskeun, da karaos paham rai….
Anu tadi mah lepat.
Rd. Muslimin : Atuh naha ngaji teh kitu ?, ngaji kawas murangkalih et
amah. Sanggem engkang oge, ari ngaji ulah ingkar tina diri. Geura rakrak/kakat,
kotektak badan sakujur, ngarah ngajinis. Kedah enggal-enggal bilih kabujeung
wafat !, susah temennan upami kabujeng pupus teh, sedengkeun ngajina can tamat
da katungkul ku maca bae, ngapalkeun basana ari eusina teu di palire, jadi bae
ngan pinter maca jeung nyurahkeun. Ari pek teh pedah parantos pinter maca sareng
nyurahkeun, asa parantos ngarasa cukup, ngarasa sugema, bari diangge
kumangungan cenah pasti bakal ka Sawarga. Kieu rai !....., papay heula perkara
Malaikat teh, kapan tadi disebatkeun salaku Utusan Alloh. Ari Alloh teh Sifatna
Hirup. Jadi atuh Malaikat teh nyatana Usik. Sakabeh usik, boh usik Ati, kitu
deui usik Jasad. Kapan Usik teh utusan, nya Hirup anu miwarang. Najan usikna
bulu, usik kuku manjangan, eta sadayana Malaikat. Anu mawi sanggem Hadist,
Malaikat teh rebu-rebu seueurna, tapi henteu jirim aperti wujujud manusa.
Sareng tara barang tuang, oge tara kulem siang wengi oge. Penginten ku rai
!..., kasaksi, sok sanaos rai nuju kulem, tapi ari Bulu, Kuku tetep manjangan,
Napas tetep ngarenghap, atuh Jasad ngajangkungan sareng ngalintuhan. Istuning eta
Usik (Malaikat) teh satia kana utusan, didamel siang wengi. Rai…!, eta Malaikat
anu mangrebu-rebu teh, ari mandorna mah anu 4 (opat), nyaeta :
Usik Tinggal Mandorna Malaikat Jibril
Usik Baham Mandorna Malaikat Mikail
Usik Dangu Mandorna Malaikat Isrofil
Usik Angseu Mandorna Malaikat Ijro’il
Rd. Muslimat : Kahartos ari kitu mah kang !, paingan Malaikat teh
kamashur, henteu warna, henteu rupa, henteu pamegeut henteu istri, tara kulem
sareng tuang leueut. Sidik ari ku mah, moal enya Usik ngawujud. Ayeuna kantun….
Rukun Iman anu ka 3 (tilu) “ Wa Kutubihi” nyaeta : Percaya kana ayana Kitab
Alloh Ta’ala.
Rd. Muslimin : Cing….. kumaha paham rai…!, percaya kana Kitab Allah
Ta’ala teh ?
Rd. Muslimat : Nya kanggo rai mah, percanten kana Kitab anu aya
tulisannana, buktosna Al-Qur’an.
Rd. Muslimin : Eta oge leres…, percanten kana Kitab Al-Qur’an sakumaha
anu pada ngajarelaskeun ku para ahli. Nanging rai !..., kedah dirangkep ku
paham Percaya kana Kitab Tulisan Wujud Urang. Margi upami parantos dilenyeupan,
eta tulisan Kitab Al-Qur’an teh estuning nuduhkeun kana tutulisan wujud urang,
wiwincikan diri. Jadi rai teh ….., kedah percanten kana Tutulisan Kuring boh
bengharna, boh miskinna. Poma masing narima kana eta tulisan diri anu saestuna.
Upami parantos kitu, geura bakal Sabar moal rek aral upama nuju aya dina
kakirangan.
Rd. Muslimat : Ke….kang !.., eta mah tutulisan diri dina hal takdir boh
beunghar, boh miskin. Kumaha upami jalma anu kenging Hukuman Penjara, eta oge
sami tulisan ti Alloh ?
Rd. Muslimin : Iiiih…. Ari anu menang hukuman kitu mah, eta mah tulisan
ti Setan, tina Nafsu Wujud Urang. Ongkoh parantos pada ngawartosan, yen anu sok
maling, Jinah, maehan, eta bakal dihukum, bakal dipenjara, naha atuh di lakukeun
?
Tulisan ti Alloh mah lain anu kitu,
diantarana upama ninggang cilaka anu teu di haja.
Rd. Muslimat : Perkawis Rukun Iman anu ka tilu parantos kahartos, ayeuna
kantun teraskeun kana Rukun Iman anu ka 4 (opat), nyaeta “ Wa Rasullihi”.
Tegesna kedah percaya ka Rasululloh salaku utusan Allah.
Rd. Muslimin : Paham ……, kumaha percaya ka Rasululloh utusan Alloh teh ?
Rd. Muslimat : Ari paham rai mah, nya anu disebat Rasululloh utusan
Allah teh …., eta para Rasul, da kapan para Nabi atawa Rasul mah salaku utusan
Alloh ?
Rd. Muslimin : Kitu oge teu lepat…., ari Majajina mah, atawa sreatna
mah, tapi kapan ayeuna mah para Rasul parantos parupus sareatna, atuh ayeuna
man percanten teh kedah kana Hakekatna badan anu jadi utusan Hirup pribadi.
Jadi kedah kieu tekad urang teh : Sategesna geus percaya tigin kana ieu Rasa
Wujud Urang. Rasa tinggal, Rasa Dangu, Rasa Baham, Rasa Angseu. Mangga geura
rasakeun ku rai !...., bade kumaha teu percayana kana Rasa Wujud.
Upami barang tuang uyah, tangtosna
sanggeum Rasa Baham teh Asin.
Upami barang nguping sora gelap,
tangtosna sanggeum Rasa Dangu teh sora guludug, kapan moal disebat musik.
Upami barang ningali nu caang,
tangtosna sanggeum Rasa Tingal teh moal nyebatkeun poek.
Upami barang ngangseu Minyak seungit,
tangtosna sanggeum Rasa Angseu teh kapan moal nyebatkeun bau, pasti tangtuna
oge sengit. Kapan ari Rasul mah tara bohong sareng tara cidra rai.
Rd. Muslimat : Leres pisan kang !..., Rasul mah tara bohong tara cidra.
Upami kitu… ari anu osok bohong sareng cidra saha ?, sareng timana torojolna ?
Rd. Muslimin : Ari anu osok bohong jeung cidra mah Manusa rai !...,
norojolna tina Biwir pangucap manusa. Contona : Upami rai…, ngagaleuh minyak
sengit, tangtu eta minyak teh di ambungan heula. Saparantos cop atawa pas
sareng hate, eta seungitna minyak teh disaksi ku Rasa (Rasul) Pangambung, nembe
naroskeun perkawis harga. Sanggeum anu dagang, hargana teh (upamana) tilu rebu
perak. Tah… kusabab rai palay leuwih murah, teras di akalan, rai teh ngucapkeun
kieu : “ aaah…., mahal teuing sakitu mah…., naon minyakna oge henteu seungit”.
Padahal Rasa Pangambung rai mah ngabenerkeun yen eta minyak teh sengit.
Tah Nafsu
(kahayang murah), anu ngadorong kana akal sangkan digawe, teraskeun ditepikeun
ku biwir. Jadi torojolna teh tina Nafsu, ngadorong kana akal manusa. Da Rasul
mah tetep teu bohong. Kitu tah ra !....
Rd. Muslimat : Leres pisan, ayeuna mah parantos ka paham perkawis Rukun
anu ka opat mah, kantun ayeuna teraskeun kana Rukun anu ka 5 (lima) nyaeta : “
Wal Yaomil Akhir”. Tegesna percaya kana Poe Akhir.
Rd. Muslimin : Cobi heula, paham rai !.... dugi kamana perkawis Wal
Yaomil Akhir teh ?
Rd. Muslimat : Ari rai mah percanten pisan, yen Alam Semesta ieu bakal ruksak,
nekanan poe akhir nyaeta Kiamat. Mung sakitu katerang rai mah.
Rd. Muslimin : Kitu oge henteu salah rai !...., naming sasaran paham rai
eta jauh teuing. Eta mah kana Kiamat Jagat Kabir jigana mah moal kasorang ku
anak incu. Ayeuna mah kieu !, rai teh kedah ngalirik kana Jagat Shagir, nyaeta
Jasad Urang, anu bakal ti heula nekanan poe akhir, nyaeta Pupus atawa Wafat.
Eta rai !..... anu kudu dipikiran mah, sing gede kasieun. Kudu buru-buru nyiar
elmu supaya katepi kana Ma’rifat ka Allah, bisi kaburu maot !... kapan rai…,
sieun ku Naraka ?
Rd. Muslimat : Aaah… rumaos kang !.... Rukun Iman teh ngan dibaca
sadayana, tapi ngimankeunnana, eusina mah ngaler ngidul.
Rd. Muslimin : Kedah ti ayeuna rai !...., di aji eusina, dirasakeun,
margi Rukun Iman teh Bibit rahayu Dunya Akherat. Keur di dunyana moal keuna ku
hukum penjara, sabab laku nu goring dijaga, da nu Maha Suci ngayakeun Rukun
Iman teh pikeun Pamageur Nafsu anu Awon. Atuh di akheratna baris pinanggih
sareng Ka-Nikmatan.
Rd. Muslimat : Insya Allah kang !....., bade di estokeun pisan. Kantun
Rukun Iman anu ka 6 (genep), nyaeta : “ Wal Qodri Hoerihi”. Tegesna
timbang-timbang papasten hade sareng goring. Mugi engkang…., ngajelaskeun !...,
rai teu acan ngartos, moal enya Alloh midamel awon.
Rd.
Muslimin : Iih…, rai !, ari Allah mah mung midamel Suci, anu sae-sae, da anu
goring mah eta ti Idajil tea, sakumaha anu parantos dijelaskeun ti payun.
Kieu..geura ngama’naan Rukun Iman anu ka genep mah : “ Urang kudu percaya sing
tigin, upama jalma waktu hirupna teu aya kadaek, teu daek nyiar elmu, teu daek
ibadah, teu daek ngabakti ka Nu Maha Suci, eta anu kitu dimana engke
Maot/Wafat, nyawana bakal tigebrus ka Naraka (nempuh ka teu ngeunah) anu
langgeung. Meunang siksa kubur, sakarat mah geus puguh”. Jadi nyorang Tilu kali
siksaan.
Tapi sawangsulna, upami jalma anu
hirupna suhud neangan elmu, Sareatna, Tarekatna, Hakekatna, Ma’rifatna geus
kasusul, bari kersa amal ibadah “Hablumminalloh Wa Hablumminannas”. Tah eta
bakal meunang untung, benghar ku kanikmatan (Sawarga). Teu ngalaman siksa keur
sakarat, siksa kubur, sareng siksa Naraka.
Kitu …tah… ra !.., babaran Rukun Iman
anu ka genep mah, mangrupa mungkas tina Rukun Iman. Sakali deui rai !...., ari
percaya teh kedah sareng Ma’rifatna. Sabab upama ngan semet percaya wungkul,
bari teu jeung Ma’rifatna, disebatna teh Iman Taklid sareng Idlal tea, henteu
dugi ka Iman Tahqiq.
Sareng ari Iman teh aya dua perkara :
Ka hiji Iman kana Dzat Sifat-Na Alloh
bari sareng Ma’rifatna. Ieu mah bagean elmu Hakekat.
Ka dua Iman kana Parentahna Alloh,
kedah ngalakonan Rukun-Rukun-Na. Tah…ieu mah bagian elmu Sareat. Kitu oge upama
nuju kaayaan jagjag waringkas.
Rd. Muslimat : Kumaha upami jasadna parantos teu walakaya ?. panginten
moal tiasa ngalaksanakeun Rukun Islam sagemblengna, sapertos Sholat, Puasa,
Munggah Haji ?
Rd. Muslimin : Saleresna ari Iman mah ulah pegat, kedah teras Iman ka Nu
Marentah-Na. da pikeun anu parantos Ma’rifat mah, sanaos jasadna parantos teu
walakaya oge, pasti moal hilap, moal samar, da henteu kedah sareng praktek,
malah teu lisan-lisan acan. Margi parantos ngaraos ngahiji, teu ngaraos
papisah, nuju calik, leumpang, nangtung, ngarenghap, henteu weleh sasarengan
(Akrob). Da ieu wajib sanes fardhu.
Rd. Muslimat : Kee…. Kang !..., naon dasarna pangna disebat Wajib ?
Rd. Muslimin : Geuning sanggeum hadist oge : “ WA KHAWAIDUL IMANI
WAJIBUL WAJIB AN’YALAMA”. Anu hartosna : Kabeh umat wajib pada weruh kana Iman.
Nyaeta kana Iman Sajati.
Rd. Muslimat : Tadi…..sanggeum engkang, eta mah Wajib sanes Fardhu. Ari
Fardhu anu kumaha ?
Rd. Muslimin : Ari Fardhu mah, tina parentah wajib anu parantos di olah
deui ku Kanjeng Nabi Muhammad Rasululloh SAW, miwarang ibadah ka Allah. Kedah
pisan rumasa tur tumarima, margi Asal Urang, Usik Malik Urang teh disareng ku
Manten-Na. upami urang teu kersa ngabakti, teu ibadah ka Manten-Na, atuh jadi
nyaruaan, papak henteu aya luhur handap. Fardhu mah nya dina ibadah Syareat.
Rai !..., Wajib sareng Fardhu teh, basana oge dua rupa, tapi sing ngahiji sing ngagulung.
Rd. Muslimat : Kang !....., kamalinaan…, parantos waktos netepan Lohor,
engke urang sambung deui.
Atuh rai sareng raka, arangkat heula
ka Masjid bade naretepan heula Lohor. Saparantosna rengse naretepan, ngabujeung
deui ka Bale Paguneuman, neraskeun hanca anu katunda /kapegat.
Rd. Muslimat : Kang !..., rupina perkawis babaran Rukun Iman mah di
anggap tos cekap heula, kapan urang teh nuju ngahanca IMAN – TAUHID – MA’RIFAT
– ISLAM. Ayeuna mangga tingkatkeun kana Bab Tauhid.
◙ BAB TAUHID
Rd. Muslimin : Rai !..., ari TAUHID teh, undakna tina atawa ngaronjatna
tina Iman. Upama Iman-na (Taklid, Idlal, Takhqiq) parantos kacumponan, parantos
Haqul Yakin (awas qolbuna) kana Bahrul Adam/Nur Muhammad, tangtuna oge baris
ajeg moal galideur deui, sarta bakal soson-soson, suhud, khusyu, rasa, rumasa,
tumarima.
Ucapna tara geurehan, tara sugal
pikanyerieun hate batur, sopan someah hade ka semah. Lacuna, nyengker kana
ka-Mak’siatan anu sakira diharamkeun ku Agama tur di larang ku nagara. Elmuna
bari prak di amalkeun kalawan sadrah, ikhlas. Tur dina prak ibadah ka Nu Maha
Suci, disarengan ku Rasa, rumasa, narima lamokot ku kokotor, rumasa bodo, teu
daya teu upaya. Usik, malik, leumpang, ningali, ngadangu, ngangseu sareng
nyanggeum teh, kajabi Allah Dzat Wajibul Wujud. Anu mawi sumerah diri ka
Manten-Na. Kitu tah….. kirang langkung jalmi anu parantos TAUHID.
Rd. Muslimat : Parantos kahartos perkawis Tauhid mah, atuh teraskeun
kana Ma’rifat.
◙ BAB MA’RIFAT
Rd. Muslimin : Ari MA’RIFAT teh undakna tina Tauhid, Tekad – Ucap –
sareng lampahna parantos salamina sae ( Takholi sareng Tahalli), atuh pastina
oge bakal tiasa Tazalli (awas) kana Dzat – Sifat – Asma-Na Allah. Sakumaha ti
payun parantos dijelaskeun, yen Ma’rifat teh parantos tembus paningal atina/qolbuna,
ka Dzat Sifat Allah ku ridho tur pitulung Manten-Na. kitu tah…rai !....,
perkawis Ma’rifat mah.
Rd. Muslimat : Hatur nuhun kang !..., perkawis IMAN, TAUHID, MA’RIFAT
parantos, ayeuna kantun ISLAM. Cobi kumaha ecesna perkawis Islam teh ?
◙ BAB ISLAM
Rd. Muslimin : Ari ISLAM teh rai……, sategesna Suci, bersih tina sagala
kokotor. Ari anu jadi kokotor teh naon ?, taya lian ti iwal ti Nafsu. Saha
jalmana anu henteu kaancikan ku Nafsu ?. tos kantenan di jalma anu lacuna
ma’siat, sanajan di ahli Agama oge, sami pada kaancikan nafsu. Ari jugjugan
atawa Sasaran ki Nafsu teh pokona mah ngan 3 (tilu) perkara :
Kalungguhan / kakawasaan (Tahta)
Haliah dunya (Harta)
Birahi (Wanita/Pria)
Rai !..., ari Islam teh teu dua teu
tilu, estu ngan hiji-hijina. Malahan keur hiji teh Ghaib deuih. Sategesna Islam
teh Nur. Tah eta anu teu katetepan nafsu mah. geuning nalika masih keneh aya
dina Alam Nur mah, rai…, teu kagungan kahoyong naon-naon.
Atuh kitu deui anu Islamna oge teu dua
teu tilu, ngan hiji nyaeta Rasululloh. Ku sabab kitu, atuh geuning jalma mah
teu kabagean Islam, paling-paling jadi Umat-Na. Kitu oge anu tepi ka pangkat
Umat teh sarebu hiji, sabab kedah terang heula ka Rasululloh, sarta kedah
ngalakonan kana parentahna.
Rd. Muslimat : Kedah terang heula ka Rasululloh ?, rupina sami kang
sareng ma’nana Warosulihi dina Rukun Iman ?
Rd. Muslimin : Kirang langkung kitu tah rai !..., ma’nana perkawis Islam
teh !
Rd. Muslimat : Supados nyambung kang…!, kumaha upami teraskeun kana
Rukun Islam ?
◙ PEDARAN RUKUN ISLAM
Rd. Muslimin : Perkawis Rukun Islam mah, kalebet kana ibadah Sareat rai
!.., janggelekna atawa ciri ti jalmi anu parantos Iman ka Allah, di buktikeun
ku Amal Ibadah kasasama (Hablumminanas) sareng ibadah ka Alloh
(Hablumminalloh).
Rd. Muslimat : Ke..kang !.., eta perkawis ibadah ka Allah, asa kirang
ngartos rai mah. kapan Alloh mah sifat Ghoniyun (Maha Benghar), Maha welas,
Maha Asih, naha beut hoyong di ibadahan ku makhlukna ?
Rd. Muslimin : Et amah ra !..., sakadar basa wungkul ibadah ka Alloh
teh, kereteg hate Janggelek tina Rasa rumasa, di usik malikeun ku Manten-Na.
Atuh kalihna ti eta, praktek ngabakti kitu teh ngabedakeun antara Anu dicipta
(di damel) sareng Anu Nyipta (anu ngadamel). Upami henteu kitu, atuh panginten
teu aya Martabat Luhur Handap, atuh dianggap sami (papak) antara makhluk sareng
kholikna.
Anu langkung jero maknana teh, manusa
teh kedah seperti Allah, buktos ibadahna (Welas-Asih) ngamodalan kumplit, taya
kurang, saniskara di ayakeun, taya lian pikeun sakumna makhluk-Na. Anu mawi
dina nuju ngadararo’a atawa syukuran nalamprakeun panangan kaluhur teh, sanes
ngandung harti Allah aya ucang angge di Langit Katujuh, tapi nganyatakeun yen
Martabat Allah teh pangluhur-luhurna, moal aya anu nyamian. Kitu rai…,
tah…Allah mah teu peryogieun ku anu ibadah, sareng teu hoyongeun di ibadahan,
paling oge Allah mah miwarang emut (Eling) ka Manten-Na. margi upami henteu
emut ka Manten-na, engke bilih hilap karagungan rarasaan pangkawasana, heug wae
boga lampah sakama-kama.
Rd. Muslimat : Upami Allah henteu peryogieun di ibadahan, atuh.., kanggo
saha eta amal ibadah teh ?
Rd. Muslimin : Nya mangfaatna mah pikeun anu ibadahna keneh. Upami ra…,
sering susuci diri, boh lahirna boh batinna, atuh rai teh bakal bersih tina
kokotor atawa dosa-dosa (Hadas ageing sareng hadasr alit). Rai.., sering ibadah
berjamaah, atuh ngaraketkeun duduluran sareng ngaraketkeun rasa persatuan hirup
bermasyarakat. Rai.., sering sumerah diri (Hablumminalloh), ngandung harti yen
rai teh hoyong kenging pituduh sareng pertolongan, dituduhkeun kana Jalan anu
lempeng, kiat nahan atawa ngelesan nafsu. Pangpangna mah sangkan ridho tiasa
Ma’rifat ka Dzat – Sifat – Asma MantenNa.
Rd. Muslimat : Ka… kang !.., aya keneh kapanasaran perkawis Amal,
sanggemna perkawis amal teh aya 4 (opat) perkara :
Amal Jariah
Amal Sadrah
Amal Soleh
Amal Ma’ruf
Mugi engkang !....., tiasa maparin
katerangan hiji-hijina !
Rd. Muslimin : Kieu rai !..., ari Amal Ibadah teh sapertos dina hal Iman
anu parantos dikapayunkeun, sami aya 2 (dua) tahap, aya Fardhu sareng aya
Wajib.
Ari Amal Ibadah Fardhu mah, parentah Nabi Muhammad Rasululloh, pikeun ka
papada manusa (Hablumminanas) sakumna kaunggel dina Hadist. Kitu oge upami
kasartaan boh ku tanaga, boh ku harta.
Ari Amal Ibadah Wajib mah, pikeun Ma’rifat ka Allah manusa teu kenging
sulaya, margi Wajib kasebatna, sakumaha dawuhan Kanjeung Nabi Muhammad : “ ILLA
ANNA AWALLA NAFSHAS FARDHU AEN ”. Anu hartosna : Mimiti amal ibadah teh sing
ngarti /terang Jatining Hirup masing tepi ka Aena (ngajinis).
Sabab kudu katingali eta Sifat Hirup,
margi eta Jatining Syahadat.
Rd. Muslimat : Dupi…, eta amal anu opat rupi teh .., kumaha tumerapna
atawa prak-prakannana dina ibadah kang ?
Rd. Muslimin : Kieu eta mah rai !..., eta anu 3 (tilu) ( Jariah, Sadrah,
Soleh) teu kenging sulaya. Ari tumerapna nya dina Amal ibadah anu aya tina
Rukun Islam. Kieu gera :
Ari Amal Jariah teh pagawean Badan. Urang kudu ngarti yen ieu Wujud
urang teh nuju janten Jariah Allah atuh kedah nurut kana Kersana Alloh.
Hartosna Wujud nuju di anggo ku Allah.
Ari Amal Sadrah mah, pagawean Lisan. Hartosna nuju dianggo Maca Kalimah.
Sadayana Puji waktu eta mah Sadrahkeun ka Allah, kapan sanggem dalil oge : “
PUJI MAH KAGUNGAN ALLOH (ALHAMDULILLAH)”, da kapan manusa mah Lahawla wala
kuwata (Teu daya upaya). Ngandung harti ulah sok nyoro puji ka Allah, sok
hayang di puji atawa pupujieun.
Ari Amal Soleh, et amah pagawean Qolbu/Hate. Kedah soleh teh, kedah
bersih hate/qolbu, sing cengeng ulah kaganggu patekadan ku Tahta, harta,
wanita/pria. Jadi kedah “ LILLAHI TA’ALA ”.
Kitu amal kanggo ka Allah mah rai !..,
henteu deui sareng amal ibadah ka papada manusa, sok pandang kana buruhan
(Pamrihan).
Ari amal anu hiji deui mah Amal Ma’ruf, et amah tumerapna dina “
Hablumminanas ”, tapi didasaran ku Lillahi Ta’ala. Janggelekna dina amal ibadah
di Rumah Tangga, amal ibadah di lingkungan Masyarakat, berbangsa bernegara.
Amal ibadah anu dumasar kana ka ikhlasan, teu aya maksud ka dua leutik, taya pangarahan,
ibadah ngajauhan kasarakahan/kamungkaran.
Rd. Muslimat : Aduh.., hatur nuhun kang !..., rai parantos dipasihan
terang perkawis perelean Amal Ibadah. Tapi rupina…, eta amal ibadah teh tiasa
ngajanggelek “ Lillahi Ta’ala” upama Iman-na parantos Tahkik, Tauhid-na
parantos leres, atuh Ma’rifat-na leres, oge Sajatining Islam-na parantos
kapendak. Cobi…, ayeuna rai hoyong terang, eta Amal Jariah, Sadrah, Soleh teh
kumaha tumerapna dina prak-prakan ibadah Rukun Islam !.
Rd. Muslimin : Ari tumerapna dina hiji-hijina anu kawengku ku Rukun
Islam mah sareng moal leupas tina SAREAT, TAREKAT, HAKEKAT, MA’RIFAT-na kieu
geura :
◙ RUKUN ISLAM KA HIJI “ SYAHADAT”
Ari katerangan Syahadat mah, bawiraos
parantos cekap sakumaha dijelaskeun ti payun.
Jariah - na : atawa Syareatna Badan/Baham ngucapkeun Du’a Kalimah
Syahadat.
Sadrah – na : atawa Tarekatna Antebkeun Ati/Qolbu, eling muji ka Allah
ka Rasululloh bari pasrah Lillahi Ta’ala.
Soleh – na : atawa Hakekatna Bersih tina kahayang kaperluan kahirupan
sangkan tiasa Awas (Tazalli) kana Sifat Hirup.
Ma’rifat – na : Ngaraos kaliputan ku Dzat – Sifat Allah. Tah eta Dzat –
Sifat Jatining Syahadat atawa Jatining Hirup atawa Hakekat Muhammad.
◙ RUKUN ISLAM KA DUA “ SHALAT”
Jariah - na : atawa Syareatna Waktu dina Solat, wujud urang teh nuju
janten Jariah Alloh, nuju di anggo : Nangtung - Takbiratul Ikhram – Ruku –
Sujud Lungguh.
Sadrah – na : atawa Tarekatna Syukuran kana ka-Agungan Allah. Sumerah
teu ngaraos kagungan Jasad, teu ngaraos kagungan kahayang. Soleh – na : atawa
Hakekatna Bersih, Suci Qolbu.
NANGTUNG – NA NUJU HAKEKAT HURUF ALIP ( ﺍ )
RUKU – NA NUJU HAKEKAT HURUF LAM AWAL ( ﻞ )
SUJUD – NA NUJU HAKEKAT HURUF LAM AKHIR ( ﻞ )
LUNGGUH – NA NUJU HAKEKAT HURUF HE ( ﻪ )
TAKBIRATUL IKHRAM – NA janten Hakekat Tasjid ( ω )
Ma’rifat – na : Awas Qolbu ka Nur Muhammad ( Narun, Hawaun, Maun,
Thurabun), eta anu baris nepikeun ka Dzat – Sifat Nu Maha Suci.
◙ RUKUN ISLAM KA TILU “ ZAKAT”
Jariah - na : atawa Syareatna sakumaha umumna mere ku beas, ku duit,
ditarima ku fakir miskin, ku yatim piatu.
Sadrah – na : atawa Tarekatna Dina nuju Sholat Daim (Tazalli)
Soleh – na : atawa Hakekatna Bersih, Ikhlas ngazakatkeun diri ka Nu Maha
Suci.
Ma’rifat – na : Sing Ngaraos
ilangna Rasa Jasmani, tanda ditarima ku Nu Maha Suci, kasilih ku Nur Muhammad.
◙ RUKUN ISLAM KA OPAT “ PUASA”
Jariah - na : atawa Syareatna Wujud urang teh nuju janten Jariah Allah,
nuju di anggo ngarasakeun kumaha rasana nahan lapar, hanaang, birahi, dina
waktu siang.
Sadrah – na : atawa Tarekatna Dina nuju Sholat Khusu (Tazalli)
Soleh – na : atawa Hakekatna Bersih, tina hawa nafsu anu goring anu mawa
kana pibahayaeun/mak’siat.
Ma’rifat – na : Kedah panggih sareng Romadhon anu sapertos Bulan Purnama
caang jiga tanggal 14 (opat welas).
◙ RUKUN ISLAM KA LIMA “ MUNGGAH HAJI”
Jariah - na : atawa Syareatna Wujud urang teh nuju janten Jariah Allah,
Zarah ka Kuburan Nabi Muhammad Rasululloh SAW, teras ka Mekah Zarah ka
Baetulloh.
Sadrah – na : atawa Tarekatna Dina nuju Sholat Khusus/Tazalli.
Soleh – na : atawa Hakekatna Bersih, ngalebur dosa urang, ilang Rasa
Jasmani, ilang Rasa Rohani, tinggal Rasa Nurani (Rasa Allah) anu tiasa nyusul
raratan Allah. Kapan dalilna : “ KULLI UMATIN WA RASULLIHI”. Hartosna : Dina
sakabeh umat pada katetepan Rasululloh, tegesna Rasa Alloh.
Ma’rifat – na : Kedah ngarasa ngahiji Jasmani sareng Rohani, ngaraos
nikmat gumulung antara HIRUP – RASA – WUJUD.
Tah kitu rai..!, tumerapna JARIAH,
SADRAH, SOLEH, sinareng SAREAT, TAREKAT, HAKEKAT, MA’RIFAT dina prak-prakan
amal ibadah dina RUKUN ISLAM. Cing mangga etang ku rai !..., eta Rukun Islam
anu lima, saban Rukun Opat-opat (Sareat- Tarekat – Hakekat – Ma’rifat), 5 x 4 =
20. Geuning eta Sifat dua puluh teh mangrupa Sifat-na Allah. Jadi Sifat 20 teh
tina Islam….rai !.
Rd. Muslimat : Hatur nuhun kang !..., perkawis babaran Rukun Islam anu
di kaitkeun sareng Amal Jariah, Sadrah, Soleh, oge saban Rukun dijelaskeun
Sareatna, Tarekatna, Hakekatna, sareng Ma’rifatna. Geuning ngalakonan Rukun
Islam teh, ari dipesek mah kacida banggana nya kang !, teu asal wae geuning
amal ibadah teh .
Kang…!, tumali tadi kasabit-sabit
Sifat 20 Allah atuh sakantenan bae ….. kumaha wiwincikannana ?
◙ WIWINCIKAN SIFAT 20 ALLAH
Rd. Muslimin : Perkawis Sifat 20 Alloh, da ari hiji-hijina mah panginten
rai oge parantos apa nya ?. Ayeuna mah urang sakantenan katerangannana, kieu
geura
WUJUD
Hartina : Aya Allah, moal euweuh. Ari
tandana aya teh ku ayana Nafas. Samangsa-mangsa aya Nafas tangtu aya Hirup.
Samangsa-mangsa aya Hirup, tangtu moal euweuh Allah teh, sabab Sifat Hirup teh
tina Dzat Sifat-Na Allah.
QIDAM
Hartina : Allah ti heula, moal enya
Allah pandeuri. Ari nyatana dina Wujud urang sifatna teh Panon. Ari awas panon
teh ti heula, nyaeta anu ngabuktikeun Sifat. Buktina, waktu Bapa masih Bujang,
Indung masih Lajang (Parawan), barang tepung tangtu Paadu Tingal. Saparantos
awas Bapa sareng Indung, jorojoy manahna duanana ting sereset, nya akhirna
Ngajodo anu saterusna ngabogaan turunan. Anu matak Panon heula anu ti heula.
BAQO
Hartina : Allah the Langgeung, moal
keuna ku ruksak. Sategesna Baqo teh Dzat Allah anu Langgeung, nyaeta Hirup
kagungan Allah SWT.
MUHALAFATUL LILHAWADISI
Hartina : Beda Allah sareng anu anyar.
Bedana teh kieu :
Allah mah ningali teu karana Panon
Allah mah ngadangu teu karana Cepil
Allah mah ngandika teu karana Baham
Allah mah ngangseu teu karana
Pangambung
Allah mah midamel naon bae teu karana
Parabot, sareng sajabi ti eta.
QIYAMUHU BI NAFSIHI
Hartina : Allah Jumeneng ku Anjeun,
moal enya anu nga jantenkeun. Geuning Indung sareng Bapa urang waktu Sapatemon
Rasa, henteu boga tekad arek nyieun anak, oge badan urang teu ngaraos di damel
ku Indung Bapa.
Geuning sidik jumeneung ku Anjeun,
ngan urang mah disarengan ku Kersana Allah, cukang lantaran ka Rama, sareatna
ti Ibu. Ari Hakekatna mah estu Kersana Allah. Eta wenangna Allah teh, wenang
ngajadikeun, oge wenang teu ngajadikeun.
WAHDANIAT
Hartina : Sah Dzatna – Sah Sifatna –
Sah Asmana – Sah Af’alna.
Tumerapna dina Soca, Cepil, Pangangseu,
Baham. Wiwincikannana kieu :
Upama dina Soca
Sah Dzat-na teh Awasna
Sah Sifat-na teh Naon anu katingali
Sah Asma-na teh Warna (Beurem, koneng,
bodas, hideung jeung sajabana).
Sah Af’al-na teh Sasat gawena tara
pahili.
Upama dina Pangangseu
Sah Dzat-na teh Lamun ngangseu minyak
seungit, tetep seungit, lamun ngangseu tarasi tetep bau. Eta sah na teh tara
cidra.
Sah Sifat-na teh Naon anu di angseu
pasti
Sah Asma-na teh Boh ngaran seungit,
ngaran bau, ngaran hanyir, jeung sajabana.
Sah Af’al-na teh Sasat gawena tara
pahili.
Kitu deui Cepil sareng Baham.
QUDRAT
Hartina : Allah teh kawasa. Kawasana
Allah teu karana parabot/alat. Geuning upama urang boga maksud rek nyieun imah
atawa naon bae, tangtu ku urang dipikir heula, dicipta-cipta ku ati. Upami geus
kacipta, eta wangunan imah teh Ngadeg di jero ati (eta hakekatna). Kapan henteu
make parabot teu naon-naon.
IRODAT
Hartina : Allah teh Sifat Keresa.
Upami tadi ku Kawasana eta adegan Bumi parantos kacipta dina ati, kantun ayeuna
mah jadikeun “Keresa” arek midamel Bumi tea (Kantun sareatna) ngabuktikeun
Irodat. Tangtu dina Sareat mah kedah ngagunakeun parabot/alat katut bahan-bahan
anu diperlukeun.
ELMU, 10. HAYAT.
Ari Elmu mah ngahiji sareng Hayat.
Ari Elmu teh Kanyaho, ari Hayat teh
Caang. Pasti ngahiji, sabab Kanyaho teh kudu dina kaayaan caang. Moal aya
kanyaho dina kaayaan keur poek.
Ari di dunya mah (lahir) caangna teh
dina Matahari, katingali ku Panon Jasmani. Sedengkeun dina Ilmu (Batin) mah,
sing tepi ka caang teh dina Jero Ati (Mata Hate).
1. SAMA : Hartina : ALLAH Ngadangu teu
karana Cepil.
2. BASAR : Hartina : ALLAH teh Uninga
teu karana Soca.
3. KALAM : Hartina : ALLAH Ngandika
teu karana Baham.
4. QODIRON : Hartina : ALLAH Kawasa.
5. MURIDAN : Hartina : ALLAH Kersa.
6. ALIMAN : Hartina : ALLAH Uninga.
7. HAYAN : Hartina : ALLAH Hirup.
8. SAMIAN : Hartina : ALLAH Ngadangu.
9. BASSIRAN : Hartina : ALLAH Ningali.
10. MUTAKALIMAN : Hartina : ALLAH
Ngandika.
Eta anu tujuh di luhur ( Qodiron –
Muridan – Aliman – Hayan – Samian – Bashiran – Mutakaliman ), aya nyatana dina
diri, upama ka panggih tangtu hasil, kabuki hijabna Allah, kabingung teh tangtu
leungit. Malah upama eta anu tujuh sifat-sifatna kapendak di sakujur diri,
teras Tarekat-na geura pilari. Upama Tarekatna kasusul, tan wande Ma’rifat Jati
kana Dzat Nu Maha Suci, anu Caang Sajero Ati.
Kitu tah rai !...., wiwincikan Sifat
20 Alloh teh, sareng katerangannana kumaha masih aya keneh kapanasaran ?
Rd. Muslimat : Cing kang…!, manawi aya katerangan anu sanesna, supados
rada eces tur jentre !.
Rd. Muslimin : Ari rai….!, sok nyosok jero, atuh sakitu oge cekap ulah
sok hoyong eces teuing !.
Rd. Muslimat : Kapan engkang keneh anu masihan bongbolongan, upami
ngelmu sing katimu, ngaji sing ngajinis, ulah ngaji Asma wungkul moal jadi
Iman. Kusabab kitu, rai mah hoyong dituduhkeun sareng barangna, sareng buktina.
Rd. Muslimin : Mangga atuh ari kitu pamadegan rai mah, urang buktikeun
sing sidik. Kieu geura rai !..., Sifat 20 teh dibagi 4 (opat), jenengan
hiji-hijina nyaeta : NAFSIAH, SALBIAH, MA’ANI sareng MA’NAWIYAH. Ari
barang-barangna kieu :
NAFSIAH Nyaeta Nafas, Sifatna Irung.
SALBIAH Nyaeta Paninggal, Sifatna Panon.
MA’ANI Nyaeta Pangdangu, Sifatna Cepil.
MA’NAWIYAH Nyaeta Pangucap, Sifatna Baham.
Rd. Muslimat : Parantos apal kang…!, perkawis Sifat Dua Puluh di bagi
opat mah, manawi aya keneh katerangan anu langkung jentre tina bukti anu 4
(opat) teh ?
Rd. Muslimin : Anu leuwih jentre mah kieu atuh :
NAFSIAH Barangna Irung aya 1 bagian
SALBIAH Barangna Panon aya 5 bagian :
Bobodas Panon
Hihideng Panon
Kokoneng Panon
Bebeurem Panon
Heherang Panon
MA’ANI Barangna Cepil aya 7 bagian :
Legok Cepil aya 6 legok, ka tujuhna Liang Cepil
MA’NAWIYAH Barangna Baham aya 7 bagian :
Biwir anu handap – Biwir anu luhur
Gugusi handap – Gugusi luhur
Lalangit handap – Lalangit
luhur
Letah
Jadi jumlah sadayana Dua Puluh.
Perkawis Huntu mah, kapan datangna oge pandeuri, saparantos kaasupan aci-aci
dunya, oge balikna oge pangheulana. Eta anu opat henteu papisah rai !..., kudu
gulung jadi hiji. Pangangseu – Paninggal – Pangrungu – Pangucap. Upama kurang
hiji moal sampurna, komo upama kurang dua, pasti moal katepi, sumawona upama
kurang tilu beuki nyucud.
Rd. Muslimat : Aduh… hatur nuhun kang !, rai …parantos dipasihan terang
perkawis Sifat 20 Allah dugi ka sareng jinisna, geuning nuduhkeun kadiri keneh.
Paingan sanggeum dalil : “ IQRO KITABAKA KAFA BINAFSIKA ALYAUMA HASIBA”,
Hartosna : Wajib pisan manusa ngaji teh masing ngajinis, nyaeta ngaji
Sa-Adeging Diri / Badan.
Rd. Muslimin : Nyakitu atuh rai !, da ngaji kaluar tina diri mah kapan
sanggeum hadist oge bakal kasasar, matak ngajauhkeun Nu Maha Suci, teu ngarasa
sasarengan siang wengi ngaliputan. Ku sabab kitu saparantosna Ngaji Daluang teh
kedah teras Ngaji Luang, nyaeta Rasakeun Daluang tea. Dihartikeun, dilenyepan,
dirarapkeun kana diri, sing cocog sareng Sareatna, Hakekatna, terus nganggo
Tarekat sangkan tiasa Ma’rifat. Sabab eta anu opat henteu papisah, kedah gulung
jadi hiji, boh dina lakon Agama boh dina Elmu.
Rd. Muslimat : Ayeuna Rai !, bade naroskeun deui : Naha masih aya
kebatna eta Sifat Dua Puluh teh ?
Rd. Muslimin : Atuh puguh aya terasna. Terasna teh janten Aksara. Margi
Aksara oge kenging nyutat tina Adegan Manusa.
Rd. Muslimat : Naha kumaha anu mawi di damel aksara ?, sareng kanggo
naon ?
Rd. Muslimin : Aksara teh kanggo ngauningakeun (ngabuktikeun) Qu’ran anu
jadi dasar Hukum Agama sakuliah Dunya, pikeun pituduh dina Cara Ibadah Jalma ka
Nu Maha Suci. Sareng pikeun ngamankeun dunya, sangkan manusa di lahir, hirupna
bisa waluya, repeh rapih sareng sasama, nangtukeun pikeun kasalametan di
Akherat engke.
Rd. Muslimat : Ke….kang !, upami didamel aksara dina Al-Qur’an, naha
cekap ku huruf anu dua puluh ?
Rd. Muslimin : Tangtuna oge cukup, moal kurang sanajan ngan ku huruf dua
puluh oge, malahan ari Hakekatna mah ku 17 (tujuh belas) huruf oge cukup ra !.
Rd. Muslimat : Ari huruf Qur’an bisa cukup ngan ku 17 huruf mah, asa teu
acan kahartos, kapan sadayana oge parantos pada terang, yen huruf Qur’an mah
aya 30 (tilu puluh) huruf.
Rd. Muslimin : Rai !..., tilu puluh huruf mah sareng rangkepannana, da
ari bibitna mah pasti ngan 20 (dua puluh). Lantaran Sifat Dua Puluh eta, nya
Sifat Gusti Allah, moal ngalangkungan atawa ngurangan tina Sifat Nu Maha Suci.
Rd. Muslimat : Tadi engkang nyanggemkeun, malahan Hakekatna mah ku 17
(tujuh belas) huruf oge cekap. Atuh beuki ngirangan, kamana sapalih deui ?, da
panginten moal ical teu pupuguh, tangtu aya sumurupna. Mugi engkang kersa
nerangkeun, ulah kapameng miwejang ka rai !.
Rd. Muslimin : Ari sumurupna mah pasti aya rai !, kieu geura :
Sareatna kanyataan aksara dina Qur’an
anu teu aya teh nyaeta aksara : Ca, Aksara Nya, Aksara Nga.
Ari Sifat Allah teh aya Dua Puluh.
Sedengkeun dina ibadah oge, cekap ku 17 (tujuh belas) rakaat sadinten sawengi
teh.
Tah…. Tarekatna mah, anu 17 rokaat teh
pikeun nyusul anu 3 (tilu) sifat tea. Sareatna Ca – Nya – Nga, ari Hakekatna
nyaeta Dzat – Sifat – Asma Allah. Sakali deui rai..!, anu 17 rakaat teh tegesna
ngudag Dzat – Sifat – Asma Allah atawa merik Allah – Muhammad – Adam. Tah eta
anu di tareangan teh.
Rd. Muslimat : Leres kang …!, diberikna Dzat – Sifat – Asma teh kudu ku
17 (tujuh belas) rakaat, waktu anu lima sadinten sawengi, rai oge
ngalaksanakeun eta teh istuning ti aalit, tapi naha nya ..?, rai mah kekeuh teu
acan kapendak eta Dzat – Sifat – Asma Allah teh ?, najan dicipta ku ati, weleh
teu kaemut, anggur hate sering ambariyang, cus-cos kasagala rupi. Cing kumaha …
eta kang…?, sangkan gawe teh ulah tanpa hasil ?
Rd. Muslimin : Atuh sagala rupi oge rai..!, kedah sareng elmuna. Geuning
dina hadist oge dijelaskeun : “ LAMUN AMAL HENTEU REUJEUNG ELMU, BATAL TEU
JADI”. Buktina ku rai oge karaos panginten ?. Entong teuing bingung, eta
pertanda ibadah urang henteu jadi, margi henteu bersih ati, jadina mang-mang
hate. Upami hoyong bersih ibadah ka Nu Maha Agung, hempek geura pilari Tarekat
Elmu Wali. Buktikeun hakekat huruf aksara anu tujuh belas tadi, pilari dina salira
rai…!, Kujalan Tarekat Elmu Wali pikeun nyusul Dzat – Sifat – Asma Allah.
Tanwande bisa kapanggih, katinggal ku Rasa Jati. Mimiti pilari anu tujuh
belas…!. Da sami, dina Tarekat Agama tujuh belas, atuh dina Tarekat Elmu oge
tujuh belas. Ngan bedana dina tarekat elmu mah, aksara anu tujuh belas teh,
bareng dipakena, sawaktu teh tujuh belas – tujuh belas. Anu mawi bisa Ma’rifat
kana Jatining Agami, sangkan urang keur di dohir sampurna ibadahna, ngalakonan
Rukun Islam parentahna Kanjeng Nabi. Jadi alus pisan urang daek amal ibadah
bari disarengan ku elmuna.
Rd. Muslimat : Nuhun…. Ku rai katampi piwejang engkang, kantun milari
eta …. Tarekat Elmuna. Tapi rai mah… dina milarian teh moal kanu tebih-tebih
teuing, nya sakantenan ka salira engkang seja guguru eta Elmu Tarekat. Aya
keneh kabimbang, perkawis Huruf anu tilu tadi ( Ca – Nya – Nga ) anu henteu aya
dina Qur’an. Eta naon margina ….?
Rd. Muslimin : Atuh rai…!, et amah bibitna, kapan bibit sagala rupa, anu
langgeung teu owah gingsir : Dzat – Sifat – Asma, atawa Allah – Muhammad –
Adam. Eta bibit saniskara anu aya, bibit Nabi, bibit Wali Jeung sajabana.
Rd. Muslimat : Naon margina, pakuat-pakait sareng Wali sagala…?
Rd. Muslimin : Kieu rai…!, upami teu acan ngartos mah : Geura eta aksara
anu tilu Ca – Nya – Nga, cing cecekna aya sabaraha…?, pek itung aya sabaraha
jumlahna….!.
Rd. Muslimat : Tiap huruf, aya tilu-tilu, jadi tilu huruf teh ?,
jumlahna aya Salapan kang …!.
Rd. Muslimin : Tah…eta anu salapan teh Hakekatna Para Wali rai..!. Ari
Sareatna Wali mah kapan aya di wewengkon Cirebon. Jadi upama aya Sareat pasti
aya Hakekatna.
Rd. Muslimat : Nembe mah hakekat nyandak tina huruf tulis, kumaha ari
Hakekat Wali di diri pribadi ?, da kapan kedah ngajinis ?, naha aya nyatana
dina Wujud urang ?
Rd. Muslimin : Kantenan rai.. ay amah, cing eta bilang cecekna badan
urang…!, aya sabaraha hiji liangna ?
Rd. Muslimat : Liang dina Panca Indra aya 7 (tujuh)…, teras dihandap aya
2 (dua), janten sadayana aya 9 (salapan), ka 10 (sapuluh) Wali tunggal, nya
tunggalna Wujud Pribadi.
Rd. Muslimin : Nuhun pisan rai…!, geuning gampang ngarti.
Rd. Muslimat : Tapi sanaos kitu kang…!, rada bingung keneh, margi salaku
wawakilna Rasululloh. Kumaha tah…kang…?
Rd. Muslimin : Eta leres rai..!, kitu pisan sareatna mah. Tapi hakekatna
mah, eta naha rai…. Teu rumaos diurus siang wengi…? Kapan anu ngurus teh anu 9
(salapan) liang, sasat ngawakilan Rasul (Rasa). Ari Rasa kapan ghaib. Seperti :
Rasa hoyong tuang, ngaleueut, diwakilan ku liang Baham.
Rasa hoyong ningali, diwakilan ku liang
Soca.
Rasa hoyong ngangseu, diwakilan ku liang Irung.
Rasa hoyong ngadangu, diwakilan ku liang Cepil.
Rasa hoyong kahampangan, diwakilan ku liang Baga/Purusa.
Rasa hoyong miceu, diwakilan ku liang Bujur.
Rd. Muslimat : Nuhun teuing…., kahartos ari kitu mah, leres teu tebih ti
diri, kubawaning nya ngahiji, sagala rupi teh arasup ka wujud urang, kana
saadeging diri, henteu ingkah, henteu ical ti salira.
Bilih kabujeng hilap…, bade malikan deui
kana Qur’an, ari perkawis gunana mah parantos diterangkeun pikeun tuduh jalan
sangkan manusa teh, sajeroning di umbarakeun hirup di Dunya tiasa Pidunya
Khasanah, oge tiasa Wa Pil akhiroti khasanah. Atuh perkawis riwayat hurufna
atawa Aksara parantos dijelaskeun, sasat nyutat tina Sifat Allah, sareng tina
saadeging diri manusa. Ayeuna anu hoyong dijelaskeun teh perkawis istilah
sareng tahapan Al-Qur’an, nuhun-nuhun upami dijelaskeun sareng barangna,
supados eces..!.
Rd. Muslimin : Perkawis istilah tahapan Al-Qur’an mah kieu :
Istilahna teh Al-Qur’anul Majid
Istilahna teh Al-Qur’anul Karim
Istilahna teh Al-Qur’anul Hakim
Istilahna teh Al-Qur’anul Adim
Ieu Qur’an anu 4 (opat) istilahna teh,
disarurahan ku sabagian Ajengan mah kieu :
Al-Qur’anul Majid
Nyaeta Qur’an anu aya Hurufna, anu
umum sok dibaraca/di araji ku kaum Islam sadunya.
Al-Qur’anul Karim
Nyaeta Qur’an anu Mulya, tapi ari
bukti barangna mah nyaeta eta keneh anu aya tulisannana.
Al-Qur’anul Hakim
Nyaeta Qur’an anu Adil tapi bukti
barangna mah, eta keneh bae, Qur’an anu aya tulisannana.
Al-Qur’anul Adim
Nyaeta Qur’an anu Suci, palebah bukti
barangna,….anggeur eta keneh anu aya tulisannana. Sabab cenah dianggap Suci
sareng langgeung hukumannana ti dunya tug tepi ka akherat.
Jadi disurahannana ku ahli Sara, bet
diborong, opat istilahna, oge opat tahapannana, tapi barangna mah eta keneh-eta
keneh.
Tah lamun kitu rai…!, atuh sarua bae
sareng Mi Gusti kana barang anyar, kapan Kitab Al-Qur’an anu aya tulisannana
mah di tulisna oge ku manusa, oge keuna ku ruksak, naha bet dianggap mulya..?,
dianggap agung…?, dianggap suci…?, tur dianggap langgeung deuih…?.
Rd. Muslimat : Tapi…kang, pamadegan kitu teh, panginten anggapannana
kapan ayat-ayat Al-Qur’an teh pangandika Allah, pikeun tuduh jalan tea.
Rd. Muslimin : Leres…, Al-Qur’an teh mangrupa kumpulan tina ayat-ayat
Pangandika Allah…, tapi dina palebah ngama’naan istilah sareng tahapannana mah
ulah salancar, eta teh nuduhkeun Masing kapanggih eusina, sing kapanggih
barangna, sing kasungsi sareng anu Ngandikana.
Geuning Pangandika Rasululloh oge : “
WA ASMAIHI TA’ALA ABADAN BIL KUFRO ”. Anu hartosna : Saha-saha jalma anu ngan
ngaji Asma Allah Ta’ala, badis tetep kafir “ (lamun teu katimu barangna).
Isarat tina eta hadist, mere tuduh supaya ngaji teh sing Ngajinis. Ulah
ngadeluk dina Asma, atawa ngadeluk dina pituduh, atuh moal tepi-tepi.
Rd. Muslimat : Ari saleresna…, kumaha atuh ngamaknaan eta istilah sareng
tahapan Qur’an teh ?
Rd. Muslimin : Geura kieu rai..!, urang terangkeun :
Al-Qur’anul Majid
Eta mah cocok barangna nyaeta Qur’an
Majaji (Sareat) anu buktina aya Huruf/Aksarana,
Al-Qur’anul Karim
Anu hartina Qur’an anu Mulya, ari
bukti barangna nya Panangan katut Ramo. Sabab sidik jolna eta Aksara/huruf teh
kapan ditulis ku panangan katut ramo-ramona.
Al-Qur’anul Hakim
Anu dihartoskeun Nyaeta Qur’an anu
Adil ari bukti barangna nyaeta Paninggal / Soca. Sabab eta panangan katut
Ramona teh moal bisa nulis kalawan sampurna upami teu aya Paninggal/Panon mah.
Al-Qur’anul Adim
Anu hartosna Nyaeta Qur’an anu Suci
sareng Langgeung, palebah bukti barangna nyaeta Hirup. Sabab boh panangan katut
Ramona, boh paninggal/panon nya moal tiasa nanaon upami henteu aya Hirup mah.
jadi sategesna anu Suci, nu Langgeung teh, nyaeta Hirup anu mimiti ngayakeun
eta Al-Qur’an.
Tah kitu Rai..!, perelean eta opat
istilah Qur’an teh. Kusabab kitu, upami rai… hoyong dugi ka nu Suci-na, kana
sampurnana eta Qur’an, wayahna kedah di Aji sadayana.
Mimiti urang kedah kersa maca Qur’anul
Majid, eta bagian Elmu Sareat. Saparantosna dibaca kedah teras di aji (diajen)
dihartikeun pimaksudeunnana. Upami parantos kahartos, geura pilari bari
dipidameul Tarekatna sangkan karasa. Margi eta Qur’anul Majid, mangrupa tuduh
jalan pikeun Uninga ka Allah, ka Rasululloh. Carana lian ti ku Tarekat nyaeta :
Qur’anul Karim, hartosna ngaji
padamelan Panangan sareng Ramo, anu sakira baris kauninga tur dugi ka Hakekat
Allah, ka Hakekat Rasululloh, sangkan panangan sareng ramo-ramona teh jadi
Mulya.
Tina Qur’anul Karim…, ningkat deui
kana Qur’anul Hakim, ieu mah bagian Elmu Hakekat. Nyaeta ngaji padamelan
paninggal/panon. Tegesna Sidik kana barang nu Langgeung, nyaeta Hakekat Allah
Ta’ala sareng Hakekat Muhammad Rasululloh, nya anu disebat oge Qur’anul Adim
anu langgeung tea, atawa Sifatna Hirup. Sanggeum dalilna oge : “ RU’YATULLOHI
TA’ALA FII DUNYA BI’AENIL QOLBI ”. Hartosna : Ningali Hakekat Allah Ta’ala ti
dunya ku awasna mata qolbu/hate. Tegesna kedah ku Hakekat Rasululloh, da sifat
jelema mah moal aya anu Ma’rifat ka dinya, da jelema mah ngan ukur dipake
tempat keur ningali Rasululloh ka Allah Ta’ala.
Tah samangsa-mangsa Wujud urang
parantos tiasa dipake ningalina Rasululloh ka Allah Ta’ala, tangtu ramo urang
tiasa nyaritakeun yen parantos ngaku terang ka Allah, lantaran parantos
dipasihan terang ku Rasululloh. Jadi urang mah kabawa ni’mat ku Rasululloh ti
dunya dugikeun ka akherat.
Rd. Muslimat : Aduh… hatur nuhun kang..!, perkawis opat istilah Qur’an
parantos dijelaskeun bari sareng hakekatna. Nanging aya keneh ka panasaran..,
anu bade ditaroskeun teh, eta aya cariosan kieu : “ ARI NGAJI TEH SING
NGAJINIS, NGAJI QUR’AN TEH OMAT SING PANGGIH ALIPNA”, margi ceunah upami ngaji
teu kapanggih Alipna, bakal A – I – U Saumur-umur oge. Kitu tah…kang…!, rai mah
masih keneh bingung.
Rd. Muslimin : Eu..euh…kitu, atuh et amah kedah diterangkeun :
◘ RUMUSAN QUR’AN SARENG TUMERAPNA DINA
DIRI
Kieu geura rai…! :
Ari Al-Qur’an teh seueurna 30 Juz, ari sa-Juz-na teh 9 Lembar. Pek
kalikeun 30 Juz x 9 Lembar = 270 Lembar.
Terus jumlahkeun 2 + 7 + 0 = 9
Ayeuna terapkeun sareng Diri Manusa, dina kandungan Indung lamina 9
Bulan, ari sabulan teh 30 poe. Pek dikalikeun 9 bulan x 30 poe = 270 poe. Terus
jumlahkeun 2 + 7 + 0 = 9
Cing kumaha tah… rai !, upama ku katerangan kitu..?, da ceuk engkang mah
pas.. Ari dina Qur’an mah 30 Juz sareng 9 Lembar, di diri manus amah 9 bulan
sareng 30 poe. Urang teraskeun deui :
Ari eusina anu 30 Juz teh, nyaeta 114 Surat sareng 6666 Ayat. Terus
urang jumlahkeun : 114 Surat : 1 + 1 + 4 = 6
6666 Ayat : 6 + 6 + 6 + 6 = 24
dijumlahkeun : 2 + 4 = 6
Tah anu 6666 Ayat teh, ari sari patina mah kawengku ku 7 (tujuh) Ayat,
nyaeta SURAT AL-FATIHAH. Anu matak pantes atuh, solat oge henteu sah upama
henteu maca Al-Fatihah. Anu 7 (tujuh) Ayat oge (Surat Al-Fatihah), ari sari
patina mah kawengku ku sa-Ayat, nyaeta Ayat AL-BASMALAH
(BISMILLAHIRRAHMANNIRROHIM). Cing rai..!, sabaraha Kecap / Engang eta “ Bismillahirrahmannirrahim”
teh ?
Rd. Muslimat : Mangga ke … urang etang : BIS – MI – LA – HI – ROH – MA –
NI – RO – HIM. Janten 9 (salapan) Huruf kang..!.
Rd. Muslimin : Tuh geuning pas, sareng jumlahna anu 30 Juz x 9 Lembar
tea, 270 Lembar dijumlahkeun deui jadi sami 9. Anu mawi 270 Lembar, 114 Ayat,
6666 Surat teh, sari patina kawengku ku Surat Al-Fatihah (7 Ayat), kawengku
deui ku sa-Ayat ( Bismillahirrahmannirrahim), anu jumlahna tetep 9 (salapan).
Cing ayeuna ku rai pilari, cocokeun, jiniskeun, naon barangna dina diri….?
Rd.
Muslimat : Bade…. Nyobi-nyobi kang …..
Soca : Ka ancikan Awas
Cepil : Ka ancikan Dangu
Pangambung : Ka ancikan Angseu
Baham : Ka ancikan Ucap
Uteuk : Ka ancikan Eling
Hate : Ka ancikan Pikir
Saraf : Ka ancikan Rasa
Panangan : Ka ancikan Obah/Gerak
Sampean/Suku : Ka ancikan Lengkah
Oge tiasa disurupkeun ka anu
ngawakilan Rasa :
Soca : Aya 2
Cepil : Aya 2
Pangambung : Aya 2 liangna
Baham : Aya 1
Palarangan : Aya 1 liangna
Bujur : Aya 1 liangna
Jumlah = 9 (Salapan)
Kumaha upami pamendak rai…., kitu kang
?
Rd. Muslimin : Tah geuning tos rada calakan ayeuna mah. cing ayeuna
geura pilari, surupkeun naon barangna dina diri, anu jumlahna genep, tina
jumlahan Ayat anu 6666 sareng 114 Surat tea…!.
Rd. Muslimat : Ah.. ragu-ragu keneh kang…!, saena sakantenan terangkeun
ku engkang…!.
Rd. Muslimin : Ari anu Genep mah, surupna teh ka anu bukti (lahir), sareng
ka anu teu bukti (batin) :
Anu Bukti (Lahir) :
Mastaka (ti beheng ka luhur) = 1
Panangan = 2
Awak (ti taktak tepi ka bujur) = 1
Suku = 2
Ari anu teu bukti (Batin) :
Dzat (Hirup) anu ngaliputan
Nur (Sifat Hirup)
Sir (Rasa )
Roh (Nyawa)
Qolbu (Hate )
Nafsu (Akal )
Tah anu genep ieu, booh anu batin boh
anu lahir, dina sarining dumadina dibagi ku 3 (tilu) nyatana : TEKAD, UCAP,
LAMPAH, jadi dua-dua, anu nyaksi sareng anu disaksi :
Tekad disaksi ku Rasa
Ucap disaksi ku Ceuli
Lampah disaksi ku Panon
Kitu rai…, sari pati sarining laku
urang siang wengi anu kudu ati-ati teh, bisi ti soledat. Boh ti soledat Tekad,
ti soledat Ucap, oge ti soledat Lampah, ku pangaruhna ki Nafsu anu sasarannana kana
Tahta, Harta, Wanita/Pria.
Rd. Muslimat : Lerse pisan kang…!, paingan sanggeum sepuh : Lamun maneh
hayang salamet hirup, poma sing bener tekad, ucap, jeung lampah. Sing horeng
geuning mangrupi Patokan anu utama pikeun sapanjang di umbarakeun di Alam Dunya
ieu. Cing kang…!, kapalang surupna anu jumlahna 7 (tujuh) tina Ayat Surat
Al-Fatihah tea…!.
Rd. Muslimin : Dupi anu jumlah 7 (tujuh) mah rai…!, upami bade surupkeun
: kana 4 (opat) indera, geura jumlahkeun :
Soca aya 2
Cepil aya 2
Panganbung aya 2
Baham aya 1
Upami bade di surupkeun kana
Sa-Adeging Diri mah kieu :
1. Soca 2. Cepil 3. Pangambung 4.
Baham 5. Panangan
6. Palarangan 7. Sampean
Rai…!, ku tujuh rupi ieu, anu tiasa
ngabuktikeun kana hasil Batin ( Cipta, Rasa, Karsa ). Laku anu tujuh ieu anu
ngawengku sagala tekad jalma. Tapi euihh….rai…!, tiasa ayana Cipta – Rasa –
Karsa sareng Karya teh, upami manusa anu kakucuran Taufik sareng Hidayah, tiasa
mencrang kalbuna, emutannana, da anu henteu mah geuning disebatna oge Poekeun
Pikir. Tah pangna aya Mencrang, Caang teh , eta anu kakucuran Welas sareng Asih
Nu Maha Suci. Ari sifat welas asih Allah teh, kapan kaunggeul dina, Ayat : BIS
– MI – LA – HI – ROH – MA – NI – RO – HIM (kecap aya 9, ari hurufna aya 24 ).
Salajeungna rai..!, eta ayat “ BISMILLAHIRROHMANNIRROHIM” teh, museurna dina
huruf Be ( ﺐ ). Geuning ari ngaji sok dikawitan ku ngucapkeun Bis heula. Tapi
sing emut…!, sok sanaos dikawitan ku Lafad Bis, kapan ari huruf Qur’an mah,
samemeh Be teh aya huruf Alip ( ﺍ ). Jadi dina enas-enas n amah ngaji teh
nareangan tur masing kapendak eusina Alip. Ari Alip ( ﺍ ) kapan di ejahna teh
kieu :
Alip dijabar = A
Alip dijeer = I
Alip dipees = U
Upami teu kapanggih eusina Alip,
Saumur-umur oge ngajina a – i – u. Kitu tah rai…!.
Rd. Muslimat : Kumaha kang….!, upami sakantenan bae atuh, rai pasihan
gambaran supados henteu a – i – u, ngaji cangkang bari kana eusina mah lebeng.
Rd. Muslimin : Kieu geura rai..!, sakadar gambaran : Ari aksara Alip teh
di wangun ku huruf A, L, P.
A tegesna Kadim nyaeta Hirup
L tegesna Kidam nyaeta Rasa
P tegesna Mukadas Kadim nyaeta Wujud
Jadi Alip ( ﺍ ) teh rai…!, gambaran
ADEGAN DIRI anu diwangun ku Hirup, Rasa, Wujud.
Ti dinya kakara arek gelar, nya kana
Lafadz :
BIS = Asal / Bakaling Hurip
MI = Mulyaning Hurip
LLAHI = Sajatining Hurip
ROHMAN = Sifat Welas
ROHIM = Sifat Asih
Ningkat deui kana Lafadz Al-Hamdu (ﺍﻠﺤﻤﺪ
), 5 (lima) huruf/kecap nyaeta : A – La – Ha – Ma – Da (ﺍ- ﻠ - ﺤ - ﻤ - ﺪ ). Ieu
janggelekna tina kudu boga Rasa – Rumasa ti manusa, asal ti Mantenna, atuh usik
malik ku Mantenna, sapantesna kudu Muji, Ruku, Sujud, ka Manten-Na. hiji ciri
yen Martabat manusa sahandapeun MantenNa, nya dibuktoskeun tina Huruf/kecap
Alhamdu teh jadi pagawean wajib 5 (lima) Waktu :
Huruf Alip jadi Lohor
Huruf La jadi Ashar
Huruf Ha jadi Magrib
Huruf Ma jadi Isa
Huruf Da jadi Subuh
Anu jumlah rokaatna sadayana aya 17
(tujuh belas) rokaat.
Gambarannana Sapertos kieu :
Huruf Al-Fatihah nyaeta Wujud tina
Sholat 5 Waktu
Dicandak tina Kecap “Al-hamdu”
ﺍَﻠـﺤﻤﺪُ
Perwujudan : At-Tahiyat - Sujud -
I’Tidal - Ruku - Kiyam ( Takbiratul Ikhram )
Rd. Muslimat : Cing kang…..!, manawi aya pereleannana deui..?
Rd. Muslimin : Kantenan aya mah, kieu geura :
Waktu Lohor : Pangna aya 4 rokaat, sabab dina diri manusa aya Nafsu /
Akal, anu jalanna kana Panon (2) sareng Cepil (2).
Waktu Asar : Pangna aya 4 rokaat, sabab dina diri manusa aya Roh / Jiwa,
anu jalanna kana Panangan (2) sareng Sampean (2).
Waktu Magrib : Pangna aya 3 rokaat, sabab dina diri manusa aya Sir /
Rasa, anu jalanna kana Irung (2 liang) sareng Baham (1 liang).
Waktu Isa : Pangna aya 4 rokaat, sabab dina diri manusa aya Nur /
Cahaya, di sabab Madhab ( Harep, Tukang, Kenca, Katuhu ).
Waktu Subuh : Pangna aya 2 rokaat, sabab dina diri manusa aya Hirup, anu
rumaket sareng Jasad.
Atuh dina saban rokaat oge kapan aya 5
(lima) gerakan :
Takbiratul Ikhram, eta gambaran tina huruf Alip ( ﺍ )
Ruku, eta gambaran tina huruf Lam Awal ( ﻞ )
Sujud, eta gambaran tina huruf Lam Akhir ( ﻞ )
Lungguh, eta gambaran tina huruf He ( ﻪ )
Anu matak rai….!, pantes yen Solat teh
sok disarebat Tihangna Agama, janten pagawean Fardhu, cirina jalma anu
ngabogaan Rasa, Rumasa jeung Tumarima. Ngan sing emut yen Solat mah nomer dua,
da nomer hijina mah Sahadat dina Rukun Islam oge, et amah da tatapakannana
atawa pondasina.
Rd. Muslimat : Naha pangna kitu kang…!, naha aya asal usulna..?
Rd. Muslimin : Iiiih… atuh kantenan ay amah ….!. Piraku can kapaham
keneh, kapan gelarna Agama oge sami wiwitanana mah tina poko anu kantos diterangkeun
ti payun, nyaeta :
Ayana Sahadat teh tina Johar Awal, janten
Lafadz Ashadu ( aya 4 (opat) huruf/kecap : A – Sa – Ha – Da ) :
A Jadi Dzat = Alip ( ﺍ )
Sa Jadi Sifat = Lam Awal ( ﻞ )
Ha Jadi Asma = Lam Akhir ( ﻞ )
Da Jadi Af’al = He ( ﻪ )
Ayana Solat, tina Cahaya Berem
Ayana Zakat, tina Cahaya Koneng
Ayana Puasa, tina Cahaya Bodas
Ayana Munggah Haji, tina Cahaya Hideung
Tah kitu asal usulna mah rai..!. anu
larapna atawa prakna ibadah, sakumaha parantos diterangkeun ti payun, yen
Sareatna, Tarekatna, oge Hakekatna sareng Ma’rifatna.
Rd. Muslimat : Hatur nuhun kang….!, paingan sagala rupi oge kedah pendak
pokona nya, geuning balik deui, balik deui kadinya. Kang mengpeung teu acan
tebih ieu obrolan, eta mugi dijelaskeun kecap Dzattulloh, Sifatulloh,
Asmaulloh, Af’allulloh….!
Rd. Muslimin : Euhh…perkawis eta…, insya Allah urang jelaskeun. Anging
hanjakal ….ieu parantos waktos neteupan Asar…!, atuh netepan heula…!, teras
engke urang sambung deui ieu obrolan teh.
Wassalam ………! ( Bersambung ka Jilid
III )
KITAB LAYANG MUSLIMIN MUSLIMAT JILID-3
Lanjutan Jeujeur Carios
anu kapungkur......!
Raden Muslimin sareng raina Raden
Muslimat, saparantos netepan Asar…, teras ngabarujeng deui ka Bale Paguneman,
neraskeun hanca obrolannana.
Rd. Muslimin : Alhamdulillah rai…, urang dipasihan sehat, kiat,
mugi-mugi bae saterasna Allah Ta’ala ngucurkeun rahmat, kasalametan, oge
kalancaran dina raraga urang madungdengkeun ieu Elmu Agama. Amin…….
Urang teraskeun hanca garapan obrolan
urang, anu dipiharep ku rai teh nyaeta perkawis : Dzatuuloh, Sifattulloh,
Asma’ulloh, Af’alulloh.
Rai…!, eta anu 4 (opat) perkawis,
insya Allah urang dadar sakaterang engkang, boh luarna boh jerona :
Luarna :
Ari Dzatulloh teh, nyaeta ALAM disebatna, anu ngawengku Alam semesta
(Alam Dunya).
Ari Sifattulloh, nyaeta CAANG satungkebing Langit. Margi Nu Maha Agung
mah, Hiji Dzat-Na, Hiji Sifat-Na, tapi mahi ngaliputan kana saniskara anu
ngajadi. Istuning henteu aya anu kaluar tina Dzat Nu Maha Suci.
Ari Asma’ulloh mah nyaeta Seneu, Angin, Cai, Taneuh. Tah…eta Asma nu
Maha Suci…, hiji mahi ka sadayana. Margi eta anu opat teh jadi huruf, jadi
lafadz Asma Allah ( ﺍﷲ ) : ALIP ( ﺍ ), LAM AWAL ( ﻞ ), LAM AKHIR ( ﻞ ), HE ( ﻪ
).
Ari Af’alulloh teh, nyaeta nyata HAWA, anu ngahirupkeun sa-Jagat.
Kumaha rai..!, karaosna…?, surup
sareng lelembutan…?, atawa masih keneh bingung….?.
Rd. Muslimat : Saha jalmina….. anu henteu ngartos kana eta katerangan
anu sakitu jentrena. Kantun ayeuna hoyong terang nyasarna kana diri…!.
Rd. Muslimin : Upami rai teu acan uninga, kieu geura :
Dina Diri mah :
Dzatulloh = nyatana BADAN SAKUJUR,
tiluhur sahibas mastaka, ti handap sahibas dampal sampean.
Sifatulloh = nyatana RUPA URANG, moal
salah.
Asmaulloh = nyatana DAGING, TULANG,
SUMSUM, KULIT. Ieu anu opat.., sami di Dohir oge jadi huruf Asma Allah ( ﺍﷲ ) :
ALIP ( ﺍ ), LAM AWAL ( ﻞ ), LAM AKHIR ( ﻞ ), HE ( ﻪ ).
Af’alulloh = nyatana mah USIKNA DIRI,
usik malik badan urang.
Rd. Muslimat : Ke..kang.., naha..?, kapan tadi oge… Allah Ta’ala teh
mung hiji. Atuh upami disurupkeun kana saban-saban diri manus amah…, panginten
Allah teh mang pirang-pirang…salobana manusa di ieu Dunya, teu acan deui
sasatoan.
Rd. Muslimin : Naha…? Ari rai…, bet kaliru teuing..? cing cobi rai…!,
geura angkat kanu rame, kanu seueur jalmi mang juta-juta, pek sidik-sidik
tingalian sugan aya anu sarupa persis sareng rupi diri rai. Da … pangemut
engkang mah, sanajan di sakuliah dunya oge, moal aya nu sarupa, sapamulu, anu
ceples taya bedana. Sok sanaos anu kembar oge, tetep kedah aya cirri anu
ngabedakeun.
Rd. Muslimat : Eeh…leres…nya ?, upami kitu mah…, da rupi rai mah sadunya
oge moal aya anu sami, paling-paling ampir sami. Eta rupina tawisna Allah mung
hiji. Kahartos ayeuna mah kang..!, manawi aya terasna…?
Rd. Muslimin : Kantenan….aya keneh terasna. Geura ieu urang wincik deui.
Eta anu diterangkeun di luhur teh, upami diringkeuskeun mah….kieu :
Eta DZATULLOH teh, nyaeta PANGUCAP urang. Margi eta Pangucap teh
istuning atu ngajadikeun sagala karamean di Alam Dohir. Upami henteu ku
Pangucap…, gerura moal jadi sagala kahayang manusa teh, gedong-gedong moal
jlug-jleg, kendaraan moal rapang jsjb. Jadi ramena ieu alam dunya teh lian ti
ku kecap, tegesna ku caritaan. Da… kapan tadi oge Dzat teh mangrupa Bibitna.
Ari SIFATULLOH mah, nyaeta PANINGGAL urang. Eta anu mere tuduh kana
sagala sifat, anu hade - anu goreng, oge pada kumpul gulung dina Paninggal,
satungkebing langit, satungkebing bumi. Sakur sifat kana Soca gulungna : Caang,
poek, berem, bodas jsb. Anu matak Soca disebat Sifattulloh.
Ayeuna ASMA’ULLOH, nyaeta PANGDANGU urang. Cepil wadahna. Kieu
katerangannana : Geuning nyata sakabeh sora kumpul gulungna kana Cepil. Ayana
cariosan, sakur-sakur anu diharuskeun ku Baham, eta sadayana Asmaulloh. Asupna
moal leupat deui, iwalti ti kana Cepil.
Kantun AF’ALULLOH, ari sareatna anu aya dina diri nyaeta NAFAS urang.
Kaluar asup mangrupa wawayangan Sifat Hirup tea, anu ngawengku nguatkeun
sakabeh wujud, eta pisan anu jadi tihangna. Da …, upami henteu aya nafas mah,
tangtosna oge maot. Tah palebah dinya…, wajib pisan ku urang kaharti, Nafas teh
.. lamun kaluar…kamana dumukna..?, nyakitu deui lamun ka jero badan dimana
enggon ngancikna ? Da moal leungit tanpa sabab, tangtu aya tempatna.
Rd. Muslimat : Sumuhun…puguh upami ngemut ka palebah dinya… matak paur,
matak reuwas…, sieun les bae pupus. Cing…kang…!, kumaha …supados ngartos…!.
Rd. Muslimin : Naha..make paur ?, kapan tadi oge Allah Ta’ala mah Sifat
Adil, nya buktosna ku nurutkeun Elmu, Sareat, Tarekat, Hakekat, Ma’rifat. Tah
eta teh perjalanan…, jalan manusa baralik deui kana asalna baheula, nyaeta …
tempatna ROH urang waktu di QODIM, waktos di KUDRATTULLOH. Anu matak urang
ayeuna kedah kersa milarian Elmu Ma’rifat. Nyaeta ma’rifat ka asal tadi,
sangkan puguh pangbalikan. Ulah henteu puguh jugjugeun. Heug bae kasasar di
jero imah, linglung di jero lembur, utrak atrok, ngancik dina kayu, dina batu
ngajungjurigan ka batur, paeh henteu sampurna, henteu Wa ina ilaihi riji’un.
Tah…rai..!, lamun kitu.., hartina teu boga tempat…, atuh bebekelan beunang hese
cape ngalakonan amal ibadah waktu di Dohir teh, nyaah temen pabalatak,
acak-acakan henteu puguh wadahna.
Kitu upamana rai..!, anu mawi teu
weleh-weleh engkang mepelingan, kedah langkung ati-ati enggoning ibadah teh
kedah sareng ma’rifatna kana asal-usul urang jaman nuju di QUDRATTULLOH, margi
eta…pangbalikan anu sajati teh.
Rd. Muslimat : Da…yaktos pisan kitu,…seuseueurna teh .., aribadah keur
dipangumbaraan teh, maksadna mah kukumpul pibekeleun mulih ka tempat asal. Tapi
ari tempat piwadaheun bebekalan, sok tara diemut kalawan daria. Antukna sok
nemblehkeun kumaha engke bae, kumaha Anu Maha Agung. Atuh kitu mah, sami bae sareng
ngadameul bujang ka Nu Maha Suci teh. Kang..!, tadi mah DZATULLOH, SIFATULLOH,
ASMA’ULLOH, AF’ALULLOH teh nembe diluarna, tah ayeuna kumaha ari di jerona…?
Rd. Muslimin : Insya Allah, ayeuna urang terangkeun di… Jerona
(Hakekatna). Kieu rai..!, hakekatna perkawis :
Dzatulloh : Nyaeta RASA, moal lepat deui…!
Sifatulloh : Nyaeta NUR DZAT (anu Caang Narawangan), disebut oge Johar
Awal, disebut oge Hakekat Muhammad, atau Bahrul Hayat (Sagara Hirup) atawa
JATINING SYAHADAT.
Asmaulloh : Nyaeta NUR MUHAMMAD (Cahaya opat warna) :
NARUN (NURUL AHMAR/BEREM) NGAJADI HURUF ALIP ( ﺍ )
HAWAUN (NURUL ASHFAR/KONENG) NGAJADI HURUF LAM ( ﻞ )
MAUN (NURUL ABYAD/BODAS)
NGAJADI HURUF LAM ( ﻞ )
TURABUN (NURUL ASWAD/HIDENG) NGAJADI HURUF HE ( ﻪ )
Ari NUR DZAT atau JOHAR AWAL janten Hakekat Tasjid ( ω )
Tuh geuning sidik Lafadz Asma Allah.
Eta ku rai… kedah kapendak upami nuju ngalakonan Ismu Dzat, margi eta disebat
Bahrul Adam (Sagara Adam), nyaeta tempat kasampurnaan Jasmani (Jasad).
Af’alulloh : Nyaeta AWASNA ING DALEM (Awasna mata qolbu/hate), dina
waktu Tazalli. Tah eta teh Af’alna Allah Ta’ala.
Rd. Muslimat : Aduh…hatur nuhun pisan kang..!, ayeuna mah rai teh
Taohid, parantos tutug perkawis Dzatulloh, Sifatulloh, Asma’ulloh, Af’alulloh,
boh luarna (Alam Kabir), boh surupna dina diri (Alam Sagir), oge dijerona
(Batina). Naming… mugi engkang ulah bosen..!, margi rai teh bade naroskeun
deui, masih keneh bingung…. Perkawis Kanjeng Nabi Muhammad Rasululloh SAW,
janten kacapangan jalmi, sok disarebat “ WAL AWALU WAL AKHIRU “ (Pang awalna,
oge pang akhirna). Malah sok disarebat Khotaman Nabiyin (Nabi Panutup) deui.
Tadi engkang nyabit-nyabit Nur Dzat, Johar Awal atawa Hakekat Muhammad. Palebah
dieu… rai teh terus terang bingung keneh. Kana maknana eta basa. Panginten moal
luar wungkul, pasti aya jero-jerona.
Rd. Muslimin : Atuh puguh bae… ay amah teuleumannana. Upami rai teu acan
ngartos perkawis Nabi jungjungan urang, pangna disebat pang awalna sareng pang
akhirna, oge disebat Nabi Panutup…., kieu geura :
Ku engkang… parantos didadarkeun
perkawis…
Secara BATIN-NA (Hakekatna) : Ari Nur Dzat atawa Nurulloh, atawa Johar Awal,
atawa Hakekat Muhammad Rasululloh teh, mangrupi Bahrul Hayat (Sagara Hirup),
bibit 7 Lapis Langit, 7 Lapis Bumi. Jadi saniskara anu aya teh henteu pajauh,
henteu pisah sareng Allah sareng Muhammad. Moal aya Muhammad lamun henteu aya
Allah, sawangsulna moal aya Allah upami henteu aya Muhammad. Rai..!, Allah
sareng Muhammad Rasululloh teh ibarat Panas sareng hurungna seneu gulung
ngajadi hiji (manunggal). Moal aya sifat hurung, upami henteu aya panas. Panas
oge pon kitu deui moal aya, upami sifat seneuna leungit. Tah….. kitu pangna
disebat Awalna teh …, ayeuna urang terangkeun secara Syareatna :
Secara LAHIR-NA (Syareatna) : Saparantos gumelar Nabi Adam sareng Babu
Hawa, kapan pangna tiasa putraan teh, kusabab Sapatemon Rasa. Ari rasa kapan
hakekat Rasululloh, da upama henteu aya Rasa mah…. di dua-duana moal kaluar
Mani. Ari eta Mani… kapan Hakekat Adam. Jadi jelas atuh, da Adam teh Sorotna
Hakekat Muhammad (Nur Dzat), nyaeta sorotna Rasa. Eta mani, lila-lila mangrupa,
ngawujud kieu : jadi SIRAH, jadi DADA, terus jadi UDEL, jadi SUKU. Ieu jadi
Lafadz :
Tina SIRAH NGAJADI HURUF MIM AWAL (ﻣ )
Tina DADA NGAJADI HURUF HE (ﺣ )
Tina UDEL NGAJADI HURUF MIM AKHIR (ﻣ )
Tina SUKU NGAJADI HURUF DAL (ﺩ )
Nya…jadi Lafadz Muhammad (ﻤﺤﻤﺪ) jadi
Awal Wiwitan tina Alam Nur sareng Rasa, sareng Akhirna (Wekasannana) ngajanten
Badan/Wujud anu ngabungkus Nur sareng Rasa.
Rd. Muslimat : Eta katerangan engkang…, kahartos pisan, cocog kana
babasaan pang Awalna sareng pang Akhirna. Dupi eta aya basa Nabi Panutup….?,
naonnana kang….?.
Rd. Muslimin : Ngamaknaan basa panutup teh kedah kieu rai.
Panutup tina hal pangkat ka-Nabian, moal aya deui pangkat Nabi.
Panutup dina hal Elmuna anu ngawengku Rukun Agama, anu opat tahap
parantos kasungsi, nyaeta : SAREAT, TAREKAT, HAKEKAT, MA’RIFAT. Parantos
Ma’rifat sapaninggal Dzat – Sifat Maha Suci. Anu mawi Nabi Muhammad mah pangkatna
atawa titelna oge Rasululloh. Kitu tah…rai !, perkawis basa panutup mah.
Rd. Muslimat : Percanten atuh.. ari kitu mah paingan atuh … Nabi
Muhammad dina hadistna nganjurkeun ka umatna, yen Awal-walna Agama teh kedah
terang heula ka Allah. Dupi eta kang..!, sanggeumna Nabi Muhammad teh salaku
Luluguna para Rasul anu genep nyaeta :
Nabi Adam Khalifatulloh
Nabi Nuh Habiballoh
Nabi Ibrahim Kholilulloh
Nabi Musa Kalamulloh
Nabi Isa Rohulloh
Nabi Muhammad Rasululloh
Cing… kumaha eta teh kang…? Boh
sareatna boh hakekatna ?
Rd. Muslimin : Ari Sareatna mah…, ieu para Rasul teh salaku utusan
Allah, dina Jaman-na ngabingbing umatna waktu harita nalika Mantenna
jarumeneng. Ayeuna eta para Rasul teh ….parantos pada pupus, parantos pada sirna.
Tapi poma rai.., ulah kaliru..!, anu pupus mah Majajina (Wujud Jasmanina), moal
beda sareng manusa biasa, moal beda sareng urang… Hawadisna anu pupus mah, da
ari Rasulna (Rasana) mah henteu istuning Langgeung teu Owah Gingsir. Sakali
deui…, ari Hakekatna mah…, Rasul (Rasa) mah terus lumangsung…, malahan Rasul
anu genep, ngagulung kumpul dina hirupna. Kapan eta hirup teh sifatna mah
tangtu aya dina Diri urang anu masih gumelar di Alam Dohir.
Rd. Muslimat : Naon atuh Hakekatna para Rasul anu genep dina Diri Manusa
teh …..?
Rd. Muslimin : Ari… teu acan terang Hakekat Rasul anu genep dina Badan
urang…, kieu geura :
NABI ADAM “ KHALIFATULLOH “, tegesna wawakil Allah Ta’ala pikeun Bibit
nurunkeun manusa. Buktina sadaya manusa geuning ti Adam sareng ti Hawa. Ari
nyatana Adam dina diri urang, nyaeta ADEGAN, tiluhur sahibas mastaka tihandap
sahibas dampal sampean. Jadi Adam teh SA ADEG – SA WUJUD Irodatna Nu Maha
Kawasa pikeun nurunkeun manusa
NABI NUH “ HABIBULLOH “, nyatana di badan urang nyaeta PANGDANGU.
NABI IBRAHIM “ KHOLILULLOH “, nyatana di badan urang nyaeta PANINGGAL.
NABI MUSA “ KALAMULLOH “, nyatana di badan urang nyaeta PANGUCAP.
NABI ISA “ ROHULLOH “, nyatana di badan urang nyaeta PANGANGSEU.
NABI IBRAHIM “ RASULULLOH “, nyatana di badan urang nyaeta RASANA WUJUD.
Sasat Panghulu atawa lulugu sadaya Rasul (Rasa). Rasa Sakujur Badan (Adegan),
Rasa Pangdangu, Rasa Paninggal, Rasa Pangucap, Rasa Pangangseu. Pokona sakujur
badan pangna bisa usik malik, nangtung, lian ti ku Rasa.
Ari anu nguatkeun Rasa nyaeta ku
Hirup. Hirup anu ngokop kana Rasa, Rasa ngokop kana Wujud, Wujud ngokop kana
Kahayang (Nafsu anu opat rupa : Amarah, Lowamah, Sawiyah, Mutmainah).
Tah kitu rai…!, perkawis pereleanana
para Rasul anu genep, salaku luluguna Nabi Muhammad Rasululloh SAW.
Rd. Muslimat : Kahartos ayeuna mah.. geuning ari dijelaskeun hakekatna
mah jadi ebreh … eta para Rasul teh. Dupi eta…kang !, aya basa MUHAMMAD HAQ,
MUHAMMAD HAKEKI, MUHAMMAD HARID, sareng MUHAMMAD MAJAJI, kumaha katerangannana
?
Rd. Muslimin : Urang cobi engkang.. bade nerangkeun MUHAMMAD HAQ,
MUHAMMAD HAKEKI, MUHAMMAD HARID, sareng MUHAMMAD MAJAJI.
Kieu rai..!, perkawis eta opat titel
teh :
MUHAMMAD HAQ : Nyaeta Gulungna Dzat sareng Sifat anu rupina Caang
Dumeling.
MUHAMMAD HAKEKI : Nyaeta Sorotna Dzat sareng Sifat ngajadi Cahaya 4
(opat) Warna :
NARUN (CAHAYA BEREM) NGAJADI HURUF MIM ( ﻣ )
HAWAUN (CAHAYA KONENG) NGAJADI HURUF HE ( ﺣ )
MAUN (CAHAYA BODAS) NGAJADI HURUF MIM (ﻣ )
TURABUN (CAHAYA HIDENG) NGAJADI HURUF DAL (ﺩ )
Ngajadi Lafadz MUHAMMAD (ﻤﺤﻤﺪ)
MUHAMMAD HARID : Nyaeta Rasa Pribadi, sifatna Rasa Jasmani.
MUHAMMAD MAJAJI : Nyaeta Rupa Jasmani
Tina SIRAH NGAJADI HURUF MIM AWAL (ﻣ )
Tina DADA NGAJADI HURUF HE (ﺣ )
Tina UDEL NGAJADI HURUF MIM AKHIR (ﻣ )
Tina SUKU NGAJADI HURUF DAL (ﺩ
Kitu tah rai…!, pereleannana..!,
piraku teu ngartos.
Rd. Muslimat : Dupi eta anu disebat Nabi Muhammad Rasululloh SAW, anu di
kubur di Madinah…, naon eta kalebetna ?
Rd. Muslimin : Eta mah Muhammad Pangkat. Pangkat Nabi Rasululloh, utusan
Nu Maha Suci, anu ngagelarkeun Rukun Agama : SAREAT, TAREKAT, HAKEKAT,
MA’RIFAT. Gunana sangkan manusa mulus salamet keur di dunyana sareng engke di
akherat. Koncina kedah terang sareng prcaya Ayana Allah Ta’ala.
Rai…!, mung Nabi Muhammad anu kabagian
Ma’rifat kana Dzat Sifatna Allah Ta’ala, da …para Rasul anu sanesna mah henteu
kabagian Ma’rifat. Anu mawi Kanjeung Nabi Muhammad mah, Elmuna parantos tutug…,
janten panutup. Elmuna teh ngocor ka umatna.., kitu oge upami kapanggih. Kitu
tah…rai !, piraku bingung keneh.
Rd. Muslimat : Kahartos ayeuna mah…, geuning ebreh… ari parantos
dijelaskeun hakekatna mah…. eta jenengan anu opat teh. Ke….!, dupi eta.. aya basa
HAKNA ALLAH, HAKNA MUHAMMAD, HAKNA ADAM……, kumaha eta teh kang ?
Rd. Muslimin : Insya Allah engkang bade nyabi nerangkeun HAKNA ALLAH,
HAKNA MUHAMMAD, HAKNA ADAM :
Ari HAKNA ALLAH teh moal salah AWAS
Ari HAKNA MUHAMMAD teh nyaeta NU NGAWASKEUN
Ari HAKNA ADAM teh nyaeta NU DI AWASKEUN
Geura ku rai…emut..!, upami Awas
wungkul, tapi teu aya Nu Ngawaskeun, tangtuna oge luput/moal ngabukti. Kitu
deui… aya Awas sareng Nu Ngawaskeun, tapi henteu aya Anu di Awaskeun, tetep
moal jadi Elmu (kanyaho).
Jadi anu tilu ieu, ngantet henteu
pisah : DZAT, SIFAT, ASMA, ngahiji atawa ALLAH – MUHAMMAD – ADAM parantos
akrob, sareng dina Wujud urang. Tah anu tilu ngagulung, manunggal ngajadi hiji
antara : HIRUP – RASA – WUJUD/ADEGAN.
HIRUP Eta kanyataan Ayana Allah, moal teu aya.
RASA Eta kanyataan Ayana Muhammad Rasul, salaku utusan Allah.
WUJUD Eta kanyataan Ayana Adam Nabi, salaku Khalifah wawakil Allah.
Rd. Muslimat : Katerangan ti engkang…, gampil kahartos ku rai perkawis
anu tilu Hak Allah, Hak Muhammad, sareng Hakna Adam. Naming bade aya anu
ditaroskeun deui.., perkawis eta basa MAKHLUK sareng KHALIK, ku rai… teu acan
kahartos jinisna. Mugi engkang kersa ngajelaskeun, naon bedana teh ?
Rd. Muslimin : Perkawis MAKHLUK sareng KHALIK mah kieu :
MAKHLUK Nyaeta sakur anu nyareat (bukti anu aya di Dohir), anu
ngajarentul di Alam Dunya. Sanajan SENEU, ANGIN, CAI, TANEUH, JELEMA, SASATOAN,
TUTUWUHAN, kaasup oge NARAKA, SAWARGA, eta kabeh kaasup Makhluk.
KHALIK Nyaeta BIBIT DUNYA Bibit Langit, Bibit Bumi katut saniskara
eusina tea… anu kantos diterangkeun ti payun, nyaeta NUR MUHAMMAD (Cahaya anu
opat warna) anu langgeung teu kena ku ruksak.
Rd. Muslimat : Mugia engkang ngajabarkeun secara hakekatna Sifat Allah
anu RAHMAN sareng RAHIM, da saur Dalilna oge : “ KANG RAHMAN MURAHING DUNYA,
KANG RAHIM ASIHINING AKHERAT “. Naha naon hartosna ?
Rd. Muslimin : Kieu penjelasannana mah rai..!
SIFAT RAHMAN (Welas / Kamurahan Allah anu tumiba ka :
WUJUD, kapan buktosna masihan anggota kayaning : Panangan, Sampean,
Paninggal, Pangdangu, Pangucap, Pangangseu, Budi sinareng Akal.
ALAM, kapan buktos masihan Seneu, Angin, Cai, Taneuh, Panon Poe,
Bentang, Bulan, istuning sakitu kumplitna.
Tah eta pokona kamurahan Allah teh,
papak ka sadayana. Poma rai murahna Gusti teh sanes osok maparin rijki…, lain
kitu. Da perkawis rijki mah, gumantung jalmina, gumantung tiasa sareng henteuna
ngagolangkeun “ Modal ti Allah” nyaeta anggota tea, oge gumantung kana “
Elmuna” anu baris nyampurnakeun modal ti Allah tadi. Ti payun ku Engkang
parantos di kapayunkeun kieu “ Manusa tanpa Elmu, hirupna bakal kasasar “ teras
upami “ Manusa tanpa Agama, hirupna bakal kasasar”, atuh upama “ Manusa tanpa
seni, hirupna bakal kasar”.
Modal ti Allah (Anggota Badan) di
euyeubkeun ku Elmu, terus soson-soson daek ripuh heula, tawakal metakeun
anggota…, sageuy teu aya hasilna. Geuningan saur.. para sepuh oge sok ngawadian
kieu :
Lamun Hayang Ngakeul (Sangu), kudu daek Ngakal.
Lamun Hayang Nyokol (Kana Sambel), kudu daek Macul.
Lamun Hayang Kaya (Beunghar), kudu perceka.
Urang kudu ngareret ka bangsa deungeun
…, naha widang rijkina arunggul ?. Nyakitu tea, maranehna mah parantos mampuh
ngagolangkeun modal ti Allah di sarengan ku Elmuna cukup, uteukna, akalna
dipake mikir…, nya ngalahirkeun ( Cipta, Rasa, Karsa ), atuh anggotana
ngopepang, sukuna dipake ngalengkah, dipuserkeun kana ciptaan Allah dina Alam
Semesta nya bukti hasil karyana, mangfaat pikeun sakumna umat sadunya. Kapan
sanggeum hadist oge : “ WAMAN TOLABA SAEUN JIDHAN FA WA JIDAHU “. Anu hartosna
: Saha-saha anu temen pamentana ka Nu Maha Kawasa, menta bari jeung paksa.
Jadi rai..!, lain kudu di pisirik.., di
pikangewa bangsa deungeun teh !, tapi kedah di conto..!, palebah dinyana mah.
Poma ulah ngalepatkeun Allah, nyangka Allah pilih kasih, ngawilah-wilah …, et
amah urangna anu salah tanpa, … omat ! bisi nambahan doraka Rai !.
Rd. Muslimat : Rumaos… rai … bodo kang !, dugi ka gaduh emutan suudzon
ka Allah, nambih-nambih pidorakaeun. Ayeuna mah parantos kapaham perkawis “
Kamurahan Allah “ di Dunya (Dohir).
Ayeuna kantun SIFAT RAHIM ALLAH,
nyaeta “ Asih di Akherat”, naon nyatana ?.
Rd. Muslimin : Ari Asihna di Akherat teh …, piraku ku rai…henteu
karaos.., pek papay heula atuh !, ari Akherat teh naon ? nyatana di Badan urang
?
Rd. Muslimat : Dina leresan ieu mah…, rada poekeun keneh kang !
Rd. Muslimin : Bilih rai… teu acan ngarti, ari “ Akherat “ teh, nyaeta
ALAM RASA, buktina di Badan urang teh. Piraku henteu kapikir sareng henteu ka
rasa ku rai…, yen ieu kaayaan di Alam Dohir, boh anu di Cai, boh anu di Darat,
anu amis, anu asin, anu pait, anu lada, … cing kamana eta surupna ?
Rd. Muslimat : Manawi sapamadegan …, emutan rai mah… eta sadayana
surupna teh …nya kana RASA !, pangna aya Rasa sadumeh aya HIRUP. Leres kitu
kang ?
Rd. Muslimin : Tah…geuning parantos ngartos. Geura pek Manahan naon-naon
anu arasup kana badan…, anu nampi teh anging Rasa (Rasululloh). Ari Rasa kapan
henteu pisah sareng Hirup. Eta bakating ku asih-asihna kana saniskara anu bisa
usik malik.
Rd. Muslimat : Hatur nuhun kang !..., Rahman sareng Rahimna Allah
parantos kapaham. Ulah kapalang…, aya anu bade ditaroskeun deui… perkawis eta …
anu opat kecap : HIDAYAH, DARAJAT, NI’MAT, sareng ROHMAT. Rai masih keneh teu
acan ngartos kumaha ngaraoskeunnana ?
Rd. Muslimin : Mangga ku Engkang… urang cobi-cobi terangkeun HIDAYAH,
DARAJAT, NI’MAT, sareng ROHMAT.
Supados gampil kahartosna.., urang
cobi nganggo ibarat atawa upama. Upamana .. rai teh dina hiji waktu nuju
didamel di sawah, ti isuk-isuk keneh. Parantos tengh poe karaos hanaang sareng
lapar, atuh enggal-enggal Rai teh mulih ka bumi. Ari pek.. di bumi teh kasampak
suwung, di konci…nuju nyaraba. Ti dinya Rai teh mikir …teras bae ngabujeng ka
bumi saderek.
Barang sumping ka bumi saderek,
kasampak araya. Tah.. di dinya… dina manah rai.., tangtu nyebat “ Aduh Aing
Hidayah “, kaleresan nyampak araya. Ari pek teh deui… parantos tatahar…bade
taruang, katinggal rencangna lumayan. Ningali kitu dina manah rai tangtu
nyebatkeun “ Aing Darajat “ keur hanaang bari lapar…, ieu geus sadia. Atuh
habeuk bae… cacamuilan tuang ponyo pisan. Tah…dina manah rai tangtu nyebatkeun
“ duh… ieu dahar ku Ni’mat-ni’mat teuing.
Tapi biasana upami parantos neda
ni’mat, sok karaos rada leuleus, lesu, haroream obah-obah acan, kuduna mah
jagjag ari di asupan teh. Cing kira-kira naon margina ?
Rd. Muslimat : Moal …. Kitu anu disebat “ Teluh Kejo” mah ?
Rd. Muslimin : Aah…na…. kawas ka hayam…, ari paham Engkang mah kieu :
Ari sadayana katuangan teh pada aya “ ROH-na”, dina kakara asup mah, eta Roh-na
teh teu misah tina katuangannana, lantaran teu acan bubuk pisan, sasat teu acan
bijil “ Aci-acina”. Tah lami-lami…, saparantos bubuk, hampas sareng acina
misah. Hampasna kaluar deui, ari acina mah…ngajadi “ Getih”, saterusna surup
sinurupan. Tah ROH tina kadaharan…, tepung sareng ROH tina Jasmani, nya
ngajadikeun ROHMAT. Tah tina Rohmat…anu ngajadikeun Tanaga teh, murakabah ka
sakujur awak, jelas dangu, bengras tingali, harus sowara, da henteu barang
tuang mah, sowarana oge haroshos, tingalina ruam, dengena sok rajen torek. Jadi
lamun kurang barang tuang, bakal kurang Getihna, lamun kurang Getih bakal
kurang Rohmat, lamun kurang Rohmat bakal kurang tanaga. Kitu tah rai..!.
Rd. Muslimat : Leres pisan Kang !..., pantes atuh ari kitu mah…, eta ROH
tina katuangan teh … asalna tina 4 (opat) perkara nya kang ?, tina SENEU,
ANGIN, CAI, TANEUH tea, nya kajadian diri urang jadi : DAGING, TULANG, SUMSUM,
KULIT. Upami kieu jalan-jalanna mah…, Rai… jadi seu’eur kasieun naon-naon anu
bade diteda teh …., paur malindes kana diri.
Rd. Muslimin : Iih… atuh kantenan Rai !..., ka hiji…eta katuangan teh ..
kedah di sampurnakeun heula…, lamun henteu kitu bakal ngagorogotan kana sakujur
awak urang. Margi ti dinya pisan anu baris jadi Panyakit sareng Nafsu teh.
Kantenan upami artosna kenging ngarampas tina Hak anu sanes mah, atawa barang
kadaharan kenging maling…, pasti anu bogana ngado’akeun ka Nu Maha Kawasa,
supaya malindes kanu malingna. Omat …rai…, kedah ati-ati !, ulah jangji bres
bae anu di asupkeun kana patuangan teh !.
Rd. Muslimat : Iiih…. Kamalinaan…, gunning sakedap deui waktosna netepan
Magrib kang !. Cekapkeun dugi ka dieu heula.
SAPARANTOS NARETEPAN MAGRIB…. TERAS
NGABARUJENG DEUI KA BALE PAGUNEMAN, NERASKEUN DEUI HANCA OBROLANNANA PERKARA
ELMU AGAMA.
Rd. Muslimin : Cing… perkawis naon deui… anu ku Rai.. teu acan ka paham
?
Rd. Muslimat : Anu teu acan kapaham…. Ku Rai teh …, eta basa DALIL,
HADIST, IJMA, KIAS, anu sok didaramel pedoman para ahli enggoning ngabingbing
widang Agama. Tapi aya oge… anu nyanggeumkeun… yen Ijma sareng Kias mah kurang
kuat malah henteu dianggap sah. Kumaha gek-gekanana ?
Rd. Muslimin : Upami Rai… teu acan ngartos.., kieu pi hartieunnana eta
anu 4 (opat) basa teh :
Rai..!. ari anu jadi patokan teh …
kapan opat-opat geura contona :
RUKUN AGAMA (4) : Sareat – Tarekat – Hakekat – Ma’rifat
PA-TAUHIDAN (4) : Iman – Tauhid – Ma’rifat – Islam
KITAB ALLAH (4) : Tauret – Jabur – Injil – Qur’an
ISTILAH QUR’AN (4) : Qur’anul Majid – Qur’anul Karim – Qur’anul Hakim –
Qur’anul Adim.
Koordinator Malaikat (4)
MALAIKAT JIBRIL
MALAIKAT MIKAIL
MALAIKAT IJROIL
MALAIKAT ISROFIL
SAHABAT NABI (4) : Abu Bakar Sidik – Umar – Usman – Ali.
LAMUN HOYONG JELASNA TINGAL DINA TABEL RAQOM SARBA OPAT
ﻪ
ﻞ
ﻞ
ﺍ
ﺍﻓﻌﺎﻞ
ﺍﺴﻤﺎﺀ
ﺼﻔﺔ
ﺬﺍﺖ
ﻜﻤﺎﻞ
ﻗﻬﺎﺮ
ﺟﻤﺎﻞ
ﺟﻼﻞ
ﺪ
ﻢ
ﺡ
ﺍ
ﻋﺰﺮﺍﺋﻞ
ﺍﺳﺮﺍﻓﻴﻞ
ﻣﻴﮏﺋﻞ
ﺠﺒﺮﺍﺋﻞ
ﺪ
ﻢ
ﺡ
ﻢ
ﻓﻃﺎﻧﺔ
ﺗﺒﻠﻴﻎ
ﺍﻤﺎﻧﺔ
ﺻﺪﻳﻖ
ﻋﻠﻰ
ﻋﺸﻤﺎﻦ
ﻋﻤﺮ
ﺍﺒﻮﺒﻛﺮ
ﻋﺎﻠﻢﺇﻧﺴﺎﻦ
ﻋﺎﻠﻢﺃﺠﺴﺎﻢ
ﻋﺎﻠﻢﻤﺛﺎﻞ
ﻋﺎﻠﻢ ﺮﻮﺡ
ﺟﺴﺪ
ﻫﺎﺗﻰ
ﭙﺎﻮﺍ
ﺮﻫﺎﺴﻲ
ﻧﻔﺴﻮ
ﺪﺍﻱ
ﻋﻘﻞ
ﺮﺍﺴﻰ
ﭽﻤﺎﺮﻴﺔ
ﺍﻮﺮﻴﻪ
ﺗﻤﺑﻮﻧﻴﺔ
ﺗﻮﺑﺎﻧﻴﺔ
ﻤﺰﻯ
ﻤﺪﻯ
ﻤﻧﻴﮑﻢ
ﻤﺎﻧﻰ
ﺗﺎﻧﻪ
ﺃﻓﻰ
ﺍﺌﺮ
ﻫﺎﻮﺍ
ﻤﻧﻮﺲ
ﺷﻴﻃﺎﻦ
ﺠﻦ
ﻤﻼﺌﮑﺔ
Tah atuh… urang dina nganut Agama
Islam, pikeun patokan ageumanana nyoko kana : DALIL – HADIST – IJMA – KIYAS.
Janten lain ku omongan terus. Pikeun ka Akheratan mah kedah disarengan ku “
SAHNA IBADAH “, nyaeta kedah “ MA’RIFAT KANA DZAT SIFAT ALLAH, piwadaheun hasil
“ AMAL IBADAH URANG NUJU DI DUNYA”. Upami resep dina Asma (omongan) wungkul,
hartina… ngan resep dina “ PANUDUH, PANUNJUKNA”, atuh moal dugi-dugi ka anu
dituju…, nyaeta Asal Urang. Bongan teu di akalan, teu disorang jalanna, teu
diteangan carana, teu dipilari Tarekatna. Ibarat Rai… hoyong ka Kota Jakarta,
palebah prapatan, ningali Pilar make papan anu aya tulisan jurusan Jakarta
(make tanda panah). Ari Rai…, ngan nangtung bae… handapeun eta papan panunjuk
jalan… bari…. Terus maca eta aksarana, henteu ihtiar milari carana, tarekahna,
naha bade mapah, naha kana sapedah, kana motor, kana beus, kana sedan Jsb. Cing
upami kitu, bakal dugi moal ka Jakarta ?
Rd. Muslimat : Nya…. Tangtosna oge… atuh moal dugi.
Rd. Muslimin : Tah..eta “ PAPAN PANUNJUK JALAN “ teh ibarat Dalil,
Hadits, Ijma, anu matak carana, jalanna kudu ku Hukum Kias, geura talungtik…!,
kumaha “ Tarekat Ilmu “. Tarekat Elmu, ibarat kendaraan anu rupa-rupa, kantun
milih…, mana anu sakira leuwih gancang dugi, tiasa Ma’rifat kana Dzat Sifat
Allah Ta’ala.
Akang ngawawadian ka Rai.. bisi
kabujeng ku Pati, omat kedah enggal-enggal eta peser…. Ku Tarekat, kajeun rada
prihatin saeutik…. Ngurangan dahar sareng mondok.
Rd. Muslimat : Nuhun kang…insya Allah eta wasiat teh …, bade diestokeun
pisan ku Rai.
Naming…..ayeuna bade gentos hal.. anu
bade ditaroskeun …, nyaeta perkawis PUJI KAGUNGAN ALLAH, anu aya dina Qur’an. “
ALHAMDULILLAHI ROBBIL ALAMIN ”. Anu hartosna : Ari sakabeh puji, eta kagungan
Nu Maha Agung.
Tapi kalumrahannana jalmi,
patekadannana eta puji dzikir teh diangkeun “ Puji Manehna”, diangge muji ka
Allah. Da upami parantos muji dzikir…, pokna teh parantos muji ka Allah. Ana
sarupa kitu mah atuh puji manehna sanes puji kagungan Allah.
Rd. Muslimin : Rai !...., ari anu dilisankeun mah.. nya bener bae, eta
teh .. puji ti makhluk… neneda dihampura dosa ka Nu Maha Suci. Jadi puji lisan
ti urang ka Gusti Allah.
Rd. Muslimat : Ari anu sategesna PUJI ALLAH teh anu mana ?
Rd. Muslimin : Tegesna PUJI ALLAH mah..nya Wujud Urang Pribadi. Tah… ieu
Badan sakujur…… pujina Allah Ta’ala, tapi pikeun anu parantos Ma’rifat ka
Allahna. Ari anu teu acan Ma’rifat mah…, teu acan jadi pujina Allah. Dalil “
LAHAULA WALA KUWATA “ teh ..moal kapirasa, upami teu acan Ma’rifat mah…, ngan
ukur pangakuan biwir, tuturut munding, da atina mah teu ngarasa. Kumaha bade
ngaku henteu daya henteu upaya diri, upami henteu acan uninga ka “ Anu
ngobahkeun Jasmani”, nyaeta “ Sifat Roh” tea ( Sifatna Allah). Margi Rai !,
upami henteu uninga.., bisa-bisa ngangkeun Allahna teh …. Kana Roh-na pribadi.
Upami kitu jadi lepat… atuh teu acan dugi…, henteu acan sampurna Ma’rifatna ka
Nu Maha Suci teh. Sing emut Rai..!, anu parantos dugi mah.., sumawona ieu
Jasmani, sanaos Rohna pisan… jadi LAHAWLA WALA KUWATA, anging Dzat bae.. “
Nyalira ” anu jumeneng lahir batin. Upami parantos henteu dipiboga, istuning
ngarasa pakir miskin, ngarasa saperti rokrak, usik malik, diuk, nangtung teh
..ngan ku Qudrat – IrodatNa Nu Maha Suci. Tah..kitu Rai !,…sasat ibadahna,
amalna, tingalina, danguna, lisanna, ditarima ku Yang Maha Agung, parantos SAH
DZAT-NA, SAH SIFAT-NA, SAH ASMANA, SAH-AF’ALNA, enggoning hirupna di Alam Dunya
(Dohir).
Rd. Muslimat : Parantos kahartos… perkawis “ Puji kagungan Allah” mah
Kang !, salajengna bade nyambung kana perkawis Puji keneh…, nyaeta PUJI HADIS
ALAL HADIS, PUJI HADIS ALAL QODIM, PUJI QODIM ALAL QODIM, PUJI QODIM ALAL
HADIS. Ku Rai… teu acan kapaham.
Rd. Muslimin : Insya Allah Engkang bade nyobi nerangkeun : PUJI HADIS
ALAL HADIS, PUJI HADIS ALAL Ari PUJI
HADIS ALAL HADIS teh, parantos umum sarta mufakat para santri, nyaeta : “ Puji
anu Anyar ka anu Anyar “. Lain Jalmi muji ka Jalmi, anu kitu mah sanes bab
Elmu. Da moal mangfaat…, upama engkang dipuji ku rai, paling-paling keur di
Dohir. Muji mah kedah ka Allah, da jalma henteu boga hak dipuji, ulah nyamian
Allah.
Rai !.., tegesna Puji nu Anyar ka anu
Anyar teh, nyaeta dina waktu “ Maca Al-Qur’an”. Kapan huruf Qur’an mah anyar…,
nyakitu deui anu macana oge kapan anyar. Da sowara Jalma teh … saparantos lahir
ka Dunya, kapan nalika aya di jero patuangan Ibu mah henteu nyora.
Ari PUJI HADIS ALAL QODIM : Nyaeta “ Puji anu Anyar ka anu Qodim”. Pernahna
dina waktu SOLAT. Anu Anyarna teh wujud urang nuju Nangtung, Ruku, Sujud,
Lungguh. Eta anu opat teh … kapan sami anyar, sedengkeun anu Qodim-na, nyaeta
NUR MUHAMMAD (Cahaya opat warna).
Ari PUJI QODIM ALAL QODIM : Nyaeta “ Puji anu Qodim muji ka anu Qodim”.
Pernahna dina nuju Solat Sajati (Tazalli). Kapan dina waktu eta mah pada-pada
anu Qodim (anu ghaib), anu muji sareng di pujina. Buktosna henteu nganggo “
Sowara Baham”.
Ari PUJI QODIM ALAL HADIS : Nyaeta “ Anu Qodim muji ka anu Anyar”, kitu
oge upami ibadahna eta jalma parantos Ma’rifat kana Dzat Nu Maha Suci. Sasat
ibadahna disarengan ku Elmu, … tah….eta anu di puji…, sasat parantos Sah
Dzat-na, Sah Sifat-na, Sah Asma-na, Sah Af’al-na…, istuning henteu petot-petot
nya eling. Anu parantos pasti kitu mah, sumawonna nuju ibadahna sanaos usik
malikna oge… parantos pasti janten puji sadayana, margi parantos tetep Eling,
henteu ngaku usik sorangan…, anging ku Kawasana Allah.
Rd. Muslimat : Hatur nuhun Kang !..., parantos kahartos pisan. Salajengna
Rai.. bade tumaros deui perkawis Allah Ta’ala maparin “ Nyawa Manusa”, palebah
mana waktos maparinna teh ?. Margi sanggeum Engkang ti payun, nalika dikandung
ku Ibu mah… nembe aya “ Hirup” wungkul, henteu can aya “ Nyawa”.
Rd. Muslimin : Upami Rai henteu acan ngartos pisan, mangga urang
terangkeun perkawis : ALLAH TA’ALA MAPARIN NYAWA KA MANUSA.
Kieu eta teh Rai !.., Allah maparin
Nyawa teh. Waktu dijero kandungan mah, leres mung nembe Hirup wungkul, buktina
geuning parantos tiasa Usik. Istuning mung Hirup Allah Anu Suci, henteu acan
aya NAFAS, NYAWA, KAHAYANG (NAFSU), RASA, TEU ACAN NINGALI, TEU ACAN NGADANGU,
TEU ACAN NGANGSEU, TEU ACAN NYARITA. Barang brol ti Batin ka Alam Dohir. Hawa
Batin sareng Hawa Dohir geuning eta orok/bayi teh ngagoak ceurik oar-oaran, eta
cirina parantos ngancik Rasa… Tiis geuning tepikeun ka ngadegdeg. Tah eta Nafas
teh jenengannana Nyawa. Ari hakekatna Nyawa teh Rasa Jasmani. Ari parantos aya
Nafas mah…, orok/bayi teh pangheulana Irungna bisa Ngangseu. Tah kitu Rai..!,
Allah waktos maparin Nyawa teh.
Rd. Muslimat : Ari… perkawis ngawitannana Nafas sareng Nyawa mah
parantos kahartos. Nanging… ayana Dangu, Ningali, Nyarita. Sareng Nafsu
(kahayang) eta orok/bayi ti kawit iraha ?
Rd. Muslimin : Eta mah… saparantos Orok/bayi diasupan “ CAI SUSU” atawa
“ Kadaharan ”. ari sari pati kadaharan teh kapan ka ancikan roh-roh Seneu,
Angin, Cai, Taneuh, nyerep kana tatangkalan anu gede anu letik, anu buahan, anu
beutian. Saparantos aya dina patuangan, nya…ngajadi getih nyaliara ka sakujur
Badan, tidinya nembe bijil Rasa beda-beda. Rasa Ngeunah, oge Rasa Teu ngeunah.
Teras cepil jadi bisa ngadangu, soca jadi bisa ningali, baham jadi bisa
nyarita.
Atuh tina Rasa… bijil Kahayang
(Nafsu). Saparantos kitu mah eta Hirup (Roh Suci) teh….ngagulung sareng Nyawa,
dua jadi Manunggal. Barang parantos kacampuran Nyawa anu sifatna Getih (anu
kaancikan roh-roh kadaharan, atawa sok disebut Roh Nabati, sareng Roh Hewani
(Roh Sasatoan), atuh…Roh Suci teh lami-lami mah kabulen ku sifat Getih anu kaancikan
roh-roh kotor tea.
Mugi Rai !... ulah kaliru. Ari Hirup
mah sifatna teh Cahaya, ari Nyawa sifatna Getih.
Rd. Muslimat : Cing Kang..!, manawi aya pereleannana perkawis Getih anu
asal tina roh-roh katuangan tea ?
Rd. Muslimin : Atuh puguh bae… ay amah. Kieu…geura Rai : pangna ieu Alam
Dunya disebut Alam Arwah teh nyaeta tempat ngancikna rupa-rupa roh, sok sanaos
dina SENEU, dina ANGIN, dina CAI, dina TANEUH. Ku kituna atuh bubuahan,
beubeutian teh pada-pada kaserapan eta roh-roh anu opat rupa tea. Saparantos
dituang…nya janten Getih 4 (opat) rupa :
Tina ACI SENEU Jadi Geutih Beurem, teras jadi WADI, teras jadi deui
Daging. Hawana tina Daging kajadian :
CEUPIL Jadi bisa Ngadagu.
NAFSU-NA AMARAH, anu perwatekna Jail kaniaya, iren, panastren, dugal,
kasar, gede ambek jsb.
Pernahna dina HAMPERU, kaluarna kana Cepil.
Tina ACI ANGIN Jadi Geutih Koneng, teras jadi MADI, teras jadi deui
Sumsum. Hawana tina Sumsum ngajadi :
BAHAM Jadi bisa Nyarios.
NAFSU-NA LAWAMAH, anu perwatekna Kabitaan, lapar, halabhab, tunduh,
cape, sare, haroreaman, resep mitnah, panas baran.
Pernahna dina BEUTENG, kaluarna kana Baham.
Tina ACI CAI Jadi Geutih Bodas, teras jadi MANI, teras jadi deui Tulang.
Hawana tina Tulang ngajadi :
SOCA Jadi bisa Ningali.
NAFSU-NA SAWIYAH, anu perwatekna Loba kahayang, resep kana kasukaan,
hayang di ugung-ugung, pedit, hawek, birahi jsb.
Pernahna dina KALILIPA, kaluarna kana Soca.
Tina ACI TANEUH Jadi Geutih Hideng, teras jadi MANINGKEM, teras jadi
deui Kulit. Hawana tina Kulit ngajadi :
IRUNG Jadi bisa Ngangseu.
NAFSU-NA MUTMAINAH, anu perwatekna Resep kana kautamaan, ngentelan
peujit, kuru cileuh, tahajud, berehan, ngutamakeun kapentingan balarea.
Pernahna dina BALUNG, kaluarna kana Irung.
Tapi ieu Nafsu Mutmainah anu perbawana
kana kahadean the, sering kabaud atawa kaceot, di rempug ku nafsu-nafsu anu
tilu, nya ngabalukarkeun seu’eur anu henteu Iman (anu poho) kana parentahna
Nabi, sumawona kana parentah Allah.
Rd. Muslimat : Kumaha carana sangkan ulah erring kaceot ku nafsu anu
tilu tadi Kang ?
Rd. Muslimin : Nya carana mah teu aya deui, iwal ti kudu sumalindung
kana Dzat Sifat-Na Allah, anu matak kedah Ma’rifat, kedah dugi ka WA HUWA
MA’AKUM, sasarengan siang wengi. Upami parantos kitu mah… mokaha moal gampang
kabaud ku kahayang goring. Margina sahanteuna da..ngaraos isin, inggis, sieun
ku Nu moconghok nyarengan henteu pisah, MURBA KA WUJUD URANG.
Rd. Muslimat : Ari eta perkawis Kahayang (Nafsu) ?, tadi dicarioskeun
tina Hawana Daging, Sumsum, Tulang, Kulit, kaluarna kana Cepil, Baham, Soca,
Pangambung. Tah torojolna kahoyong (nafsu) teh ….iraha ?
Rd. Muslimin : Datangna Nafsu teh Rai…, nalika orok/bayi dipasihan
nyusu/kadaharan. Rasa kontak sareng aci anu opat rupa. Baham kontak sareng cai
susu, tangtu aya Rasa. Rasa amis, pelem…jadi deudeuieun da ngarasa ngeunah.
Ngabuktikeun kahayang…, geuning orok mah osok ceurik.
Ngan mungguhing di Dunya mah Rai…, aya
dua papasangan, samangsa-mangsa aya ngeunah, pasti aya anu teu ngeunah, boh anu
karasa ku Baham, ku Cepil, ku Soca, ku Pangambung. Geuning upami manggihan anu
henteu panuju teh buktina sok nimbulkeun Amarah.
Rd. Muslimat : Kahartos pisan… eta katerangan teh, …. Estu nyerep,
nyurup kana hate. Jadi Rai… terang torojolna nafsu teh. Tapi asa kirang
ngartos, sok mendakan anu nuju nafsu Amarah, geuning nafasna teh mani katawis
pisan, bari pamenteuna teh semu geuneuk, kumaha eta Kang ?
Rd. Muslimin : Kapan Nafsu teh … mimitina dititiskeun kana Uteuk terus
ngancik dina Ati / Qolbu, nya medal Cipta katut Akal, terus ngancik dina Jajantung….
Jadi Nufus, teras mulang deui kana Ati, …nya jadi Anfas. Terus lumampah ngahiji
sareng Getih….nya jadi Tanafas, ngambah kana mamaras…nya jadi Nafas. Terus
sumarambah ka sakujur Awak, medal Sowara.
Rai !..., Nafas teh anu nguatkeun
Jasmani, ari pangna aya Nafas, ku ayana Hirup. Jadi NUFUS, ANFAS, TANAFAS,
NAFAS, SOWARA, eta Medal tina Nafsu. Kitu tah rai !..., piraku henteu kapikir…
sareng kumaha parantos kahartos ?, kapaham ngeunaan Nafas , Nyawa , Nafsu ?,
atawa masih keneh bingung ?
Rd. Muslimat : Alhamdulillah kang !..., perkawis eta mah rai .. paham.
Nagging ayeuna bade gentos anu ditaroskeun, nyaeta perkawis ASMA’UL HUSNA
atanapi Asmana Allah, seueurna teh sabaraha ?, ……. Sareng manawi aya
katerangan, eta perkawis Asma teh ?
Rd. Muslimin : Kieu atuh ari perkawis Asmaul Husna atawa Asmana Allah
teh. Ari seueurna Asma (Jenengan) Allah teh, sakumaha anu katampi ti para Ahli
Da’wah, sanggeumna aya 100 (Saratus) Jenengan. Tapi ari anu kaunggeul dina
Hadist mah 99 (Salapan puluh salapan). Anu 99 oge ari di ringkeuskeun mah ngan
ukur jadi 5 (Lima), diantarana :
ASMAUL DZAT
ASMAUL SIFAT
ASMAUL ASMA
ASMAUL AF’AL
ASMAUL JINSI
Eta anu 5 (lima) oge, ari enas-enasna
mah ngan 1 (hiji), sareng sok seueur anu lepat ngamaknaan, atuh jadi lepat
ngabarangkeunnana.
Rd. Muslimat : Cobi nyuhunkeun dibeberkeun… kang… supados jelas.
Rd. Muslimin : Kieu katerangan hiji-hijina Rai..!
ASMAUL DZAT : Nyaeta netepkeun Jenengan Allah nurutkeun tina Dzat-Na.
Margi ari Dzat teh tantu Ayana moal eweuh.
ASMAUL SIFAT : Nyaeta netepkeun Jenengan Allah nurutkeun tina Sifat-Na
(Rupana).
ASMAUL ASMA : Nyaeta netepkeun Jenengan Allah nurutkeun tina Asma-Na
(Ngaran-na).
ASMAUL AF’AL : Nyaeta netepkeun Jenengan Allah nurutkeun tina Padamelannana
(Af’al-na).
ASMAUL JINSI : Nyaeta netepkeun Jenengan Allah nurutkeun tina Jinisna
(Barang-na).
Kitu tah Rai…, katerangannana.
Rd. Muslimat : Katerangan anu nembe mah parantos kapaham, naming tadi
sanggeum Engkang sok laleupat ngamaknaan sareng ngabarangkeunnana. Kumaha
maksadna Kang !
Rd. Muslimin : Rai…. Ari Asma-na mah sadayana oge sae,… mung aya di
saantero jalmi anu lepat ngamaknaan, atuh tangtos bakal kaliru dina
ngabarangkeunnana, nyaeta sok netepkeun ka nu anyar. Sok seueur jalmi-jalmi anu
ngaku Dzat kana Jentulna Jasad Sorangan, ngaku Dzat kana Awakna, kana raga anu
badag. Pedah cenah da aya Hadistna : “ WALLAHU BATINUL INSAN, AL-INSANU
DOHIRULLAH “. Anu hartosna : Ari Allah teh Batin-batin manusa, ari manusa teh
dohirna Allah. (La Maujuda ilallah). Kitu tah Rai !, .. anu matak cenah “ Badan
ieu… Lahirna Allah”. Parantos teu dipikir panjang deui, da kasaksi ku Hadist
pokna teh. Palebah dieu lepatna teh Rai !,… nyebat atawa ngaku Dzat kana wujud
sorangan, sanes kana Dzat Allah anu LAESA KAMISLIHI, anu henteu warna, henteu
rupa, sumawona jentulna.
Sareng aya deui Hadistna : “ WALLAHU
GHOIBUN AL-INSANU GHOIBUN ”. Anu hartosna : Perkara Allah teh Gaib, teu aya
jentulna. Kitu deui Manusa, sami pada gaib sadayana.
Kapan awak ieu mah Jasmani, parantos
negrak ngajentul. Jadi atuh teu gaib, da ari ngaran gaib mah…” Aya, tapi teu
Aya rupa”. Ari ieu anu ngajentul mah ngarana wujud manusa. Tah anu kedah
kahartos teh Rai., mana atuh anu ngaran Manusa ?, bisi kaliru.. heug nuduh kana
awak. Eta ngarana WUJUDIAH.
Rd. Muslimat : Parantos kahartos atuh kitu mah,… lepatna teh nuduh Dzat
Allah kana wujudna sorangan. Ayeuna kantun anu kadua Asmaul Sifat, palebah mana
lepatna ?
Rd. Muslimin : Lepatna teh …, eta palebah netepkeun Sifat Nu Maha Suci…,
kana Rupa Manehna Sorangan. Dumeh sanggeum dalil yen Allah teh teu dua, teu
tilu, tapi tetep hiji. Barang ngareret kana rupa manehna…, najan ngider
sakuliah jagat oge, moal aya anu ceples sarupa taya bedana. Anu matak netepkeun
bae..yen Sifat Allah teh nya rupa manusa. Tah anu kitu oge kufur…, sami bae
WUJUDIAH.
Rd. Muslimat : Eta oge parantos kahartos Kang…, anu kitu rupina lepat
wesel. Kumaha upami teraskeun ka anu katilu Asmaul Asma, palebah mana lepatna
teh !
Rd. Muslimin : Teu sakedik anu boga kapercayaan, yen jenengan Nu Maha
Suci, diterapkeun kana Ngaran Sorangan (Ngaran Jalmi). Atuh lamun kitu mah …
sami sareng Nyeueurkeun Asma. Allah teh upami kitu mah sifat anyar. Kapan dina
Kitab parantos kakocap Dzat – Sifat – Asma – Af’al, sadayana jalmi kaliputan ku
Asma Allah. Tah….anu kitu tekadna kufur, ngalobakeun Asma Allah.
Rd. Muslimat : Dupi kana Asmaul Af’al, palebah mana lepatna teh ?
Rd. Muslimin : Eta mah… Jalmi anu netepkeun Af’al Allah kana kalakuan
sorangan, nya kana kalakuan manehna. Eta pedah aya dalil : LA HAWLA WALA
KUWATA, sadumeh jalmi mah henteu daya, teu upaya, atawa dikuatkeun deui ku
dalil “ USIKUM IBADALLAH”, Istuning usik malik teh Allah, atuh ngawengku kana
lacuna anu hade anu goring oge…. Sami lakuna Allah, margi Allah teh teu jauh ti
diri manusa. Tah kitu patekadan jalmi anu teu boga Akal mah, atuh kanggo naon
Allah ngayakeun AGAMA ?, para Nabi nurunkeun Kitab-kitab, kalebet Al-Qur’an ?,
eta teh salaku pituduh supaya ulah kalangsu, kasasar. Padahal mah kudu boga
pikir panjang, kapan awak manehna teh mangrupa Af’alna Allah. Atuh manehna bisa
usik, bisa malik, bisa digawe, bisa ngahasilkeun pagawean teh …, istuning
disarengan ku Qudrat Irodatna Allah. Omat eta hasil pagawean manehna teh ulah
di aku Af’alna Allah, tapi sagala kalakuan katut hasil pagawean teh … Kaliputan
ku Af’alna Allah.
Rd. Muslimat : Perkawis Asmaul Af’al mah, parantos kahartos, salajengna
mugi diteraskeun bae kanu ka lima, nyaeta Asmaul Jinsi.
Rd. Muslimin : Ke…Rai !..., perkawis anu kalmia Asmaul Jinsi mah,
kumargi mangrupi enas-enasna, janten kedah rada asak heula elmu Rai !...,
sareng kedah nuju salse pisan, kedah di tempat anu sepi, bilih kakuping ku
cakcak bodas, kapan ieu mah Rahasiah Wali, bagian Ahli Qurban (anu parantos
yakin, ahli adep-adep sareng Allah). Wayahna Rai…, ayeuna mah… bab naon heula
bae… anu teu acan ngartos.
Rd. Muslimat : Kitu sae…Kang, eta mah sampeuren kapayun. Ayeuna mah, anu
masih keneh pakuat-pakait sareng Jenengan Allah keneh…, nyaeta perkawis jujuluk
“ MAHA AGUNG, MAHA MULYA, MAHA LUHUR, MAHA SUCI “. Mugi Engkang ngajentrekeun.
Rd. Muslimin : Upami Rai…, teu acan uninga kana eta jujuluk MAHA AGUNG,
MAHA MULYA, MAHA LUHUR, MAHA SUCI. Kieu geura Hakekatna mah :
Ari MAHA AGUNG teh, nyatana dina Badan urang, nyaeta Pangucap. Margina,
sanajan 7 lapis langit, 7 lapis bumi, sareng saniskara eusina, malahan Asma
Allah oge…, kapan dilisankeun teh ku Pangucap. Eta tandana ku leuwih Agungna.
Ari MAHA MULYA : Nyatana dina Badan urang, nyaeta Pangdangu. Margi
Pangdangu mah salamina oge mulya, tara gering. Paling-paling anu sok gering mah
Cepilna.
Ari Jujuluk MAHA LUHUR mah, kanyataan dina Badan urang nyaeta Paninggal.
Margi geuning bukti, eta Langit anu sakitu luhurna tanpa wangenan, ari ku Awas
Paninggal mah kaberik, katingali.
Ari Jujuluk MAHA SUCI mah, kanyataan dina Badan urang nyeta Pangangseu.
Margi et amah pang Sucina. Geuning bukti, Nafas mah tara belewuk, tara kotor,
sanajan tara dikumbah, tapi tetep bersih.
Kitu tah Rai !, perkawis Jujuluk anu
opat teh.
Rd. Muslimat : Leres parantos kahartos ayeuna mah Kang.., sing horeng
sup deui ka dinya, sup deui kadinya. Ayeuna mah ulah kapalang…, Rai… hoyong di
jelaskeun perkawis HIRUP TEH NGAN HIJI. Nuhun nuhun upami aya ibaratna supados
gampil kahartos.
Rd. Muslimin : Urang cobi…ngajelaskeun perkawis : HIRUP TEH NGAN HIJI.
Kieu Rai !..., ari HIRUP mah HIJI,
sareng henteu keuna ku PATI atawa RUKSAK.
Hirup Allah mah istuning Langgeung.
Ari anu sok keuna ku Pati atawa Ruksak mah nyaeta Hirup Manusa (anu ngaran
Nyawa tea). Ari Hakekat Nyawa, nyaeta Rasa Jasmani (Rasa awak-awak nafsu).
Rd. Muslimat : Ke…Kang !,… rada hemeng keneh…, dupi bentenna antara
Hirup Allah sareng Hirup Manusa (Nyawa) eta teh kumaha ?
Rd. Muslimin : Eemhh… masih bingung keneh Rai… teh ?. Bentenna teh kieu
geura :
Ari HIRUP MAHA SUCI mah, eta anu Sifatna CAANG PADANG tea, atawa Nur
Dzat atawa Johar Awal atawa Hakekat Muhammad atawa Bahrul Hayat (Sagara Hirup)
atawa Sahadat Sajati atawa Iman Sajati atawa Islam Sajati atawa Sajatining
Agama, anu angliputi, murbawisesa kana 7 Lapis langit, 7 Lapis bumi, katut
saniskara eusina, sapertos Arasy Kursi, Sawarga, Naraka, Manusa, Sasatoan,
Tutuwuhan, Uteuk tongo walang taga…, asalna teh … Sorotan ti nu hiji NUR DZAT.
Ari HIRUP NU AYA DI MANUSA mah, tina sorotan Hirup Maha Suci, ngagulung
sareng NAFAS – RASA, anu disebut NYAWA. Jadi Hirup anu seueur mah NYAWA.
Rd. Muslimat : Sakedap Kang..!, upami anu janten Nyawa di manusa sorotna
Hirup anu Sifatna Caang Padang tea atawa Johar Awal, atuh panginten nungtutan
ngirangan.., margina dibagi-bagi ka Milyaran manusa sa Alam Dunya, oge ka
bangsa sasatoan.
Rd. Muslimin : Rai !..., atuh ulah kaliru !, ari Hirup Nu Maha Suci mah
henteu robih, moal ngirangan, moal ngalangkungan, tetep Langgeung. Kieu geura
urang ibaratkeun :
Di hiji lapangan, pek nendeun Patromak
anu parantos hurung, teras eta patromak teh dikurungan ku hiji ayakan anu gede
kacida, anu liang-liangna ata ayakeun teh mangrebu-rebu liang. Tah…sorotna
Sinar patromak teh, nembus kana liang-liang eta ayakan. Hiji liang..pasti aya
sorot sinar patromak. Anggap bae eta liang teh Jalmi. Jadi sorot anu nembus
kana liang teh …. Ibarat hiji Hirup Nyawa Jalmi.
Sapertos kitu Rai !..., nyaeta sorotna
SAGARA HIRUP, kajeun ka milyaran, miliunan, tetep moal ngurangan, Langgeung sareng
moal reksak. Kumaha Rai !.., masih bingung keneh ?
Rd. Muslimat : Ayeuna mah..parantos henteu samar deui Kang…, rada gampil
kahartosna upami diibaratkeun mah.
Rd. Muslimin : Supados langkung jelas deui, urang ibaratkeun kieu :
Eta SENEU dina Patromak teh
disarengeutan ku rook, anu lobana mangjuta-juta urang, cing….Rai !..., eta
seneu anu aya dina Patromak teh bakal seep ?, atawa moal ?
Rd. Muslimat : Tangtos oge…angger bae…Seneuna mah, moal ngirangan dumeh
ku disarengeutan rook.
Aduh kang !..., kacida utamina eta
katerangan teh. Salajengna Rai… teh masih aya kapanasaran, nguping saur Hadist
: YEN ALAM ATAWA JAGAT TEH AYA DUA NYAETA JAGAT KABIR SARENG JAGAT SOGIR. Saur
eta katerangan, eta dua Jagat teh kaayaanana henteu beda. Mugi dijelaskeun
!..., henteu bedana teh palebah mana ?
Rd. Muslimin : ari JAGAT KABIR teh …., nyaeta Alam Semesta/Alam Dunya/
Alam Dohir. Ari JAGAT SOGIR mah, nyaeta Wujud Manusa.
Leres Rai kaayaan dina eta dua Jagat
teh sami, sakumaha katerangan Hadist… piraku make lepat.
Kieu bilih Rai !..., teu acan uninga
mah :
Di ALAM DUNYA…eusina parantos pasti ‘
Papasangan’. Aya Siang, aya Wengi, tah di Diri Manusa oge piraku henteu karaos,
kapan aya Nyaring sareng Sare. Nyaring babandingan Siang, ari Sare
babandingannana sareng Wengi.
Rd. Muslimat : Dupi Dinten Anu 7 (Tujuh) ?, naon nyatana di Diri ?
Rd. Muslimin : Eta.. palawangan anu di Luhur (Dina raray) :
CEPIL kapan 2 Liang
SOCA kapan 2 Liang
IRUNG kapan 2 Liang
BAHAM kapan 1 Liang
Upami di Jumlahkeun kapan sadayana aya 7 (Tujuh)
Rd. Muslimat : Dupi eta… anu disebat Dawuh 5 (Lima) ?
Rd. Muslimin : Ari Dawuh Lima mah, eta eusina anu Tujuh tea :
CEPIL Jeung Pangdanguna
SOCA Jeung Paninggalna
IRUNG Jeung Pangangseuna
BAHAM Jeung Pangucapna
RASANA Anu 4 (opat) diluhur
Rd. Muslimat : Ayeuna…. Kantun eta Sataun teh aya 12 (dua belas) Bulan,
naon nyatana dina Diri ?
Rd. Muslimin : Buktina dina Diri ?, cing…. Mangga ku Rai geura bilang,
eta ugel-ugel panangan sareng ugel-ugel sampean !
Dina Panangan sabeulahna aya 3
ugel-ugel. Jadi upami dua Sampean teh jumlah 6 ugel-ugel. Tuh … Panangan 6,
Sampean 6. Kapan pas janten 12 ugel-ugel.
Rd. Muslimat : Leres pas, janten 12, upami di Jagat Kabir mah 12 bulan,
ari dina Wujud Manusa (Jagat Sagir) mah 12 ugel-ugel. Ayeuna kantun Sabulan teh
.., aya 30 (tilu puluh) dinten, naon tah nyatana dina Diri ?
Rd. Muslimin : Ari anu 30 (tilu puluh) dinten mah, geura etang ugel-ugel
panangan anu panghandapna, sareng Ramona !, sadayana teh 2 (dua panangan). Aya
30 ugel-ugel. Kitu deui dina Sampean, sami aya 30 ugel-ugel. Ieu teh
babandingan : SIANG 30, oge WENGI 30.
Rd. Muslimat : Kantun ayeuna Sawindu teh aya 8 (dalapan) taun, naon tah
Kang !.., dina Diri urang ?.
Rd. Muslimin : Cing ku Rai etang ! …. Eta buku-buku diantara ugel-ugel,
boh ugel-ugel Panangan, boh ugel-ugel Sampean !. Kapan eta, dina sabeulah
Panangan aya 2 buku, upami dua Panangan teh janten 4 buku. Teras dina dua
Sampean, pingping 2, atuh bitis 2. jumlahna janten 4.
4 dina Panangan, 4 dina Sampean, tuh
kapan pas, janten 8 bubukuan.
Rd. Muslimat : Bilih kalangkung di Jagat Kabir aya Panon Poe
(Srangenge), aya Bulan, aya Bentang, aya Hawa Panas, aya Hawa Haneut, naon
nyatana dina Diri manusa ?.
Rd. Muslimin : Ari Panon Poe
(Srangenge), Bulan, Bentang, teh …, anu ngahirupkeun saniskara di Alam Dunya
ieu. Da upami henteu aya Panon Poe mah, panginten moal jaradi, moal aya hasil
Dunya.
Tah dina diri urang mah, nyaeta Hirup,
tapi perkawis hirup mah teu tiasa ditinggal ku soca lahir, da ieu mah bagian
Hakekat. Mung ku ayana Hirup… Jasad Manusa bisa usik malik.
Ari anu 4 (opat) rupi mah, nyaeta :
Daging, Sumsum, Tulang, Kulit. Hawa-hawana jadi Nafsu tea, nyaeta : Amarah,
Lawamah, Sawiyah, Mutmainah.
Rd. Muslimat : Hatur rebu-rebu
nuhun kang !..., kana kasaean Engkang, parantos ngawejang anu teu kinten
pentingna kanggo pribadi Rai..mah. Salajeungna anu bade ditaroskeun teh
perkawis eta .. anu LANGGEUNG DI GUSTI ALLAH, sareng anu LANGGEUNG DI MANUSA. Langgeung
di Allah anu henteu pegat-pegat Lahir-Batinna, ti Jaman samemeh aya Alam Dunya,
tug dugi ka Akherat, naon eta anu henteu reksak-reksak teh ?
Rd. Muslimin : Sok… atuh urang terangkeun perkawis :
Anu LANGGEUNG DI GUSTI ALLAH, sareng
anu LANGGEUNG DI MANUSA.
Kieu geura Rai !.., Ari anu LANGGEUNG
DI GUSTI ALLAH teh, teu aya sanes iwal ti QUDRAT-na Allah (Kakawasaannana)
sareng IRODAT-na Allah (Kersana), istuning henteu aya pegatna…. Ti awal-awalna
dugi ka akhirna, pon kitu deui teras dugi ka Akherat. Kitu tah…. Pamendak
Engkang mah Langgeung di Allah teh.
Rd. Muslimat : Percanten Kang..!, leres nya !..., Anu Langgeung teh
Kawasana sareng Keresana. Margi upami reksak Kawasana Nu Maha Suci, atuh
Allah-na oge reksak… sapertos makhluk. Ari di Manusa ?..., naha aya Langgeung
sapertos di Allah ?
Rd. Muslimin : Tangtu bae aya anu LANGGEUNG DI MANUSA oge, nyaeta
sabalikna tina Kawasana sareng Keresana Allah iwal ti kabagean Bodona. Hartina
henteu nyaho sama sekali.
Asal tina henteu Aya jadi Aya, tetep
teu nyaho, malah-malah tepi ka Batin oge langgeung bae, moal terang.
Kapan urang waktu tadi, memeh turun ka
Alam Dunya, geuning henteu terang naon-naon !..., atuh nalika aya dina
Kandungan Ibu 9 (salapan) Sasih, di dinya oge sami henteu terang. Malahan nalika
brol turunna ti Ibu ka Alam Dunya oge.. teu emut deuih. Atuh ti kawit Orok..
jadi Budak…terus jadi Dewasa, henteu emut ngagedeannana ieu Jasmani teh,
sumawona datangna Rasa, Paninggal, Pangdangu, Pangangseu, Pangucap kapan henteu
teurang duka timana ti mendina, da bakating ku Bodo tea. Margina Rai !...,
katetepan dalil LAHAWLA WALA KUWATA tea, Manus amah henteu daya henteu upaya,
setu ibarat rokrak.
Rd. Muslimat : Kahartos pisan … eta katerangan teh … perkawis anu ‘
Langgeung di Allah sareng anu Langgeung di Manusa’.
Salajeungna Rai !.., bade naroskeun
deui.., perkawis anu disebat JATINING MANUSA, masih keneh hemeng Kang !.
Rd. Muslimin : Perkawis JATINING MANUSA Rai !.., ari Jirim-na mah, moal
lepat.., nyaeta KANJEUNG NABI MUHAMMAD RASULULLOH SAW.
Tapi kapan ayeuna mah parantos teu aya
dikieuna ari Jirim-na mah, anu kantun Gaib-na.
Da disaban Jalmi oge Rai !.., misti..
pada katetepan ku GAIB-NA MANUSA, kitu oge upama ka udag Elmu-na.
Rd. Muslimat : Naha kumaha.. pangna bisa kapendak ?...., kapan
kangaranan Gaib mah tanpa bukti.
Rd. Muslimin : Kapan ceuk Akang oge kedah ku ELMU, kedah ku pada Gaib
deui. Upami hoyong uninga ka nu Gaib, nya kedah ku nu Gaib deui. Ari carana nya
kedah nganggo Tarekat, sangkan urang terang ka GAIB-na Urang. Ayeuna Engkang
bade masihan ibarat : Di payunan Rai… parantos sadia dina piring Cau. Tah
pangna diayakeun eta Cau, naonnana anu di arahna ?
Rd. Muslimat : Nya tangtos oge atuh… diteda…, anu diarahna nyaeta
Rasana.
Rd. Muslimin : Atuh lepat… ari anu diarah Rasana mah. Rai !..., cau mah
henteu katetepan Rasa (Rasul), atuh upami cau katetepan Rasa mah eta cau teh
bakal bisa usik malik, bisa lumpat kawas sato.
Ari Rasa mah Rai !..., parantos nyampak
dina Baham, nyampak dina Letah urang.
Rd. Muslimat : Upami sanes Rasa-na anu di arah…, naonnana atuh ?
Rd. Muslimin : Anu di arah teh … Cau mah Amis-na. Kapan geuning ari
meser atawa ngala cau teh sok anu parantos asak, da ngarah Amis. Geuning anu
atah keneh mah… tara ditaruang… da kesed. Tah .. kitu paham Rai !.
Rd. Muslimat : Aeh… leres .. nya…, Amis-na anu di arah teh, da Rasa mah
parantos nyampak di manusa.
Rd. Muslimin : Tah eta Amis-na teh Rai !..., Gaib-na Cau, karasa amisna
tapi teu nga-Jirim. Aya tapi tanpa Rupa.
Tah Amis-na cau teh …, moal karasa ku
Rai.., upami wujudna cau diantep henteu di tuang. Tapi upami eta wujud cau
dituang, sasat diruksak wujudna, dibeuweung sing lembut… kakara kapendak,
karasa Amis-na teh, atawa Jatining Cau tea.
Kitu deui Manusa oge kedah terang kana
GAIB-NA MANUSA (JATINING MANUSA), Aya tapi tanpa Rupa. Akal-na nya kitu
sapertos Cau, kedah ngabongkar, ngareksak wujud anu nga-Jirim, kakara aya
Jatining Manusa. Ibarat su’uk upami dirieus, diperes wujud su’ukna… pasti bijil
Minyakna.
Rd. Muslimat : Ari ngabongkar… atawa ngaruksak Wujud Manusa kumaha
carana ?..., Rai mah… teu acan ngartos.
Rd. Muslimin : Ari carana ngabongkar, ngaruksak Wujud Urang mah nyaeta
dina waktu Laku Tarekat, ceuk dalilna oge : ‘ ANTAL MAUTU QOBLAL MAUTU ’.
Reksak teh Mirasa Suwung, henteu ngarasa kagungan wujud anu ngajungkiring ieu,
malahan ka Alam Dunya oge hilap, bakating husu ka YANG AGUNG.
Rd. Muslimat : Sakedap Kang…!, GAIB-NA atawa JATINING MANUSA teh anu
mana tea ?
Rd. Muslimin : Eeeh.. teu acan ngartos keneh ?..., kapan eta anu ningali
nalika Tazzali (Nuju Solat Ka-Rohanian), tah eta teh anu Jenengan Gaib-na
Manusa atawa Jatining Manusa.
Kumaha ?......, bingung keneh ?, atawa
parantos paham ?.
Rd. Muslimat : Euhhh…. Kutan…. Anu eta… JATINING MANUSA teh …., kahartos
atuh ayeuna mah Kang
Hatur rebu-rebu nuhun laksa ketining
kabingahan…, kana sagala rupi kasaean Engkang….. Rai ! dipiwejang Elmu cepengan
Jungjunan urang Nabi Muhammad Rasululloh SAW, anu turun tumurun ka para
Sahabat, ka para Wali, atuh tug dugi ka Rai.., ayeuna perantawisan Engkang.
Ngaraos tutug PA-TAUHIDAN Rai teh, moal mang-mang deui.
Rd. Muslimin : Nya.. ari Rai parantos henteu mang-mang deui mah…, teu
kinten nganuhunkeunnana, jadi urang terus-terusan ngobrol teh henteu mubadir,
geuning aya hasilna.
Peupeujeuh Engkang mah.., kantun
suhudna ibadah, boh HABLUMMINALLOH, boh HABLUMMINNANAS. Ibadah atawa amal
disarengan ku BERSIH QOLBU/HATE.
Urang cekapkeun dugi ka dieu heula Rai
!..., geuning parantos sareupna ieu the
Blognya Marifatullah
Senin, 04 Februari 2013
KITAB LAYANG MUSLIMIN MUSLIMAT JILID-4
BAB ELMU KASAMPURNAAN
INSAN KAMIL (MANUSA SAMPURNA)
Kacarioskeun Raden Muslimin sareng
Raden Muslimat parantos waktosna diumbarakeun di Alam Dunya, mulih ka
Rakhmatulloh nyumponan dalil ‘WA INNA ILAHI ROJI’UN ‘, mulih ka jati mulang ka
asal, mulih rasana maring kersana Allah.
Gentos anu ngalalakon madungdengkeun
paguneman perkawis elmu Agama, nyaeta putrana Raden Muslimin anu jenengan Raden
Insan, ari putrana Raden Muslimat jenengan Raden Kamil.
Raden Insan sareng Raden Kamil ( kapi
raka sareng kapi rai ) yuswana parantos nincak sawawa. Sumedeng buta tulang
buta daging, nuju belekesenteng gede tanaga. Margi ti aalit parantos di didik,
di atik ku ibu rama kana bag-bagan ka-Agamaan, neuleuman elmu Agama cepengan
Jungjungan Nabi Muhammad Rasululloh SAW, anu disebat RUKUN AGAMA ( Sareat,
Tarekat, Hakekat, Ma’rifat ), atuh ninggang kana babasaan Teng Manuk teng, Anak
Merak kukuncungan, Uyah mah tara tees ka luhur, ieu dua nonoman teh layeut
sakaresep neuleuman elmu Agama ka-Ma’rifatan, pangpangna kapi rakana Raden
Insan sasat parantos pasagi pangartina. Atuh dina prakna bermasyarakat teh,
istuning nyumponan tatakrama hormat tilawat ka sepuh, ka guru, ka ratu, ka wong
atua karo, ajeg pamadegan, rengkuh ka papada kaula, handap asor henteu luhur
pamakanan, lungguh timpuh, tapi ngaluluguan anu sifatna paguyuban gawe
babarengan enggoning nyumponan kaperluan kahirupan masyarakat lingkunganana,
pikeun pangan, sandang, papan, anu di imbangan ku kagiatan-kagiatan karohanian.
Masyarakat di uar, di ajak sangkan
garetol ngalaksanakeun amal ibadah kana parentah Allah, oge diwisik sacara
malapah gedang sangkan ngarti sarta bisa Ma’rifat ka anu marentahna. Dina hiji
waktu ieu dua nonoman teh parantos caralik papayun-payun di lebet Bale
Paguneman sakumaha anus ok dilasanakeun ku Ramana, seja madungdengkeun
papahaman Agama Islam khususna, ngaronjatkeun sagala elmu anu kantos
diwiridkeun ku Ramana.
RADEN INSAN : Rai Kamil !....., langkung ti payun, mangga urang
sasarengan nembrakeun rasa syukur ka Nu Maha Suci, Anu Murbeng Alam, Anu ngusik
malikeun urang, mung ku Kawelas sareng Kaasih Manten-Na urang tiasa kieu, sehat
lahir batin. Saparantos di kantun ku pun Bapa sareng Rai dikantun ku pun Paman,
sakedahna urang nurut kana sagala piwejangna, neraskeun hanca garapan neuleuman
Elmu Agama. Ku parantos ngantunkeunnana pun Bapa sareng pun Paman, kantun urang
salaku anakna anu kedah leres-leres saban waktos munajat ka Allah SWT, supados
pun Bapa sareng pun Paman tiasa mulih sirna sampurna. Margi mung du’a urang
salaku anakna anu aya jaminan baris diperhatoskeun ku Nu Maha Kawasa. Sakumaha
saur keterangan ‘ Yen anu baris ngadorong salah saurang anu parantos aya di
Alam Akherat teh mung tilu hal :
Elmuna anu sampurna, hartosna anu mangfaat, anu henteu diharamkeun ku
Agama, anu henteu dilarang ku Nagara.
Amalan anu Ikhlas (Hablumminalloh sareng Hablumminanas) salami
jumenengna, boh amal ku elmu, ku tanaga, ku harta atawa ku budi.
Anak anu Soleh, hartosna anak anu ngartos, yen anu tilar dunya mah
parantos di tutup lawang tobatna. Ngan du’a putrana baris diperhatoskeun ku Nu
Maha Kawasa. Kitu oge upami eta putrana teh leres tekad, ucap sareng lampahna.
Kumargi kitu Rai !...., upami urang
nyaah ka kolot, anu dipercanten janten cukang lantaran gumelarna diri urang di
Alam Dunya ieu, omat sing mupusti kana warisannana. Ari warisan anu sajatina….
Nya NGARAN anu moal pisah sareng ieu Wujud pasihan ti Gusti Allah.
Mupusti teh ….. ngaran ulah tepikeun
ka diomongkeun batur sadumeh goreng ucap lampah, komo bari wujud tepikeun ka
ditampiling batur mah. anu kitu hartina henteu bisa miara, mupusti warisan.
Margi upami anakna cilaka, kolotna pasti kababawa. Bade tiasa ngado’akeun ka kolot
kumaha ?, ari urangna lamoot kokotor, bala ku dos amah. Ari rekes ka Nu Maha
Suci teh atuh urangna kedah suci heula.
RADEN KAMIL : Hatur nuhun Kang !...., tina sagala rupi piwejangna,
ngelingan ka Rai…, bilih tigebrus kanu henteu pararuguh. Mugi-mugi bae Rai..,
tiasa ngadalian atawa ngelesan nafsu (kahoyong) anu mengpar tina jalan anu
dipiridho ku Nu Maha Suci. Salajeungna manawi Engkang henteu kaabotan, Rai teh
hoyong naroskeun sababaraha hal perkawis papahaman Elmu Agama anu kantos diwiridkeun
ku pun Bapa, sakantenan etang-etang ngakurkeun sareng ngantebkeun.
RADEN INSAN : Upami Rai…, kagungan kahoyong kitu,… pikeun Engkang mah
anu teu kinteun atohna, salian ti ngakurkeun teh, oge etang-etang ngapalkeun
sareng ngasah. Margi elmu teh henteu benten ti peso atawa bedog, tiasa sekeut
upami sering di asah. Upami henteu diasah pasti mintul…, jadi kurang
mangfaatna. Mangga !...., palebah mana…. Anu karaosna ku Rai… masih kirang
paham ?
RADEN KAMIL : Anu henteu kinten pentingna mah…. kanggo Rai teh eta
perkawis PA-TAUHIDAN, hoyong anu langkung eces, pangpangna hal Iman. Margi
geuning saur para Khotib, dina Netepan Jum’at, yen Iman sareng Takwa teh
mangrupi RUKUN KHUTBAH dina Netepan Jum’at. Kukituna mugi Engkang keresa
ngajelaskeun !.
RADEN INSAN : Sae eta pamadegan teh Rai !..., margi Iman mah mangrupi
dasar poko, upami Iman teu acan Tahkik (anteb) pasti kapercayaan teh bakal
ngambang. Kieu geura :
Ari Iman teh aya 2 (dua) Tahap :
IMAN KA NU MARENTAHNA nyaeta Percaya ka Nu Maha Suci. Ieu mah bagian
kana Hakekat.
IMANA KANA PARENTAHANNANA NU MAHA SUCI ieu mah bagian kana Sareat.
RADEN KAMIL : Mugi dijelaskeun Iman ka Nu Marentahna, nyaeta ka Nu Maha
Suci teh kumaha carana ?
RADEN INSAN : Ari Iman ka Nu Maha Suci teh …, tegesna Eling. Tapi sahna
Eling teh …, kedah Ma’rifat heula kana Dzat Sifatna Allah Ta’ala. Jadi kedah
kapendak heula. Margi kumaha bade Iman-na (percayana), upami henteu acan
paamprok mah. Ulah Iman ngan dina Lisan wungkul. Kitu tah… Rai !.
RADEN KAMIL : Nuhun… parantos jelas Iman anu ka hiji mah, ayeuna kantun
Iman kana Parentahanana…, kumaha maksadna ?
RADEN INSAN : Ari Iman kana Parentahannana mah, nyaeta kedah
ngalaksanakeun kana sagala rupi anu diparentahkeunnana, diantarana anu kaunggel
dina Rukun Iman sareng dina Rukun Islam, anu dicontokeun ku Kanjeng Nabi
Muhammad Rasululloh SAW, sarta dina Tekad – Ucap – Lampah, sing kagungan
pamilih, mana anu dikedahkeun sareng mana anu diharamkeun ku Agama. Tah Jalmi
anu parantos kagungan pamilih ngalaksanakeun parentahNa sareng nebihan larangan
Allah Ta’ala, eta anu disebat Takwa. Ari jalmi anu Takwa teh cirina jalmi anu
Iman.
RADEN KAMIL : Ke.. punten Kang !..., kumaha ieu mah…, saupami salah
sawios Jalmi anu bade Iman kana parentahNa atawa bade Takwa… sapertos bade
Solat, bade Puasa, bade Munggah Haji… nanging Jasadna parantos henteu walakaya
?..., teras aya deui… bade Zakat, Sidkoh, Infak, Amal Jariah, nanging miskin
malarat rosa ?. tah upami henteu tiasa ngalaksanakeun kedah ku gerak jasad…, sareng
amal ku harta…, panginten eta jalmi teh henteu disebat Iman kana ParentahNa..,
margi henteu aya cirina.
RADEN INSAN : Rai…., upami anu ngagugulung Sareat wungkul mah nyakitu..,
da anu kasebat ibadah Sareat mah.. ku pamolah jasad sareng sagala rupi anu
katingali ku panon. Ari perkawis amal jariah mah kapan aya katangtuannana, aya
iwalna pikeun anu kokoro mah. Mung perkawis Ibadah wujud ka Allah, anu mawi
Iman kedah ditempuh dua-duana oge…, kedah diteleuman tur dipidamel. Tah dina
palebah jasad henteu tiasa walakaya. Ari anu parantos Ma’rifat mah ka Dzat –
Sifat Allah Ta’ala… henteu janten halangan Iman ka Nu Maha Suci, margi Eling
anu henteu ngawaktu. Istuning saendeng-endeng, usik malik, diuk nangtung,
leumpang ulah pegat ti Eling ka Manten-Na. salawasna moal pegat dugi ka hosna
maot oge, da parantos ‘ WA HUWA MA’AKUM – WA HUWA MAKUNTUM ‘ , Hartosna : Siang
wengi parantos ngaraos sasarengan, henteu pisah.
RADEN KAMIL : Kang !...., kumaha upami salah sawios jalmi,
ngalaksanakeun ibadah Sareat…., puguh jasad parantos teu walakaya, atuh bade
ibadah Hakekat (Eling saendeng-endeng) da teu acan Ma’rifat…., kumaha tah ?
RADEN INSAN : Nya upami kitu mah atuh KAFIRAN, engke dina maotna henteu
sareng Iman. Atuh poek… jadi linglung rarasaan, Nyawa teh sasab kapidangdung..
henteu tiasa mulang ka asal. Tah kitu Rai
RADEN KAMIL : Dina perkawis ngalaksanakeun Iman kana parentah-Na,
utamina dina Hablumminalloh, eta teh panginten ngandung hartos nyembah atawa
sujud ka Allah. Anu bade ditaroskeun teh …, manawi aya dasar hukumna kedah
sumembah teh ?
RADEN INSAN : Aya Dalilna Rai !...., dina Surat Thoha ayat 25 : LA
ILLAHA ILLA ANNA, hartosna : Teu aya deui anu disembah kajabi Kami. Teras aya
deui Dalil, Surat Al-Bayinah ayat 5 : ‘WAMA UMIRU ILA LIYA’BUDULLOHA MUKHLISINA
LAHUDIN’, hartosna : Parentah nyembah ka Allah kedah ikhlas.
RADEN KAMIL : Dupi… tadi kantos disaurkeun, yen Iman ka Nu Maha Suci teh
kedah Ma’rifat heula, naha aya dasarna ?
RADEN INSAN : Aya Hadist Nabi…., anu diriwayatkeun ku Syaidina Ali :
‘AWALUDINNI MA’RIFATTULLOHI’ Anu Hartosna : Awal-awalna Agama kedah
terang heula ka Allah.
‘AWALU WAJIBUN ALAL INSAN MARIFATULLAHI BI ISTIQANI’ Anu Hartosna : Ari
awalna (mimitina) kawajiban manusa nyaeta kudu nyaho ka Allah ku kayakinan anu
panceug/kuat (istiqomah) nyatana anu teu umbut kalinuan teu gedag kaanginan.
‘WA KAMALU MA’RIFATTIHI ATASDIKU BIHI’ Anu Hartosna : Jeng ari
sampurnana Ma’rifat teh nyaeta Tasdik (Sidik).
‘WA KAMALU TASDIK BIHI TAUHIDU’ Anu Hartosna : Ari kasampurnaan Tasdik
nyaeta Tauhid.
‘WA KAMALU TAUHIDU BIHI AL-IKHLASULLAHU’ Anu Hartosna : Ari kasampurnaan
Tauhid nyaeta Ikhlas.
Jadi Rai !...., TAUHID teh Nunggalkeun
Allah, boh Dzat-Na, boh Sifat-Na, kalebet padamelanna-Na. Tegesna Jalmi anu
Tauhid teh …, anu parantos tiasa misahkeun tina rurujit, nyingkirkeun laku
maksiat … ngahiji kanu beresih.
RADEN KAMIL : Perkawis Ma’rifat…, manawi henteu lepat… eta teh lebet
salah sawios Rukun Agama, Rai.. masih keneh bingung, tadi disaurkeun ku
Syaidina Ali : Yen sampurnana Ma’rifat teh nyaeta Sidik (Tasdik). Manawi aya
katerangan anu langkung eces ?
RADEN INSAN : Leres Rai !..., eta
teh tutugna RUKUN AGAMA, (Sareat – Tarekat – Hakekat – Ma’rifat). Dijelaskeun
ku Hadits Nabi :
اﻋـﺮﻓـﻜﻢ ﺒـﺮﺒـﻪ اﻋـﺮﻓـﻜﻢ ﺒـﻧـﻔـﺴـﻪ
ARAFUKUM BIRABBIHI ARAFUKUM BINAFSIHI
Artina : Jalma anu bener-bener nyaho
ka Allah nyaeta anu geus lewih ngarti jeng nyaho ka dirina sorangan.
Dijelaskeun deui, ari Ma’rifat teh
KASYAF. Ari Kasyaf teh nyaeta Kabukana Hakekat (anu sabenerna).
MA’RIFATUL HAKEKATUL MAUJUDA Anu Hartosna : Kabukana sagala anu aya
(Isbat) kaasup dirina.
Malah aya deui Hadits Nabi Muhammad :
MAN SHOLATA BILA MA’RIFATIN LATASIHU SHALATUHU Anu Hartosna : Henteu sah
solatna jalma, upama henteu acan Ma’rifat.
RADEN KAMIL : Hatur nuhun Kang !..., kana katerangan-katerangan, anu
henteu kinten kahartosna. Rada bray-brayan ayeuna mah. Salajengna anu bade
ditaroskeun teh …nyaeta bade nyusul amanat pun Bapa nalika jumeneng…, ka Rai
teh kieu : “ Omat ku hidep sing kapendak Hakekat Tasjid “. Tah kumaha eta
TASJID teh kang ?
RADEN INSAN : Upami Rai.. bade nyusul tepus HAKEKAT TASJID, hartosna Rai
teh …bade napak tilas laratan Asal sareng nyusul Hakekat Netepan (Solat), oge
sakaligus nyumponan Hadist Nabi anu tadi disaurkeun : ‘MAN SHOLATA BILA
MA’RIFATIN LATASIHU SHALATUHU’ Anu Hartosna : Henteu sah solatna jalma, upama
henteu acan Ma’rifat.
RADEN KAMIL : Ke..kang !..., Huruf Tasjid jigjig kana Asal urang sareng
kana Netepan sagala ?,…. Naha naon hubungannana ?
RADEN INSAN : Is…. Atuh kantenan aya pakuat pakaitna mah… kieu :
Antawis Asma Allah (Jenengan) anu nganggo
Tasjid, mung Lafadz Allah ( ﺍﷲ ) sareng Muhammad ( ﻤﺤـﻤﺪ ).
Cing Rai !..., emut-emut deui !...,
panginten parantos didugikeun ku Tuang Rama.. perkawis Hakekat Muhammad atawa
Johar Awal tea !. Kapan eta anu janten WAL AWALU (Pang Awalna) di damel ku Nu
Maha Suci teh.
Ari sorotna eta Hakekat Muhammad atawa
Johar Awal teh jadi Nur Muhammad (Cahaya opat rupi) :
NARUN (CAHAYA BEREM) NGAJADI HURUF ALIP ( ﺍ ) Saren MIM ( ﻣ )
HAWAUN (CAHAYA KONENG) NGAJADI HURUF LAM ( ﻞ ) Sareng HE ( ﺣ )
MAUN (CAHAYA BODAS) NGAJADI HURUF LAM ( ﻞ ) Sareng MIM (ﻣ )
TURABUN (CAHAYA HIDENG) NGAJADI HURUF HE ( ﻪ ) Sareng DAL (ﺩ )
Ari HAKEKAT MUHAMMAD atau JOHAR AWAL janten Hakekat Tasjid ( ω )
Janten ti dinya asalna Lafadz Allah ( ﺍﷲ
) sareng Muhammad ( ﻤﺤـﻤﺪ ).
Saparantos Nu Maha Kawasa ngadamel
Jalmi nyaeta Adam (Adegan Wujud), ari rupina disebat Muhammad ( ﻤﺤـﻤﺪ ). Kieu
Rai ! :
Tina SIRAH NGAJADI HURUF MIM AWAL ( ﻣ )
Tina DADA NGAJADI HURUF HE ( ﺣ )
Tina UDEL NGAJADI HURUF MIM AKHIR ( ﻣ )
Tina SUKU NGAJADI HURUF DAL ( ﺩ )
Tah ieu WAL AKHIRU (pang akhirna)
Muhammad teh. Panutup, oge bungkus Nur sareng Rasa. Ti dinya kakara turun
tumurun ngalahirkeun Manusa dugi ka jenengan Muhammad bin Abdullah lemburna di
Quraes Mekah, anu pangkatna Nabi oge salaku Rasul, anu ngagelarkeun AGAMA
ISLAM, salaku Nabi Panutup. Moal aya deui Nabi Kantun Elmuna (Rukun Agama) jadi
Ageuman/padoman pikeun umatna tug dugi ka kiwari. Tah kitu Rai !..., pangna
nyusul-nyusul huruf Tasjid sami sareng nyusul laratan Asal Hirup Manusa. Janten
:
WAL AWALU : Pang awalna Allah teh ngadamel Hakekat Muhammad atawa Johar
Awal (Sagara Hirup). Hartosna saniskara anu nyawaan (Hirup) asalna tidinya.
WAL AKHIRU : Pang akhirna Allah ngadamel Sareat Muhammad. Rupi manusa,
jadi bungkus atawa nutupan Nur sareng Rasa, oge Panutup Pangkat Nabi (Khotaman
Nabiyin).
RADEN KAMIL : Punten Kang !..., eta katerangan teh .. aya dasarna ?
RADEN INSAN : Ieu Hadits Nabi :
ﺍﻮﻞ ﻤﺎﺧﻟﻖﺍﷲ ﻧﻮﺮﻧﺒﻴﻚ ﻴﺎ ﺠﺎﺒﺮﻮﺧﻟﻖ ﻤﻧﻪ ﺍﻷ
ﺷﻴﺎﺀ ﻮﺍﻧﺖ ﻤﻦ ﺗﻟﻚ ﺍﻵ ﺷﻴﺎﺀ
AWWALUMA KHALAQALLAHU NURA NABIYYIKA
YA JABIRU WA KHALAQA MINHUL-ASYYA’A WA ANTA MIN TILKAL ASYA’I,,
Artina :
Awal mula anu Alloh jadikeun nyaeta
Nur Nabi Anjeun ya,, Jabir. Jeung Alloh ngajadikeun tina Nur eta, sagala
sesuatu ieu, jeung Anjeun hai,,Jabir nu kamasuk tina sesuatu eta.
ﺍﻦﺍﷲ ﺧﻟﻕ ﺮﻮﺡ ﺍﻟﻧﺑﻲ ﺼﻟﻰﺍﷲﻋﻟﻴﻪ ﻮﺴﻟﻢ ﻤﻦ ﺯﺍﺗﻪ
ﻮﺧﻟﻖ ﺍﻟﻌﺎﻟﻢ ﺒﺎﺀ ﺴﺮﻩ ﻤﻦ ﻧﻮﺮﻤﺤﻤﺪ ﺼﻟﻰﺍﷲﻋﻟﻴﻪ ﻮﺴﻟﻢ
INNALLAHA KHALAQA RUHANNABIYYI
SHALALLAHU ‘ALAIHI WASALLAMA MIN DZATTIHI WA KHALAQAL ‘ALAMA BIASRIHI MIN NURI
MUHAMMADIN SALALLAHU ALAIHI WASSALAM
Artina :
Saenyana Alloh nyiptakeun Roh Nabi
Muhammad tina Dzat-Na, tuluy Alloh nyiptakeun alam, kalawan rahasiah-Na tina
Nur Muhammad SAW.
RADEN KAMIL : Samentawis… rada cekap eta katerangan teh, kapayun hoyong
langkung anteb deui. Mung ayeuna hoyong diterangkeun anu pakuat pakaitna TASJID
sareng NETEPAN (SHOLAT).
RADEN INSAN : Kapan Hakekat Muhammad teh … jadi hurup TASJID dina Lafadz
Allah…, sareng Takbiratul Ikhram dina Sholat.
NURUL AHMAR/CAHAYA BEREM NGAJADI HURUF ALIP ( ﺍ ) ari Wujudna dina
Sholat nyaeta NANGTUNG.
NURUL ASHFAR/CAHAYA KONENG NGAJADI HURUF LAM ( ﻞ ) ari Wujudna dina
Sholat nyaeta RUKU.
NURUL ABYAD/CAHAYA BODAS NGAJADI HURUF LAM ( ﻞ ) ari Wujudna dina Sholat
nyaeta SUJUD.
NURUL ASWAD/CAHAYA HIDENG NGAJADI HURUF HE ( ﻪ ) ari Wujudna dina Sholat
nyaeta LUNGGUH.
Jadi Rai !..., nuju Solat mah
Takbiratul Ikhram, Nangtung, Ruku, Sujud, Lungguh, eta ngagambarkeun Lafadz
Allah ( ﺍﷲ ) pikeun nyusul Hakekat Muhammad, Cahaya Berem, Cahaya Koneng,
Cahaya Bodas, Cahaya Hideung.
Tah upami parantos pertingkah LUNGGUH
(ATAHIYAT), eta mah ngagambarkeun Lafadz Muhammad ( ﻤﺤـﻤﺪ ) :
Tina SIRAH NGAJADI HURUF MIM AWAL ( ﻣ )
Tina DADA NGAJADI HURUF HE ( ﺣ )
Tina UDEL NGAJADI HURUF MIM AKHIR ( ﻣ )
Tina SUKU NGAJADI HURUF DAL (ﺩ )
Tapi henteu acan janten wujud dalil
Muhammad, margi kirang Tasjid. Eta anu kedah dipilari !!!.
Rai !..., Tasjid teh mangrupa Koncina
Bumi sareng Langit pikeun mukakeun LAWANG HIJAB (Pipinding) Ma’rifat ka Allah.
Pikeun ngaburak, ngarakrak JAGAT SHOGIR baris nimbulkeun Lelembut Raga
(Jatining Manusa).
Upami kapendak eta TASJID, engke bakal
kahartos pasal Nafi Isbat.
Kitu tah Rai !..., perkawis Tasjid teh
!...., mangga geura Manahan sing anteb, sareng pilari Tarekahna !!!.
Tapi ketang…, sanaos hayoh dipikiran
oge kalah ka murudul rambut…, moal kapendak, upami henteu acan terang kana
prak-prakan SHOLAT TAZALLI atau Sholat Da’im, padamelan Kanjeng Nabi Muhammad
SAW.
Ieu teh penting kacida Rai !.., upami
Wujud Manusa henteu acan ngawujud dalil Lafadz Muhammad ( ﻤﺤـﻤﺪ ), eta moal
pendak sareng Allah ( ﺍﷲ ) hartosna moal Ma’rifat.
Mugi Rai.., janten uninga…, Para Rasul
salaku utusan Allah ( Adam, Nuh, Ibrahim, Musa, Isa, Muhammad), diantara anu
genep teh …, anu kaselir tiasa MI’RAJ mah, mung hiji nyaeta Jungjunan Nabi
Muhammad Rasululloh SAW. Matenna anu kaselir ku Nu Maha Agung sina ninggal
Akherat, ninggal ka ayaan Batin memeh pupus. Mantenna mah parantos uninga
waktosna.
RADEN KAMIL : Manawi aya cirina para Rasul anu henteu kaselir Mi’raj
Kang !.
RADEN INSAN : Ari cirina mah… kapan buktos dina Lafadz Jenengannana
henteu nganggo Tasjidan.., salian ti Nabi Muhammad anu aya mah…, nya sami
sareng Lafadz Allah, eta ciri anu dipaparin Konci kangge ngadeuheus ka Maha
Suci.
Tah ayeuna urang salaku umat Nabi
Muhammad Rasululloh SAW, pada kagungan waris… asal tiasa kependak Tasjidna.
Carana sing Suhud milarian.., dipeser ku prihatin, tirakat, mutih… sareng
disarengan ku Tekad, Ucap, Lampah anu sae. Insya Allah awal akhir baris tinekanan.
RADEN KAMIL : Aduh hatur nuhun.. kahartos pisan eta katerangan sareng
piwejang ti Engkang…, kantun Rai… milarian Tarekatna, supados kenging Koncina.
Upami anu parantos kagungan konci ku
jalan Tarekat…, rupina… sami hiji jalan kana Ma’rifat. Anu bade ditaroskeun ku
Rai !.., naon paedahna, atawa mangpaatna, pangna Manusa Wajib Ma’rifat ka Allah
?
RADEN INSAN : Ari paedahna Ma’rifat teh Rai !.., nyaeta pikeun sarat
SAHNA AMAL IBADAH URANG DI ALAM DUNYA, supaya yakin nyembahna, moal pegat dugi
ka maot engke. Margi Rai !..., ari leresna Sumembah teh .. kedah tepung heula
sareng Anu di Sembahna. Jadi tara ngaheulakeun sembah Samemeh pendak. Kitu
deui.., leresna PUJI oge kedah bukti heula anu dipujina. Oge upama urang
tumarima Jadi Kawula teh …, kedah tingali heula Di Gustina. Upami urang bade
Kuli/Buburuh atuh kedah milari heula Dunungannana, tara ujug-ujug didamel,
margi bisi henteu puguh buruhannana. Tah anu dijentrekeun di luhur teh luyu
sareng Dawuhan Allah Ta’ala dina Qur’an (Surat Al-Hijir ayat 99) : WA’BUD
ROBBAKA HATTA YA’TIYAKAL YAQIN, Anu hartosna : Kudu nyembah maraneh ka
Panggeran maraneh sing tepi ka Yakin.
RADEN KAMIL : Punten Kang !.., kumaha upami aya salah sawios jalmi..,
henteu acan terang kana jalan-jalan ibadah sakumaha kedahna, maksad teh henteu
tina ibadah Sareat heula, nanging aya kadar tiasa Ma’rifat ka Nu Maha Suci ?
RADEN INSAN : Jalmi anu kitu langkung untung, tandana eta jalmi teh
kenging Taufik (pitulung) ti Nu Maha Suci, oge hiji cirri eta Jalmi teh
dihampura dosana.
Perkawis Ma’rifat mah… Rai !.., bade
tina Sareat, bade tina Tarekat…, ti mana bae jalanna mah, da sanaos tina Sareat
oge, ari bade ningkat kana Ma’rifat mah, tangtu nyorang heula Tarekat. Margi
Tarekat mah.. pikeun ngabuktikeun Sifat-sifat Hakekat, nyaeta Dzat – Sifat –
Asma, eta teh Barang Ghaib, anu tiasa ditingalina teh sanes ku Soca biasa,
sakumaha saur Hadis : RU’YATULLAHI TA’ALA FIDUNYYA BI AENIL QOLBI, Anu hartosna
: Ningali Sifat-sifatNa Allah di dunya ku Awasna Mata Batin/Qolbu.
Kitu Rai !..., katerangan Ma’rifat ka
Allah teh, henteu dipastikeun kedah Sareat heula…, kumaha dipaparin Taufik-na
ku Nu Maha Suci. Da Manten-Na anu kagungan Sifat Wenang.
RADEN KAMIL : Perkawis hal Ma’rifat ku Rai… parantos kahartos, jadi
paedahna teh :
Mangrupi sarat pikeun Sahna Ibadah sareng Amalna, supados sampurna.
Pikeun Ngabenteng Hawa Nafsu anu Goreng, sangkan sampurna Tekad, Ucap
jeung Lampahna.
Pikeun Lampu Kasalametan boh di Dunya, boh di Akherat. Margi sifat anu
mawa salamet teh CAANG. Sedengkeun sifat anu mawa cilaka teh Poek.
Lampu (Caang) teh penting, supados
lumakuna henteu tutubruk. Margi upami anu henteu acan kagungan lampu mah.., tos
kantenan jalmi ma’siat, dalah anus ok getol aribadah oge sok rajeun diaradu
jeung baturna, da poek tea. Kang da kana papahaman mah parantos yakin kana ieu
Elmu teh kantun kumaha carana supados enggal kadugi kana Ma’rifat ?
RADEN INSAN : Supados enggal mah, teu aya deui carana teh kedah kieu :
Pilari sing kapendak Rukun Ma’rifat,
piraku ku tuang Rama teu acan diwartosan !, geuning dina Sifat 20 Allah mah
Wahdaniat, oge eta teh lebet kana Sahna Maca Sahadat.
RADEN KAMIL : Anu mana tea….. nya ?, duka henteu acan….. Duka hilap deui
Kang ?
RADEN INSAN : Eemmmh… Rai… mah……, Rukun Ma’rifat teh…. eta :
DHAT – SIFAT – ASMA – AF’AL
RADEN KAMIL : Ooooh…. Leres… emut ayeuna mah.., anu kedah :
Netepkeun heula Kana Dhat-na Allah Ta’alla
Netepkeun heula Kana Sifat-na Allah Ta’alla
Netepkeun heula Kana Asma-na Allah Ta’alla
Netepkeun heula Kana Af’al-na Allah Ta’alla
Kudu geus Sidik/Tasdik Ka Rasululloh
RADEN INSAN : Nuhun atuh parantos ka emut mah. tah anu tilu Dzat – Sifat
– Asma kagolong barang Gaib. Ari Gaib teh Aya tapi tanpa bukti. Manusa
diwajibkeun percaya kanu Gaib. Da ceuk dalilna oge : ALLADINA YU MINUNA BIL
GHOIB, Hartosna : Ari Jalma anu Iman teh anu nekadkeun, ngabenerkeun kana
perkara anu Gaib.
Tapi sahna urang Iman sarta ngaku kana
perkara Gaib teh, kedah yakin heula kana barang-barangna. Sedengkeun barang
Gaib mah henteu katingali ku panon biasa, tapi kedah ku Gaib deui. Ari anu Gaib
di Wujud Manusa teh sami nyaeta Dzat – Sifat – Asma Allah tea.
Janten ditingalina teh kedah ku Gaibna
Manusa. Geuning saur Hadist oge : WALLAHU GHOIBUN AL-INSANU GHOIBUN, Hartosna :
Allah teh Ghaib manusa oge Ghaib. Tah upami urang parantos Awas kana Sifat
Hakekat (Dzat- Sifat – Asma), tanwande urang bisa tepi kana MA’RIFATULLOH.
Emut Rai.., ari biasa Allah teh ..
tetep Jenengan. Jenengan saparantosna Isbat (Aya) lahirna manusa. Ari Dohirna
Manusa teh … saparantos gulungna Dzat – Sifat – Asma – Af’al Allah. Margi eta
anu opat teh… jadi Huruf Allah ( ﺍﷲ ) :
DZAT NGAJADI HURUF ALIP ( ﺍ )
SIFAT NGAJADI HURUF LAM AWAL ( ﻞ )
ASMA NGAJADI HURUF LAM AKHIR ( ﻞ )
AF’AL NGAJADI HURUF HE ( ﻪ )
Tapi sanaos jadi Huruf ALIP ( ﺍ ), LAM
AWAL ( ﻞ ), LAM AKHIR ( ﻞ ), HE ( ﻪ ). Henteu acan janten Lafadz Allah, margi
henteu acan kumplit sareng Tasjid ( ω ).
Ana kitu atuh…. Tasjid na teh …,
Sareatna … kanyataan Manusa. Margi aya Jenengan Allah teh…. Saparantos aya
Manusa.
Paingan Dawuhan Allah :
ﺍﻻﺣﻖ ﺒـﺎﻻﺣﻖ ﺍﻻﺣﻖ ﺒـﺎﻻﺣﻖ
ILLA HAQQA BILLA HAQQIN - ILLA HAQQIN
BILLA HAQQA
Tegesna : ‘ MOAL AYA AING LAMUN EUWEUH
MUHAMMAD (MANUSA), MOAL AYA MUHAMMAD (MANUSA) LAMUN EUWEH AING’.
Tetela ‘ Muhammad (manusa) teh henteu
aya antarana sareng Allah. Sesuai numutkeun dalilna :
WA NAHNU AQRABUN ILAIHI MIN HABLIL
WARID
Hartosna : Kami lewih deukeut ka
maneh, sanajan dibandingkeun urat beuheung jeung beuheung maneh oge.
RADEN KAMIL : Perkawis Jenengan Allah, saparantos ngupinkeun katerangan
ti Engkang…, rada ngagebray, nanging manawi aya ibaratna…, supados langkung
eces Kang !.
RADEN INSAN : Cing urang milari conto sangkan langkung jelas.
Conto Sareatna :
Rai !..., kantos ngadangu jenengan
Pamarentah ?...., manahan ku Rai..!, Kumaha Wujudna Pamarentah teh ?. Kapan
sadayana oge ngangkeun yen Pamarentah teh anu pang kawasana di nagara mah.
Rai !..., ari anu disebut Pamarentah
teh kedah kacumponan sarat-saratna :
Kedah aya Presiden-na
Kedah aya Mentri-mentri-na
Kedah aya Rahayat-na
Kedah aya Wilayah-na
Upami kacumponan sarat-sarat ieu,
nembe sah disebut Pamarentahan. Ongkoh disebut Pamarentah… tur kawasa…, sanajan
Presiden oge ari bade Ngalantik teh…, sok nyaurkeun kieu : SAYA ATAS NAMA
PAMARENTAH…., tapi wujudna mah kapan henteu bisa dituduhkeun.
Upami nuduh Pamarentah ka Presiden/Raja… kapan eta mah jelas
Presiden/Raja
Upami nuduh ka Mentri…., kapan eta mah para Mentri pembantu Presiden.
Upami nuduh ka Rahayat…, kapan tos kantenan eta mah Rahayatna.
Upami nuduh ka Wilayah….., kapan puguh eta mah Wilayahna.
Jadi Rai !..., Jenengan Pamarentah teh
Yakin Aya, tapi Tanpa Rupa/Bukti. Pikeun ngayakinkeun Ayana …., kedah terang kana
Sifat-sifatna Pamarentah nyaeta :
Kedah terang ka Presiden
Kedah terang ka Mentri-mentrina
Kedah terang ka Rahayatna
Kedah terang kana Wilayah legana Nagara.
Tah anu opat sifat ieu teh Kaliputan
atawa Kapurba Wisesa ku Kakawasaan Pamarentah.
RADEN KAMIL : Eta mah nembe conto Sareatna Kang !...., kumaha ari conto
Hakekatna ?
RADEN INSAN : Conto numutkeun Hakekatna mah kieu :
Ari basa Allah teh jenengan, cing
kumaha Wujudna ?...., sami teu tiasa dituduh-tuduh, ibarat nuduh kana Pamarentah
dina Sareat mah. cing ayeuna babandingannana :
Upami nuduh kana Dzat-Na Allah, ibarat Pamarentahan…., cing naon
barangna dina Diri Manusa ?
Upami nuduh kana Sifat-Na Allah, ibarat Presiden…., cing naon barangna
dina Diri Manusa ?
Upami nuduh kana Asma-Na Allah, ibarat Mentri…., cing naon barangna dina
Diri Manusa ?
Upami nuduh kana Af’al-Na Allah, ibarat Rahayat katut Wilayahna…., cing
naon barangna dina Diri Manusa ?
Upami parantos terang kana barangna
eta anu opat kalawan Haqul Yakin, katingalina ku Panon Qolbu/Hate, tah… anu kitu
disebat Ma’rifat ka Allah.
RADEN KAMIL : Dupi eta kana Dzat…., naha wajib katingalina ?, kapan saur
Dalil oge :
ﻠﻴﺲ ﻠﻪ ﻤـﻜﺎ ﻦ ﻭﻻ ﺰﻤﺎ ﻦ ﻓﺧﻠﻖ ﺍﻠﻤﻜﺎ ﻦ ﻭﺍﻠﺰﻤﺎ
ﻦ
LAESA LAHU MAKANUN WALA ZAMANUN
FAKHOLAQO MAKANAN WAL ZAMMAN
Anu hartosna : Allah teu bertempat,
MantenNa anu nyiptakeun Waktu sinareng Tempat.
DHAT LAESA KAMISLIHI SAEUN…….. anu
BILA HAEFIN……, BILA MAKANIN (Teu tiasa disaruakeun, henteu warna, henteu rupa,
henteu imah henteu enggon). Atuh bade katingali kumaha ?
RADEN INSAN : Henteu wajib Rai !, ningali kana Dzat-Na mah…. wajib teh
terang kana Ayana bari Karasa. Ibarat kana Seneu, ningali kana Hurungna
(sifatna) ari kana Panasna mah asal terang sareng Karasa sami hoyong yakin kana
ayana panas, atuh kedah dirampa sifatna (hurungna) eta seneu, pasti bakal
Karasa Panasna.
Kitu deui… upami urang parantos
ningali kana Sifat-Na Gusti Allah, tangtu Karasa Ayana Dzat teh, sarta karaos
ngaliputannana teh kana sagala Sifat-sifatNa.
Jadi Dzat anu langkung Kawasa teh da…
kapan Hurung (sifatna seneu) bijilna teh ku ayana Panas. Geura buktikeun upami
urang bade ngahurungkeun seneu… boh ku Kayu Api atawa Gasolin (Bensin), kapan
siki Kayu Apina teh digesekeun heula kana cangkang kayu api sina panas heula.
Upama parantos panas… kakara bijil Hurungna. Di dinya antara Panas sareng
Hurung ngagulung jadi hiji (manunggal). Jadi Dzat sareng Sifat ngagulung.
Tah kitu Rai !..., padika Allah mah…
nu ngadamel sok ngahiji sareng anu dipidamel (Jumeneng). Asal Nafi (teu bukti)
jadi Isbat (aya bukti). Nafi – Isbat jadi Hiji (ngagulung). Anu mawi Lafadzna
LA ILLAHA ILA ALLAH :
LA = Kanyataan ayana Dzat
ILLAHA = Kanyataan ayana Sifat
ILA = Kanyataan ayana Asma
ALLAH = Kanyataan ayana Af’al
Gulungna NAFI = LA ILLAHA ILA
Sedengkeun ISBAT = ALLAH
RADEN KAMIL : Kang !..., dupi eta Dzat – Sifat – Asma – Af’al…, naon
barangna dina wujud urang ?
RADEN INSAN : Rai !... eta mah rasiah…., margi eta mah Elmu Agama
Rasululloh. Ari Kanjeng Nabi Muhammad teh kapan urang Quraes, upami Rai !...,
hoyong tutug eta Elmu…, atuh kedah janten urang Quraes heula. Hartosna kedah
ahli ngosongkeun patuangan (tirakat/kentel peujit).
Sabar heula Rai !.., kedah nuju salse
eta mah. Ayeuna mah cumponan heula bae sarat-saratna…, da engke oge kauningana
teh ku rai nyalira.
RADEN KAMIL : Kitu nya…., jadi udageun Rai.. kapayun. Atuh ayeuna mah
bade digentos patarosannana, nyaeta anu disebat Hiji Asmana Allah teh naon tea
Kang ?
RADEN INSAN : Eta teh …barang Gaib keneh…, anus ok disarebat barang Ismu
Dzat. Ari barangna :
QUDRAT = NURULLOH / JAOHAR AWAL, anu ngahirupkeun Manusa.
IRODAT = NUR MUHAMMAD, anu ngajadikeun sadayana sifat-sifat (anu
ngajadi) : Paninggal, Pangrungu, Pangangseu, Pangucap.
Rai !.., Manusa teh tina Qudrat –
IrodatNa Allah Ta’ala, anu mawi kedah kauninga ti ayeuna!, margi kapan kedah
mulang deui kadinya. Upami urang ayeuna henteu Ma’rifat (terang) ka dinya,
tangtu bakal kalangsu, ngulibek di dunya-dunya keneh.
RADEN KAMIL : Dupi anu disebat Hiji Af’alna (dadameulannana) Allah naon
nyatana ?
RADEN INSAN : Kapan eta Wujud anu diangge ku Rai !..., naha pangrasa teh
kitu eta wujud teh kenging Ibu-Rama ?. Atuh upami Ibu-Rama tariasa ngadamel
Wujud Manus amah…, Dalil Lahaula wala Kuwata teh teu keuna. Pisakumahaeun
teuing.. pa alus-alusna meureun nyarieun budak teh. Tah ieu Wujud teh Rai !..,
ngabuktoskeun Kakawasaan sareng KersaNa Allah Ta’ala. Tapi sok sanaos Allah
Kawasa oge…., kedah bae ari nganggo sabab mah, geuning saur Dalil oge :
INNALLOHA A’LA KULLI SYAEIN SABABA, Hartosna : Allah ngajantenkeun sagala rupi
nganggo sabab.
Nya ieu Wujud disababannana
perentawisan Ibu-Rama. Jadi Ibu-Rama teh sakadar cukang lantaran. Bilih Rai
!.., teu acan ngartos…, ieu wujud teh nyantel (ngahiji) kana Dzat – Sifat –
Asma – Af’al. Atawa dina Lafadzna mah : ALIP ( ﺍ ), LAM AWAL ( ﻞ ), LAM AKHIR (
ﻞ ), HE ( ﻪ ). Katarik kana kanyataan Allah ( ﺍﷲ ), jadi ieu Wujud Huruf HE ( ﻪ
) dina Lafadz Allah ( ﺍﷲ ).
RADEN KAMIL : Naha Kang ?, kapan ieu Wujud teh barang anyar ?
RADEN INSAN : Iiih.. anyar soteh Isbat-na (ayana bukti), da tadina mah
barang Nafi tea, … Nafi – Isbat jadi hiji.
RADEN KAMIL : Upami ieu Wujud leres barang Nafi…, naha atuh sok ruksak
atawa buruk di Kuburna ?
RADEN INSAN : Tiasa bae.. buruk, bau…, upami ieu Wujud diangkeun Wujud
Manusa. Rai !..., sing ngartos ieu mah sanes Wujud Manusa !, tapi Wujud bukti
dadamelan Allah Ta’ala…, tempat sareng parabot pikeun nyumponan sagala karep
Manusa.
Supados henteu lieur…, cing upami Rai
hoyong ka Jakarta…, naha ieu Wujudna anu hoyong ka Jakarta teh ?, atawa
Manusana ?.
RADEN KAMIL : Panginten anu hoyongeun mah Manusana atawa Rasana !.
RADEN INSAN : Tah geuning ngartos, leres Rai.. eta Rasana…. Nanging eta
kahoyong Rasa teh tiasa dugi moal upami henteu disarengan ku Wujud ?
RADEN KAMIL : Bujeng-bujeng kanu tebih… sanaos kanu caket oge…, moal
tiasa upami henteu disarengan ku Wujud mah. Atuh sawangsulna panginten Wujud
oge moal tiasa indit upami henteu ku Dzat – Sifat – Asma.
RADEN INSAN : Tah di palebah dieu.. Akrobna Allah sareng Manusa teh !
Saur Hadist oge : SAGALA KAREP MANUSA, MOAL JADI LAMUN HENTEU DISARENGAN KU
ALLAH. Sareng palebah dieu karaos henteu pilih kasihna Allah ka papada Manusa
teh … rata pada dipasihan Wujud, mangrupa ‘ Kanyataan Af’al- Na Allah. Pikeun
ngabarengan sareng ngajadikeun kana saniskara Karepna Manusa.
Cing ku Rai emut !..., kapan bukti ieu
eusi Alam Dunya, boh imah gedong, kendaraan, listrik, radio, TV, katuangan,
kalengkepan kasehatan, kalengkepan ibadah jsb. Eta teh teu aya lian anu
kagungan Karepna mah Manusa, dijadikeunana nya ku Wujud (Af’alulloh).
Tah kitu deui Rai !.., kanggo eusina
Alam Akherat oge, boh Sawarga, boh Naraka, nya ku hasil karepna manusa sareng
padamelan Wujud… nuju di Alam Dunyana. Anu mawi Rai !..., da ari Allah mah
Tetep Suci…, teu ngalap paedah (imblan/ngancam) ngadamelna Manusa teh, henteu
bade ngaganjar henteu bade nyiksa, kasakabeh manusa oge. Palebah aya Sawarga
sareng Naraka…, Allah mah mung nyadiakeun wungkul pikeun hasil karepna manusa,
sareng padamelan Wujud (Af’alulloh). Kusabab kitu…, Rai sing atos-atos
ngagolangkeun ieu Wujud teh da ieu teh Amal Nu Maha Suci. Ulah gagabah
ngagunakeunnana !..., anggo amal ibadah bari disarengan ku soleh hate, suci ati
(suci tekadna, suci ucapna, suci lampahna).
ATI : Ulah diangge Sirik, pidik, jail, kaniaya, goring sangka, ujub,
ria, takabur jeung munafek.
BAHAM : Ulah diangge Ngumpat
simuat, geureuhan, songong, sugal jsb.
WUJUD : Ulah diangge Lampah maksiat ( 5 M) : Maling, Maen, Madon (Lacur),
Mateni (Maehan batur).
Nu mawi Allah ngayakeun Kitab
Al-Qur’an oge, eta pikeun Ukur-ukuran (anggeur-anggeuran) laku Manusa. Jadi
Qur’an teh lain keur ngahukum batur, tapi ngahukum dirina (anu macana).
Kapan parantos diugerkeun ku “ AMALUNA
AMALUKUM”.
Dina salah sawios Hadits oge
dijelaskeun :
HASYIBU ANFUSYAKUM QOBLA TUHAASYABU,
AWZINUU ANFUSYAKUM QOBLA AN’TUWZANUU
Anu hartosna : Hisab awak maneh
(sorangan) samemeh jaga dihisab. Sarta timbang amal maneh (sorangan) samemeh
jaga ditimbang.
RADEN KAMIL : Perkawis Af’’alulloh parantos kapaham barangna ieu wujud.
Tapi tadi saur Engkang ieu mah sanes ‘ Wujud Manusa’…, kapan panginten
sami-sami keneh ?. upami aya bentenna … anu mana atuh Wujud Manusa anu
sategesna ?
RADEN INSAN : Kieu Rai !..., ari Wujud anu bukti mah… eta kanyataan
Af’alulloh, sedengkeun Wujud Manusa anu sategesna mah Gaib. Aya tapi teu
ngabukti (nyumput). Anu matak saur Hadist :
ﻮﻤﻦﺍﻋـﺮﻑ ﻧـﻔـﺴـﻪ ﻓـﻘـﺪ ﺍﻋـﺮﻑ ﺮﺒـﻪ ﻮﻤﻦ ﺍﻋـﺮﻑ
ﺮﺒـﻪ ﻓـﻘـﺪ ﺠـﻬـﻳﻼ ﻧـﻔـﺴـﻪ
WAMAN AROFA NAFSAHU FAQOD AROFA
ROBBAHU, WAMAN AROFA ROBBAHU FAQOD JAHILAN NAFSAHU
(Singsaha jalma anu geus nganyahokeun
kadirina sorangan tangtu bakal nyaho ka Panggerannana, Samangsa-mangsa geus
nyaho ka Panggerannana tangtu bakal leuwih nyaho kadirina anu bodo).
Tah geuning kedah dipilarian diri teh
: Pangna kedah dipilarian oge panginten ku Buni (nyumput) margi Gaib tea. Da
anu ngajentul katingali mah henteu kedah dipilarian.
Upami jalmi parantos terang kana
Jatining Manusa tangtos bakal ngaraos bedana Manusa sareng Allah, bedana anu
Suci sareng Anu Kotor. Tah upami parantos ngarasa kotor… tangtu kersa beberesih
( Tobat, moal ngalakukeun deui ).
RADEN KAMIL : Euhhh… janten bentenna antawis Wujud sareng Wujud Manusa
teh : Ari Wujud mah, anu bukti, mangrupi Af’alulloh, sok disarebat oge Jasad,
Jasmani, Diri, Badan atawa Adam. Ieu teh mangrupi Bungkus, panginten nya Kang.
Sedengkeun ari Wujud Manusa mah, atawa Jatining Manusa, sok disebat oge Rohani,
mangrupi Asmaulloh. Ieu mah mangrupi eusina Jasmani. Ari barangna nyaeta :
NARUN, HAWAUN, MAUN, TUROBUN. Rupina di dieu gulungna Rasa teh nya Kang !.
RADEN INSAN : Nuhun geuning Rai !..., parantos dikersakeun Caang. Leres
kitu Rai.., mung sing emut… eta nembe dua tahap. Anu satahap deui mah
Sifatulloh anu gumulung sareng Dzattulloh tea, cing emut-emut !..., naon
barangna ?.
RADEN KAMIL : Ke… manawi henteu lepat…, sanes eta Kang !.... Johar Awal
atawa Hakekat Muhammad atawa Bahrul Hayat (Sagara Hirup), sanes kitu Kang ?.
RADEN INSAN : Tah… geuning parantos paham. Leres eta Rai !. Eta teh tina
QODRAT – IRODAT-na Allah. Ari sorotna Bahrul Hayat (Sagara Hirup).., nya janten
Hrupna Manusa atawa Roh Suci, anu ngusik malikeun urang. Engke oge Rai !..,
mulih teh kedah ka dinya deui, luyu sareng Dalil : INNA LILLAHI WA INNA ILLAIHI
ROJI’UN, Hartosna : Asal ti Allah, mulih deui ka Allah.
RADEN KAMIL : Ke… Kang !..., upami urang asal ti Allah, teras urang teh
ayeuna diumbarakeun di ieu Alam Dunya sakitu puluh taun lamina, engke parantos
dugi kana waktosna kedah mulih deui ka Allah. Upami kitu mah atuh urang teh
pisah.. patebih sareng Allah. Padahal Rai… nalika turun ti Alam Akhirat
(Batin)… henteu ngaraos ngingking, ujug-ujug clok bae di Dohir (Dunya). Tapi
eta saur Dalil kedah bae mulih deui ka Allah Maha Suci. Tah naon eta teh Kang…
Anu mulih teh ?.
RADEN INSAN : Kutan… Rai teh masih bingung ?. Leres …Rai … kedah mulih,
nanging sanes ngingking… sapertos ti luar ka lebet bumi,…. Tapi anu Mulih teh
Rasana (Nyawa), mulang deui ka asal urang keur tadi.
Cing emut- emut deui ku Rai !....,
nyumponan Dalil : INNA LILLAHI (Asal ti Allah) !. Anu nembe haneut keneh
diterangkeun :
Asal Hirup ti mana ?
Asal Rasa atawa Jatining Manusa ti
mana ?
Asal Wujud atawa Jasmani ti mana ?
RADEN KAMIL : Tapi… naha geuning ari umumna mah… panyileukan engke
marulang teh bet …. Haroyong ka Sawarga ?, padahal saur Dalil mah : WA INNA
ILLAIHI ( mulih deui ka Allah), geuning Dalilna henteu WA INNA AL-JANNAH (mulih
ka Sawarga), kumaha eta Kang ?.
RADEN INSAN : Memang aya Hadist anu nerangkeun, yen sadayana Jalmi teh
ti Sawarga, hartina tina Kani’matan, tina Sahadat (Sa-Adat) waktu tadi nalika
Ibu sareng Rama sapatemon Rasa. Jadi urang bade gumelar ka Alam Dunya teh kapan
ngalangkungan heula Ni’mat (Sawarga).
Jadi Sawarga mah Rai !..., diangge
liliwatan wungkul. Atuh dina engke urang mulang oge… nya kedah ngalangkungan
deui Ni’mat (Sawarga), anu saterasna mulih deui ka Allah… ka Sagara Hirup. Da
kapan ayana Ni’mat (Sawarga) teh ku aya Hirup. Hirup Allah anu Langgeung henteu
kena ku ruksak.
Jadi anu mulih teh Rasana (nyawa)… Rai
!.
RADEN KAMIL : Kumaha…Kang !..., anu itikadna hoyong mulih teh mung dugi
ka semet Sawarga ?
RADEN INSAN : Iiiih… dugi ka dinya oge parantos untung, saratna oge anu
kitu beuratna, sok sanaos dugi ka dinya teh hartosna mulih kana Ciptaannana
Allah (Makhlukna) henteu mulih ka Nu Nyiptana ( WA INNA ILLAIHI ).
RADEN KAMIL : Ke…Kang !... palebah Ni’mat (Sawarga) dina waktu maot,
lebah mana karaosna ?.
RADEN INSAN : Eta palebah Sakarat, kuduna … urang teh ngaraos rebu-rebu
ni’mat… kedah persis anu karaos ku Ibu – Rama kapungkur nalika saresmi sapatemon.
Tah Rai !, dipalebah dieu Hakekat Wat Sirotol Mustakim teh. Tegesna jalan anu
bener Paturayna Nyawa sing Nepi kana Laratan Dzat – SifatNa Allah.
RADEN KAMIL : Anu kumaha Kang !..., anu Maot… kenging kani’matan nuju
Sakarat teh ?
RADEN INSAN : Nya anu nuju di Dunyana mendakan Elmuna, nyaeta Elmu
Kasampurnaan.
RADEN KAMIL : Kumaha upami nuju di Dunyana henteu mendak sareng Elmu
Kasampurnaan ?
RADEN INSAN : Nya atuh sawangsulna tina ngaraos ni’mat…, sarebu lipet
ngarasakeun kanyerian, persis anu karaos ku Ibu dina waktos harita babar
atanapi ngalahirkeun. Renghap ranjug, tibubunceulik, juba, jebi, adug lajer,
lurak lirik neangan jalan.. Poekeun.
RADEN KAMIL : Tadi Engkang nyaurkeun…, yen anu mulih teh Rasana atawa
Nyawana. Tah … Rasa (Nyawa) anu maot teh kamana jigna ?
RADEN INSAN : Kieu Rai !..., pangbalikan urang teh … Pangbalikan Rasa ti
Dunya mulih deui ka Rasa Kapungkur.
Pangbalikan teh aya 3 (tilu) perkawis
:
Balik ka HAKNA ADAM
Balik ka HAKNA MUHAMMAD
Balik ka HAKNA ALLAH
Jadi Rai !..., engke dina maot mah…,
anu nangtukeun teh kumaha katerang Elmuna. Upami Elmuna (Katerangna) ngan semet
tuturut munding, ibadahna luak leok, ngalakonan soteh bakat ku era ku batur,
kurang suhud, kurang Haqul Yakin, muhit ukur ka barang dunya, atuh tangtu dina
waktu Sakaratna eta Rasa )Nyawa). Imanna teh kana Dunya… nya … Nyawana kontak
sareng barang Dunya. Upama kitu tangtu balikna ka dunya deui. (Balik ka Hakna
Adam ). Eta mah kumaha pamuhitannana, kana bagong, Oray, Maung, Monyet jsb.
Upami Rasana (Nyawa) kontak sareng asal Nur Muhammad, tangtu bakal nyumponan
kana basa Mulang ka Asal (Balik ka Hakna Muhammad ), didieu tetep langgeung
dina Ni’mat (Sawarga) tea.
Upami Rasana (Nyawana) kontak sareng
Bahrul Hayat (Sagara Hirup), tangtu nyumponan kana basa Mulih ka Jati (Balik ka
Hakna Allah). Mulih deui kana Rasa kapungkur, Rasa Allah tea (Rasululloh).
Henteu aya naon-naon.., anging Allah anu Langgeung JumenengNa.
Kitu tah … Rai…, nyanggakeun hoyong nu
mana ?
RADEN KAMIL : Punten .. Kang !..., Rai.. rada rewel.., margi masih keneh
panasaran. Anu bade ditaroskeun teh, eta Nyawa kaluarna tina Wujud teh kana
naon ?.
RADEN INSAN : Ari saur Kitab mah Rai !..., kaluarna Nyawa tina kurungan
teh tina Embun-embunan.
RADEN KAMIL : Ke.. Kang !..., upami Nyawa kaluar tina kurungan (wujud)
mah… atuh panginten masih kakurungan ku wangunan Alam Dunya ?, Hartosna mulih
deui kan Hakna Adam ?, upami kitu mah tetep di Alam Dunya di pangumbaraan.
RADEN INSAN : Leres kitu Rai !..., eta teh saur Kitab…. Nyawa kaluar
tina wujud ti Embun-embunan…, margi henteu kapendak jalan ka Akherat.. asal
tadi. Jadi ngarasa poek, ka hijab (kapindingan) teu katembong… heug bae nyasab.
Rasana oge pasti eungap…, lila-lila
mah bitu (kawas ban anu kaleuwihan teuing ngompana). Anu mawi pantes Nyawa
bijil norobos tina wujud kana Embun-embunan. Anu kitu tetep dina Hakna Adam.
RADEN KAMIL : Parantos kahartos perkawis Nyawa anu norobos tina wujud
mah. Salajengna … dupi Nyawa anu sampurna ?, kumaha eta Kang ?.
RADEN
INSAN : Mungguh Nyawa anu sampurna mah… henteu kaluar.. oge henteu tetep…, da
basana oge sampurna. Ari sampurna teh Seep bersih. Ibarat damar atawa lampu
cempor seep minyakna, seep hurungna, seep panasna, nya pareum.. beresih teu aya
sesana.
Supados langkung jelas Rai !... kieu :
Hurungna ibarat Kahayangna
Panasna ibarat Rasana
Minyakna ibarat Rohna
Sadayana seep/bersih henteu aya anu
kakantun, mulih deui kana asalna nyaeta Nur Muhammad sareng ka Nur Dzat
(Nurulloh).
RADEN KAMIL : Ke… Kang !..., upami basa sampurna kitu, naha ngan seep
bae ?, sapertos asalna tadi… henteu aya ngeunah sareng teu ngeunah ?.
RADEN INSAN : Aeeehh…. Kutan henteu acan kapaham ?, ari cara kapungkur
samemeh turun ka Dohir…, henteu aya ngeunah sareng henteu ngeunah mah, atuh
sami sareng martabat sato…, anu henteu kabagean Sawarga sareng Naraka (Ngeunah
sareng henteu ngeunah). Margi saur Dalil oge pikeun sato mah “ KUNTU TUROBA”,
hartosna : Asal henteu aya jadi aya…, engke balik deui kana henteu aya. Anu
mawi henteu katetepan Agama.
Benten deui sareng Manusa, kapan dina
Dalilna oge “ KANJAN MAHFIAN “, Anu hartosna : tina asal teu aya, teras gumelar
di Alam Dunya, engke mulang ti Dunya di sampurnakeun ganjaran sareng siksaan
(Sawarga – Naraka).
Ari Ganjaran (Sawarga) disadiakeun
pikeun anu maotna Sampuna, hartosna bakal nampi Ni’mat taya babandingannana.
Dina Al-Qur’an : “ FIHA MATASYTAHIL ANFUSU WATALADZULI AYUNI WAANTUM FIHA
KHALIDUN “, Hartosna : Sawarga teh aya sagala anu dipikahayang…, sarta
kaendahan anu katingali sareng langgeung. Sedengkeun Naraka.., eta disadiakeun
pikeun anu maotna henteu sampurna.., baris nampi ka teu ngeunah anu taya
babandingannana.
RADEN KAMIL : Ke…Kang !..., dupi anu nampi ganjaran sareng siksaan teh
naonnana ?.
RADEN INSAN : Kapan parantos dijelaskeun … anu mulih teh Rasa (Nyawa).
Tapi kapan Rasa teh aya 3 (tilu) Rupa :
RASA JASMANIAH (Rasa Kadunyaan)
RASA ROHANIAH
RASA NURANIAH (Rasa Jati).
Upami RASA JASMANI (Rasa Kadunyaan)
Saperti : Rasa ngeunah, rasa teu ngeunah, rasa hayang, rasa ka keuheul, rasa
kamelang jsb, parantos seep (leungit), engke bakal aya anu bijil RASA NURANI
(RASA JATI). Tah eta anu baris nampi Ganjaran teh Langgeung Ni’mat.
RADEN KAMIL : Ke…Kang !..., ari RASA JATI teh asalna ti mana ?
RADEN INSAN : Kapan tadi disanggeumkeun… Rasa Nurani (Rasa Jati) teh
sering kabulen ku Rasa Rohani sareng Rasa Jasmani (Kahoyong atawa nafsu sareng
prilaku). Tah upami eta Rasa Rohani sareng Rasa Jasmani parantos seep (leungit)
nya timbul deui Rasa Nurani (Rasa Jati) teh.
Pokona mah Rai !..., upami Rasa
Jasmani kacandak ka Akherat (Batin), tangtu moal kenging ganjaran (Sawarga),
malah sawangsulna bakal nampi siksaan (Naraka).
Rasa Jati mah bageannana Ni’mat Batin
(Sawarga)
Rasa Jasmani mah bageannana Kani’matan
wungkul.
RADEN KAMIL : Kutan… aya bentenna basa Ni’mat sareng Kani’matan teh.
RADEN INSAN : Tangtu aya bedana… ari Kani’matan mah anu ngaggo
padamelan. Conto Kani’matan :
Urang resep dinu caang, kapan kedah
ditingali.
Aya imah gedong endah… kapan kedah
ditingali.
Sapatemon sareng bojo…. Kani’matan,
kapan kedah dipidamel.
Kani’matan mah… keuna ku bosen (henteu
langgeung).
Ari Ni’mat mah (Sawarga) tea… di Batin
mah henteu kalawan Padamelan henteu di tuang, henteu di leueut, henteu di
tingali, henteu di dangu, henteu di angseu, kapan saur Rasul oge :
FIHA MALLA’AENUN ROAT, WALLAUDZUNUN
SAMI’AT, WALLA KHODORO’ALA QOLBI BASYAR
Anu hartosna : Mungguh Sawarga anu
Agung teh hiji kaayaan anu henteu katingali ku soca, henteu kadangu ku cepil,
henteu ka gambarkeun ku hate, henteu ku padamelan mung Ni’mat anu karaos.
RADEN KAMIL : Upami gambaran di Dunya mah panginten…. Sawarga teh di
wangun ku gedong-gedong anu arendah, katuangan anu narikmat, Widadari anu
gareulis…, sakumaha kaunggeul dina Hadist.
Kumaha eta Kang ?.... yen Jalmi anu
Iman, …. Misti kenging ganjaran Akherat, dipapag ku Widadari opat puluh.
Panginten Widadari teh istri. Tapi teu acan nguping aya Widadari pamegetna
(Widadara)……. anu baris mapag Jalmi istri anu Iman ?
RADEN INSAN : Eta…. Mah kieu Rai !
Ka hiji Sakadar Panyingsieunan sareng
Pangbibita, sangkan manusa Narurut, ngarah sieun sareng kabita. Geuning ku
Hadist di sapertikeun keur di Dunya, Naraka teh seneu anu panas kacida, lir
godogan timah anu hurung pitempateun jelema doraka. Atuh Sawarga tempat Jalmi
anu Iman, dipapag ku Widadari sareng hal-hal anu arendah.
Ka dua Leres aya Widadari teh …,
nanging eta teh Muna’if (nyilokakeun kani’matan) ganjaran ti Nu Maha Suci.
Ku urang kedah dipikir panjang sing
kahartos, papay laratan Widadari teh !. Ari Widadari teh rupina istri anu
gareulis. Ari istri teh kapan sifat Kasukaan Ati, kacinta, kadeudeuh,
kabirahian, kani’matan pikeun di Alam Dunya.
Saurang Jalmi Iman disadiakeun 40
(opat puluh) widadari, atuh tada teuing seueurna. Eta… teh siloka Rai !...,
saleresna mah … mung 4 (opat). Kieu geura anu 4 (opat) teh :
KA HIJI : Kani’matan Soca, boh ningali
Jalmi, boh ningali kaendahan Alam atawa barang.
KA DUA : Kani’matan Baham, ngaraoskeun
naon-naon anu di tuang.
KA TILU : Kani’matan Cepil,
ngupingkeun sora, musik, lagu jsb.
KA OPAT : Kani’matan Pangambung,
ngangseu anu seungit-seungit.
Tah ni’mat-ni’mat Akherat mah Rai
!..., henteu karana Di Pidamel heula…, estuning ni’mat salamina. Eta tah anu
mulang ka Asal … ka Sawarga Agung teh nyaeta anu Ma’rifatna ka Nur Muhammad
(Hakna Muhammad).
RADEN KAMIL : Ke.. punten… Kang !..., ari Ni’mat teh anu kumaha ?, naha
aya di Dunya…. Babandingan Ni’mat di Akherat teh ?.
RADEN INSAN : Aya Rai !...., ngan di Dunya mah sepersarebuna Ni’mat di
Akherat !.
RADEN KAMIL : Kani’matan anu mana …. Anu sapersarebuna teh ?
RADEN INSAN : Eta… ari Rai.., Nuju Kulem tibra, geuning henteu emut kana
kadunyaan, henteu emut naon-naon !, tapi sanes nuju ngimpen !. Geuning nembe
sakitu oge Rasa Jasmani teh henteu kuat…. Parantos seep sama sakali, parantos
leungit dunya barana, leungit bojo/caroge, leungit putra, leungit sagala….
Kasilih ku Rasa Ni’mat. Tah di dinya sidik anu nampi teh Rasa Jati.
RADEN KAMIL : Dupi eta anu mulih ka JATI … atawa ka HAKNA ALLAH anu
kumaha Kang ?.
RADEN INSAN : Eta anu nuju di Dunyana parantos mendakan Elmuna tiasa
Ma’rifat ka Hakekat Muhammad (Sagara Hirup, Nur Dzat, Nurulloh, Dzat-Sifat
Allah). Sampurna mulih ka Rasa Kapungkur … nalika masih keneh janten NUR. Tiasa
MULIH RASANA MALING KERSANA. Ti dinya mah… nya kumaha dikersakeunaNa … mulih
deui ka SAJATINING SUWUNG (DZAT LAESA KAMISLIHI).
RADEN KAMIL : Nembe rada bray-brayan Kang !..., teu acan pas.., manawi
aya anu langkung eces ti dinya katerangannana ?
RADEN INSAN : Upami masih bingung keneh…., cing urang ibaratkeun eta
RASA DOHIR sareng RASA BATIN/AKHERAT teh. Kieu Rai :
Anu disebut ku Para Wali BAHRUL HAYAT
(Sagara Hirup) teh …., anu mahi ngaliputan ka 7 Lapis Bumi, 7 Lapis Langit
katut saniskara eusina, upami di Alam Dohir (Dunya) mah… ibarat SAGARA CAI
atawa Laut.
Laut teh mangrupi puseur ti sakumna
cai-cai anu araya di sakuliah bumi, anu aya di Walungan-walungan, di situ-situ,
di kubangan-kubangan, di susukan-susukan, di balong-balong, di sawah-sawah, di
sumur-sumur jsb.
Jadi Laut salaku SAGARA CAI teh mahi
ngahirupkeun sakumna Makhluk saeusi Dunya. Ari Cai Laut kapan rasana teh Asin.
Tah ibarat urang tadi samemeh turun ka Dunya… nuju di Sagara Hurip…. Ngancik
dina Rasa Asin, nyaeta Rasa Sajati ngancik dina Rasa Poho.
Sacara ilmiah…, Cai Laut teh kasorot
ku Panon Poe jadi sa’ab (menguap) teras janten Mega. Salajeungna mega jadi
Mendung… teras jadi Hujan, caina ngancik di tempat-tempat sakumaha disebut
diluhur. Tah ari parantos janten Cai hujan sareng parantos araya di darat mah…
anu tadina Rasa Asin teh bet robah jadi henteu asin.
Jadi Rai !..., Rasa Cai Asin anu di
Laut mah ibarat Rasa Batin(Akherat), ari Rasa Cai Hujan sareng anu di darat mah
ibarat Rasa Dohir (Dunya), aya ngeunah sareng teu ngeunah. Cai Hujan tadi, sa
keclak sewang … ibarat jadi Nyawa Jasmani (Rasa Jasmani) anu mang milyar-milyar
seueurna.
Tah ibarat kitu Rai !..., kumaha
jalanna ?...., sangkan eta cai anu aya dina Walungan, di Situ, di Kubangan, di
Balong, di Solokan, di Sawah, di Sumur teh barisa marulang deui kana asalna… ka
SAGARA CAI (Laut) ?, oge Rasana bisa balik deui kana Rasa Cai Asin.
RADEN KAMIL : Kahartos Kang !...., ari di ibaratkeun mah. Jadi pangemut
Rai.. mah panginten kieu :
Pilari sing kapendak Jalanna (Solokannana) anu nuju ka Laut (Sagara
Cai).
Pilari Akalna…. Sangkan Caina ngocor ka Laut (Sagara Cai)
Pilari sing kapendak Elmuna…. Sangkan Rasa Cai di darat bisa balik deui
kana Rasa Cai di Laut (Sagara Cai) nyaeta Asin.
Leres kitu…. Kang ?
RADEN INSAN : Leres kitu… Rai !. Upami henteu kapendak solokannana
(Jalanna) anu brasna ka Sagara Cai (Laut), upami henteu kapendak carana caina
ngocor lancar ka Puserna deui, upami henteu kapendak sangkan Rasa Cai jadi Asin
deui, atuh bakal tetep kukulibeukan pungkal pengkol kalangsu di darat keneh
didarat keneh, bisa-bisa engke parantos ngancik dina Kolomberan nya kotor nya
barau. Nya wayahna teu tiasa mulang ka Asal. Tah eta ibaratna cicing dina Rasa
Naraka.
RADEN KAMIL : Hatur nuhun Kang !..., parantos ngartos ayeuna mah, jadi
kitu kajadianana teh … bentenna Rasa Dohir (Dunya) sareng Rasa Batin (Akherat)
teh. Salajengna ayeuna Rai.. teh panasaran hoyong di pasihan carana atawa milarian
jalan pamulihan !.
RADEN INSAN : Perkawis eta ma Rai !..., ulah lesot tina ukuran, tuturkeun
sakumaha pituduh Dalil :
“ANTAL MAOTU QOBLAL MAOTU “.
Anu hartosna : Kedah tiasa maot
samemeh maot anu sabenerna.
Margi upami henteu tiasa maot heula
sajeroning hirup, engke moal terang ka Akherat.
RADEN KAMIL : Naha ? … pangna kitu Kang ?....., teu acan ngartos Rai
mah.
RADEN INSAN : Kapan Ma’na tina eta Dalil ANTAL MAOTU QOBLAL MAOTU, teh
sasat mere pituduh, yen Akherat (Batin)… asal urang teh kedah uninga heula ti
ayeuna, supaya engke ulah nyasab atawa kalangsu jalan.
RADEN KAMIL : Ke… Kang !..., anu di maksad Maot didieu teh…., naha Maot
leres ?, atawa kumaha ?.
RADEN INSAN : Kapan saur katerangan oge MAOT SAMEMEH MAOT, jadi sanes
maot leres !. Maksadna teh … sing ngaraos Sakarat, sing Karaos Nyerina. Upami
disorang ti ayeuna, engke dina waktosna…. Moal kasorang deui, margi sakaratna
parantos seep.
RADEN KAMIL : Emmmh… janten……ieu mah mung supaya ngarasakeun wungkul ?,
manawi teh maot leres. Dupi bentenna sareng anu maot leres … kumaha tah ?
RADEN INSAN : Kieu atuh Rai !..., aya NYAWA sareng RASA NYAWA :
Ari anu maot leres mah, Nyawana Henteu
Aya, tinggal Wujudna (Af’alulloh) tea.
Ari anu dimaksad ANTAL MAOTU QOBLAL
MAOTU mah… upama basa Karuhun mah KUDU BISA NGANJANG KA PAGETO. Eta teh kieu :
KA HIJI Sanes Nyawana anu henteu aya
teh …, tapi Rasa Nyawana anu kedah leungit pisan. Sing tiasa hilap kana
saniskara …. Kalebet kana Wujudna sorangan…. Bakating ku cengeng ka Dzat –
Sifat Allah…., ningal sajeroning Ati.
KA DUA Kedah ngarasakeun Nyerina
Sakarat Jalan Maot di lahir. Ngarah henteu nganteur Nafsu teuing kana
kama’siatan.
Upami saur ahli-ahli Tassawuf mah
kedah ngalangkungan Pintu Fana pikeun ngajugjug, sangkan dugi kana Musyahadah (Paneteup)
ka Dzat Allah. Ari carana kedah ngalangkungan Panto Maot, dina hartos Maot
Kahoyong (Nafsu) pikeun Awasna Qolbu.
PANTO MAOT AYA 4 (OPAT) TAHAP :
Tahap Ka I MAOT TABI’I Saur ahli
Tarekat mah, dumasar kana Karunia Allah dina waktu Dzikir Qolbi. Ngawitan Hate
Dzikir, tina Hate ngontak kana Baham/Letah Dzikir. Ti dinya rarasaan mimiti
laleungit…, akal pikiran mimiti henteu jalan. Didieu mah QAULUHU LAFA ILA
I’LALLAHU. Gerak sareng cicing salian ti Allah. Nur Illahi ngawitan tumuwuh
dina jero Hate.
Tahap Ka II MAOT MA’NAWI Dumasar kana
Karunia Allah, dina waktu Dzikir Latifah Ruh. Saparantos Nur illahi tumuwuh di
Jero Hate, saharita Panto Batin ngawasa paninggal. Sifat ka Insanan parantos
lebur…, Rasa Jasmani kasilih ku Sifat Allah anu Maha Sampurna tur Azalli.
QAULUHU LA HAMMA I’LALLAHU. Henteu aya Hirup salian ti Allah.
Tahap Ka III MAOT SURI Dumasar kan
Karunia Allah dina waktu Dzikir Latiful Sirri. Didieu Rasa Jasmani kasilih ku
Alam Ghaib ( anu pinuh ku NUR, Cahaya ). Dawuhan Allah : NURUN ALA NURIN
YAHDILLAHU LINURRIHI MAN YASYA’U. Hartosna : Cahaya luhureun cahaya, Allah
maparin anugerah ku Nur-na ka saha bae anu di Kersakeun.
Tahap Ka IV MAOT HISSI Dumasar kana
Karunia Allah dina waktu Dzikir Latiful Khaufi. Dina tahap ka opat ieu mangrupi
tahap anu pangluhurna, nuju kana Ma’rifat. Malah dina puncak-puncakna mah
ngalaman Ka-Ayaan anu heunteu acan pernah :
Di tingali ku Soca
Di tingali ku Cepil
Kacipta ku Ati sanubari manusa, nyaeta : Sifat-sifat Allah anu Qodim
Azalli.
Pangalaman ieu mustahil bisa
dibuktikeun.., tapi bakal ngarti pikeun anu kungsi ngalaman tur anu
ngarasakeun.
RADEN KAMIL : Dupi carana kedah kumaha Kang ?....., di ajar ngaraoskeun
Sakarat teh ?
RADEN INSAN : Ari carana mah, nya ayeuna nuju Hirup… bari mengpeung jagjag
waringkas keneh… kedah milari sing kapendak Elmu Sakarat.
RADEN KAMIL : Upami parantos kapendak Elmuna…, sareng parantos nyobi
ngaraosan di ajar Sakarat…, kumaha tah… engke dina waktosna Sakarat anu leres
bade Maot Kang ?
RADEN INSAN : Sahanteuna bae atuh Rai.. da parantos ngarasakeun sakitu
engapna… sakitu nyerina… piraku henteu pinuh ku kasieun, pinuh ku karisi. Atuh
dina sesa hirupna teh beuki ati-ati…, Tekadna…, Ucapna…., Lampahna jadi boga
pamilih… mana anu nungtun kana pibeneren oge mana anu sakira mawa kana
kasangsaraan. Atuh di wuwuhan ku getol ibadah (Hablumminalloh), oge amal
(Hablumminanas) bari di sarengan ku rasa ikhlas (Lillahi Ta’ala)… sahanteuna
sakedik-sakedik bisa meresihan dosa-dosa dirina. Upami dirina parantos bersih
tina sagala kokotor, dosa anu karasa anu henteu karasa (upami saur Ahli
Tassawuf mah TAKHALI ), atuh teras di eusian ku amal ibadah ( TAHALLI ) atuh
engkena teh bisa lancar tiasa Awas ( TAZALLI ).
RADEN KAMIL : Ke…Kang !..., manawi aya ngarana sareng 4 (opat) istilah
nyaeta : IHROM – MI’RAJ – MUNAJAT – TUBADIL, eta kumaha hartosna sareng dimana
pernahna ?
RADEN INSAN : Eta 4 (opat) istilah teh ari hartos sareng pernahna :
Ari SAREAT mah, di Mekah, ku anu bade MUNGGAH HAJI.
Ari Hakekat , upami Rai !..., henteu acan ngartos… eta .. nuju SOLAT
SAJATI, Kieu katerangannana :
IHROM teh, Mimiti, peta-peta tekad
seja indit, lamun Manuk mah rek ngapung.
MI’RAJ teh, Eta parantos jung
ngapung ngalayang, ninggalkeun Alam Dunya lat poho ka Alam Dohir.
MUNAJAT teh, Parantos munggah ka
Alam Batin bade dugi kanu dijugjug.
TUBADIL teh, Parantos anjog kanu
diseja, Sapaninggal Kawula Kalawan Gusti. Parantos ngancik di Kalanggeungan
dina Baetulloh Suci. Baetulloh anu sajati, anu lain di kulon, di kidul, di
wetan, di kaler sareng henteu keuna ku ruksak, nyaeta KIBLAT NYAWA anu
sampurna.
RADEN KAMIL : Kang !...., punten naon tea Sifatna Baetulloh anu sajati
teh ?
RADEN INSAN : Eta Rai !...., Dzat-Na Maha Suci, ari Sifat-Na teh Caang
Padang narawangan atawa Johar Awal tea !. Tah… eta Rai !. Kiblat Maot wajib ku
urang disungsi !..., ari hoyong PULIH KAJATI PULANG KA ASAL mah (Wa Inna
Illaihi Roji’un).
RADEN KAMIL : Kahartos Kang… perkawis istilah atawa basa IHROM, MI’RAJ,
MUNAJAT, sareng TUBADIL mah…, nanging naha eta teh aya pakuat-pakaitna sareng
Tazalli ?
RADEN INSAN : Rai !... ulah lieur ku basa atawa istilah…, eta teh sami
anu di sebat : TAZALLI – SOLAT KHUSUS – SOLAT DAIM – SOLAT SAJATI, malah seueur
deui eta teh Solat dina TAREKAT mangrupi tingkatan tina Solat Sareat.
Ari SOLAT SAREAT mah Pertingkahna teh
… ngagambarkeun Lafadz Allah ( ﺍﷲ )
Ari SOLAT TAREKAT mah Ngagambarkeun
Lafadz Muhammad ( ﻤﺤـﻤﺪ ) sareng nyusul Hurup Tasjidna.
RADEN KAMIL : Kang !...., masih lieur keneh… mugi dijelaskeun supados
enggal kapaham !.
RADEN INSAN : Nya… supados langkung jelas atuh urang wangsulan deui :
◙ PERTINGKAH SOLAT SAREAT SARENG
MA’NANA
PERTINGKAH TAKBIRATUL IKHROM
Ngagambarkeun Hurup Tasjid ( ω )
ngasalkeun tina JOHAR FARID (Cahaya Panon Poe).
PERTINGKAH NGADEG
Ngagambarkeun Huruf ALIP ( ﺍ )
ngasalkeun tina SENEU anu ngandung 4 (opat) perkara :
ROH IDOPI
ROH NURANI
ROH RAHMANI
ROH ROHANI
Anu numuwuhkeun AJEG PAMADEGAN, wani
kana bebeneran dina tangtungan sorangan NAFSUNA AMARAH.
PERTINGKAH RUKU
Ngagambarkeun Huruf LAM AWAL ( ﻞ )
ngasalkeun tina ANGIN anu ngandung 4 (opat) perkara :
NUFUS
ANPAS
TANAPAS
NAPAS
Wijining Hurip anu numuwuhkeun
RENGKUH, Ngajenan ka sasama, Sabar, Tawakal NAFSUNA LAWAMAH.
PERTINGKAH SUJUD
Ngagambarkeun Hurup LAM AHIR ( ﻞ )
ngasalkeun tina CAI anu ngandung 4 (opat) perkara :
ROH ROBBANI
ROH NABATI
ROH NAFSANI
ROH JASMANI
Anu numuwuhkeun SUJUD HANDAP
ASOR/DEPE-DEPE, Rukun hirup sauyunan NAFSUNA SAWIYAH.
PERTINGKAH LUNGGUH
Ngagambarkeun Hurup HE ( ﻪ )
ngasalkeun tina TANEUH anu ngandung 4 (opat) perkara :
WADI
MADI
MANI
MANIKEM
Anu numuwuhkeun SABAR, Tenang, Qonaah,
Tawado, sadrah sumerah, Ikhlas NAFSUNA MUTMAINAH.
Tah upami parantos pertingkah LUNGGUH
(ATAHIYAT), eta mah ngagambarkeun Lafadz Muhammad ( ﻤﺤـﻤﺪ ) :
Didieu mah sing tiasa ical RASA
JASMANI atawa leungit RASA DUNYA, malah Diri sakujur oge henteu inget…,
istuning husu… cengeng… ka Nu Maha Suci. Lami-lami Rasa Jasmani kasilih ku Rasa
Jati (NUR MUHAMMAD). Malah upami kenging Ridho sareng di kersakeun.., tangtos
tiasa Ningali DZAT – SIFAT ALLAH (Hakekat Muhammad atawa Tasjid ( ω ) anu kaya
EMAS sinangling ).
Geuning Dawuhan Allah (QS. Ar-Rahman :
26-27) :
KULLU MAN ALAIHA FANIN WA YABQO WAJHU ROBBIKA DZUL JALALI WAL IKROM. Anu
hartosna : Saban Jalmi bakal binasa atawa Fana (Leungit). Sedengkeun Dzat Allah
tetep langgeung, kagungan Sifat Sampurna sareng Maha Agung.
KULLU SYAI’IN HAALIKUN ILLA WAJHAHU, Anu hartosna : Sagala sesuatu
leungit sirna tur ancur teaya arti, iwalti Dzat-Na. (QS. Al-Qoshos : 88).
MAA INDAKUM YANFADU WAMAA INDALLAHI BAQIN, Anu hartosna : Naon anu aya
di aranjeun bakal ancur, jeung naon anu aya di Allah langgeung abadi. (QS.
An-Nahl : 96).
Atuh dina Kitab Iqadzul Himan, Ahli-ahli Tasawwuf nyaurkeun : MAN
RO’ALHAQQO TA’ALA GHOBA ANAFSIHI WA MAN RO’A NAFSAHU HUJIBA ANNILOHI “
Anu hartosna : Saha-saha anu ningali
Dzat Allah…, pasti FANA (Leungit) dirina. Sawangsulna, saha-saha anu masih
keneh ningali dirina…, pasti ka HIJAB (Kapindingan) ka Dzat Allah.
Tah Rai !..., upami parantos tiasa
leungit RASA KADUNYAAN, RASA JASMANI, nembe bakal ngartos kana NAFI – ISBAT.
RADEN KAMIL : Kumaha pereleannana NAFI – ISBAT teh Kang ?
RADEN INSAN : Ari Allah teh Rai !..., NAFI – ISBAT, kapan padika Allah
mah benten sareng Manusa, Allah anu ngadamel… MantenNa anu Jumeneng. Ari Manusa
mah … pisah sareng hasil padamelannana.
Allah teh asal NAFI (Ghaib teu
ngajirim), jadi ISBAT (Aya bukti).
Tah ISBAT-NAFI janten Ngahiji
ngagulung. Anu mawi Lafadz “ LAA ILLAHA ILA ALLAH :
LAA Kanyataan Ayana DZAT
ILLAHA Kanyataan Ayana SIFAT
ILLA Kanyataan Ayana ASMA
ALLAH Kanyataan Ayana AF’AL
Ieu teh Tileum-Timbul. Upami nuju NAFI
(Rohani anu timbul)… atuh ISBAT-na kedah Tilem (Rasa Jasmani tilem).
RADEN KAMIL : Hatur nuhun Kang !..., Rai parantos dipasihan katerangan
anu marundel… di antawisna anu disebat Solat Sareat sareng ma’nana, atuh Solat
Tarekat sareng ma’nana malah disebat oge Solat Tazalli, anu hartosna Awas. Cing
Kang !..., manawi aya dasarna ?, sareng manawi aya tahapannana perkawis Tazalli
teh ?
RADEN INSAN : Atuh kantenan aya mah…, boh dasar hukumna boh tahapannana.
Kieu geura :
Dasarna Dalil (Surat Al-Araf 143) :
FALAMMA TAJALLA ROBBUHU LIL JABALI
JA’ALLAHU DAKKAN WAHORO MUSA SO’IQON
Artina :
Waktos awas ka Gunung…., kajadian
gunung ancur, sareng Nabi Musa jadi kapiuhan.
Ma’na tina Dalil di luhur, nalika Nabi
Musa parantos FANA DIRINA (disebat kapiuhan)… nembe TAZALLI (Awas) ka Dzat –
Sifat Allah Ta’ala.
Ari TAHAPAN-TAHAPAN TAZALLI, eta aya 4
(opat) tahap :
TAZALLI AF’AL
Nyaeta leungitna Gerak/Padamelan,
kasilih ku timbulna Gerak Allah Ta’ala. Dalilna : WALLAHU KHOLAQOKUM WAMA
TA’MALUN, Hartosna : Jeung Allah anu ngajadikeun maneh katut naon-naon anu ku
maneh dipigawe.
TAZALLI ASMA
Nyaeta leungitna ingetan kana dirina,
sareng bebas tina sifat-sifat (bukti-bukti anu anyar), tina RASA JASMANI,
saterasna lebet kana kalanggeungan Allah Ta’ala. Sategesna henteu aya anu
katingali, kajabi kabukana NUR ILAHI dina kaayaan anu biasa, jadi parantos aya
di ALAM BATIN.
TAZALLI SIFAT
Nyaeta SIFAT AL-HAQU TA’ALA nyilih
SIFAT INSANI. Tazalli-na Allah ka mahklukna mangrupi Karunia MantenNa.
TAZALLI DZAT
Nyaeta WUJUD MUTLAK, manunggalna
Kawula lan Gustina anu langgeung DZATTULLOH. Dalilna : LA MAUJUDA ‘ALALI’
TAQI’I ILALLAHU, Hartosna : Teu aya Wujud sacara Mutlak, kajabi Dzat Allah. Di
dieu parantos nembus Qolbu ku NUR = CAHAYA. Waktos eta… Qolbu teh CAANG…
kauninga rasiah karunia sareng RAHMAT ALLAH TA’ALA.
Tah kitu Rai !..., Tahapan-tahapan
TAZALLI sareng ma’nana !. Kumaha tiasa kapaham ?
RADEN KAMIL : Alhamdulillah Kang !..., rada ngagebray perkawis Tazalli
mah. mung eta perkawis Paninggal Qolbu, kumaha eta teh ?
RADEN INSAN : Ari Paninggal Qolbu teh disebatna AL-BASHIRAH atanapi
disebat oge PANON BATIN. Sifatna teh kieu : “ NINGAL DINA WUJUD FIKIRAN,
TANGKEPAN AKAL” :
Gancang ngarti kana hiji masalah
Mangrupi ILHAM, ujug-ujug jelas dina jero Qolbu/Hate, hartina ningal anu
Qodim Al-Kholiq.
Jadi sing saha anu leuwih kawasa
Paningal Qolbuna/Hatena batan paningal panon.., nya paningal Hatena teh tiasa
noropong wujud… tangkepan akal pikiran, rahasiah-rahasiah Batin sareng hal-hal
gaib. Tah Jalmi anu kitu disebat Arif (Ahli Ma’rifat). Hartosna parantos ningal
Dzat – Sifat Allah ku paningal Qolbu/Hatena, sakumaha kasauran Syaidina Ali
r.a. : “ ROAETU ROBBI BIAENIL QOLBI FAQUNTU LASYAKKA A’NTA-ANTA”, Anu Hartosna
: Katingal Allah ku Paningal Hate/Qolbu kuring, sarta kuring nyarita…, moal
salah deui nya Salira Allah.
Ari TAHAPAN-TAHAPAN PANINGAL
QOLBU/HATE, aya sababara tahapan di antarana kieu :
Kalangkan Qolbu/Hate, disebat NURUL AKLI atawa ILMU YAKIN
Elmu Yakin nyaeta kayakinan anu timbul
saenggeus ayana katerangan tina dalil
ﻋـﻠـﻢﺍﻠـﻴـﻘـﻴﻦ ﺍﻠﺬﻯ ﻫـﻮﻤـﻌﺮﻓـﺗـﻪ ﺗـﻌﻼ ﺒـﺎ
ﻠﺒﺮﺍﻫـﻴﻦ
Artina : Ilmu Yakin nyaeta Ma’rifat ka
Allah Ta’ala kalawan sababaraha dalil.
Paningal Qolbu/Hate, disebat NURUL ILMU atawa AINUL YAKIN
Elmu Ainul Yakin nyaeta kayakinan anu
di dasarkeun kanyataan jeung pembuktian.
ﻮﻤﺷﺎﻫﺪ ﺗـﻪ ﺗـﻌﺎﻻ ﻗـﺒﻞ ﻜﻞ ﺷﻰ ﻮﻫـﻮﺍﻠﻤﺴـﻤﻰﻋـﻧﺪﻫﻢ
ﺒﺎﻠﻤﻌﺎﻴـﻧـﺔ
Artina :
Musyahadah ka Allah Ta’ala samemeh
nyaksikeun sagala sesuatu anu nurutkeun para Arif disebut Mu’ayanah
(Kenyataan/pembuktian).
Hakekat Paningal Qolbu/Hate, disebat NURUL HAQ atawa HAQUL YAKIN
Haqqul Yakin nyaeta keyakinan anu
sabenerna
ﺤﻖ ﺍﻠﻴـﻘـﻴـﻦﻫـﻮﻤﺷـﺎﻫـﺪ ﺗـﻪ ﺗـﻌﺎﻻ ﻓﻰ ﻜﻞ
ﺷﻰ
ﺒـﺎﻻﺤﻠﻮﻞ ﻮﺍﺗـﺤﺎﺪ ﻮﺍﻧـﻔـﺼﺎﻞ ﻮﻻ ﺍﺗﺼﺎﻞ
Artina :
Haqqul yakin nyaeta musyahadah ka
Allah SWT, dilebeut segala sesuatu tanpa Hulul (bersatu), tanpa Ittihad
(terpadu), tanpa Ittishol (bersambung) jeung tanpa Infishol
(berhubung-hubungan).
Upami parantos leungit karagu-raguan,
saterasna leungit SIFAT WUJUD DIRI, parantos leungit Rasa Jasmani, nya saharita
tiasa ningal Dzat-Sifat Allah…ku Kersaning Allah. Ari satungtung masih keneh
ningali sifat-sifat ka Dunya sareng Rasa Jasmani mah…, henteu acan tiasa
nguninga Dzat – Sifat Allah, numutkeun dalilna oge : “ WA ‘ANNALLOHA MAHALUNA’N
TASYHADU MAAHU SIWAHU “, Hartosna : Mustahil urang bisa ningali Allah bareng
jeung Wujud sejen.
Hakekatna : Upami sifat-sifat anu
anyar parantos NAFI (Leungit)… waktu eta ISBAT-na (Hadirna) anu QODIM nyaeta
Dzat – Sifat Maha Suci. Dalilna : KULLU SYAEIN KHALIKUN I’LLA WAJHAHU, Hartosna
: Sagala hal ngalaman ruksak, kajaba Dzat Allah anu BAQO (Langgeung).
Tah kitu Rai !..., perkawis Paningal
Qolbu/Hate teh.
RADEN KAMIL : Punten Kang !...., kumargi dina seuh-seuhanna mah geuning
kana NUR…, malahan tadi disebat-sebat seueur rupina…, mugi Engkang… tiasa
ngajelaskeun perkawis NUR anu langkung eces !.
RADEN INSAN : Euhh… Rai teh masih keneh teu acan jelas perkawis NUR,
kieu geura Rai !.... :
Dina Al-Qur’an Surat An-Nur ayat 35,
dijelaskeun :
“ALLAAHU NUURUSSAMAAWAATI WAL’ARDHI
MATSALU NUURIHII KAMISYKAATIN FIIHAA
MISHBAAHUN
‘ALMISHBAAHU FIIZU JAAJATIN.
A’ZZUJAAJATU KA’ANNAHAA
KAWKABUN DURRIYUN YYUUQADU MIN
SYAJARATIN
MMUBAARAKATIN
ZAYTUUNATIN’LLAASYARQIYYATIN
WALAA GHARBIYYATIN YYAKAADU ZAYTUHAA
YUDHII’U WALAW
LAM TAMSHASHU NAARUN. NUURUN ALAA
NUURIN.
YAHDILLAAHU LI NUURIHII MAN YYASYAA’U.
WA YADHRIBU ‘LLAAHU ‘AMTSAALA LINNAASI
WA LLAAHU BIKULLI SYAI’IN ALIMUN //.
Q.S (24) AN-NUR : 35
Anu Hartosna :
Allah masihan NUR (Cahaya) ka Langit
sareng Bumi. Cahaya Allah teh ibarat dina hiji LIANG anu henteu tembus.
Dijerona aya Lampu gede, aya sajeroeun kaca.. lir Bintang anu Cahayana kawas
mutiara. Anu di hurungkeunnana teh ku minyak tina tangkal anu ageung berkahna
nyaeta Tangkal Zaitun. Minyakna oge parantos Caang sanajan henteu disengeut.
Anu jadina teh henteu di Beulah wetan, henteu di Beulah kulon. Cahaya anu manglapis-lapis
NURUN ALA NURIN. Allah ngabingbing kana CahayaNa ka saha bae anu Dikeresakeun.
Allah ngajantenkeun conto-conto pikeun manusa, sarta Allah Maha Uninga kana
saniskara.
Oge salah sawios Hadist Nabi anu
diriwayatkeun ku Ibnu Mas’ud r.a, : Nabi ngadawuh : DI SISI ALLAH MARANEH
EUWEUH BEURANG EUWEUH PEUTING, SEDENGKEUN CAHAYA NU LANGIT, NUR BUMI….nyaeta
Nur Cahaya Dzat – Sifat Allah.
Salajeungna dina Shahikul Muslim, anu
diriwayatkeun ku Abi Zarrin, Mantena nyaurkeun : KURING NAROS KA RASULULLOH…,
NGAWALERNA KIEU : KURING NINGALI “ NUR ‘.
Aya deui anu diriwayatkeun ku Abi Said
:
ANA’BI SAIDIN QOOLA, QOLA RASULULLOHI
TTAQU FIRASATAL MU’MININ FAINNAHU YUNDURU BI NURILLAHI TA’ALA.
Hartosna :
Pikasieun Firasat urang Mu’min, sabab
sabenerna maranehna ningali ku pitulung NUR CAHAYA ALLAH.
Tina Kitab Qusyairiah :
AL-KANNANI YAQULU : AL-FIRASATU
MUKASYAFATU AL-YAQINI WA MU’AAYANATUL GHAIBI WA HUWA MIN MAQOMATIL IMAN.
Hartosna :
Al-Kannani sasauran : Firasat, nyaeta
Mukasyafatul Yaqin (Nyaeta kabukana tirai/dingding kulantaran kayakinannana).
Jeung Mu’ayatul Ghaib (nyatana hal-hal nu Ghaib). Jeung hal eta nyaeta sabagian
tina tingkat Ka-Imanan.
Rasululloh SAW. Bersabda :
AN SYA’IDI AL-KHUDRY RA QOOLA : QOLA
RASULULLOHI SALLAHU ALAIHI WASSALAM I’TAQUU FIRASATAL MU’MINI INNAHU YANDHURU
BI NURILLAHI AZA WAJALLA
Hartosna :
Ti Said Al-Khudry r.a. anjeuna
nyaurkeun : Rasululloh nyaurkeun “ Ati-ati kana Firasat Jalmi anu ber-Iman,
sabab saenyana manehna tiasa ningal kalawan Nur Allah Azza Wa Jalla.
Ari NUR teh salah sawios Jenengan
Allah dina Asmaul Husna. Allah ngangkeun WujudNa NUR. MantenNa ngajantenkeun
KitabNa NUR, RasulNa NUR, sareng AgamaNa NUR.
An-NUR… nyaeta titik-titik
(cecek-cecek) anu aya dina JERO QOLBU/HATE Jalma. Ku eta NUR… ngalantarankeun
bisa uninga mana anu HAQ (Bener) sareng mana anu BATHIL (Salah), anu asalna
nyaeta TAQWA.
Peryogi kauninga ku Rai !...., kieu :
Boh di Alam Semesta (Alam Kabir), boh
dina Alam Wujud (Alam Sagir) mangrupi NUR LAHIRIAH, nyaeta : Nur Panon Poe, Nur
Bulan, Nur Bintang. Di Alam Malakut (Gaib), mangrupi NUR BATINIAH, anu dibagi 3
(tilu) bagian nyaeta :
NUR ILMU
yaeta kawas BENTANG, kakuatannana bisa
katingali di waktu peuting, anu poek, sarta bisa ningali dina perkara-perkara
Akhirat (Gaib).
NUR MA’ANI
Nyaeta kawas BULAN, kakuatannana bisa
ningali di Tungtung Tauhid sareng bisa ningali (ngintip) ka Dzat Allah.
NUR MA’RIFAT
Nyaeta kawas PANON POE, kakuatannana
bisa ningali di Tungtung Tafrid (Katunggalan Allah), sareng bisa nguatan kayakinan
sarta nyaangan enggoning
Pikeun jelasna mah kieu Rai !.... :
Ari NUR ELMU teh Nnyaeta NUR CAHAYA
PANON, Nur anu tiasa ningali anu bukti-bukti wungkul. Ieu mah aya disaban jalma
malah di sato oge aya.
Ari NUR MA’ANI teh Nyaeta NUR CAHAYA
QOLBU/HATE, Nur anu ngandung harti bisa ngajelaskeun Nangkeup Perasaan Akal Pikiran
(pipikiran asa cararaang).
Ari NUR MA’RIFAT teh Nyaeta Elmu anu
Haqiqi, tiasa ningali kana Dzat-SifatNa Allah Ta’ala.
Salajeungna ari gunana NUR pikeun
Nyaangan ngungkap tina hakekat sagala hal pikiran nguninga mana anu bener mana
anu salah.
Ari gunana PANON QOLBU/HATE, pikeun
Hikmah (ningali bebeneran anu hakiki). Ari gunana QOLBU/HATE, pikeun taat
sareng ngalanggar, pikeun ngaku sareng ingkar.
Dawuhan Allah :
FAMAN SYAROHALLOHU SYODROHU LIL’ISLAMI
FAHUWA ALA NURIN MIN ROBBIHI
Hartosna : Saha-saha anu di Caangan ku
Allah kana Hatena pikeun Islam, eta Jalma kenging pancaran Nur Cahaya. Eta
pisan anu nganteur hate ka Hadirat Allah anu Maha Gaib.
Tah kitu ngeunaan NUR mah Rai !...,
kirang langkungna mah… mugi Rai tiasa nangkep … dipasihan Nur Cahaya ku Allah
Nu Maha Suci.
RADEN KAMIL : Kang sagala rupi katerangan di Engkang teh istuning
mangrupi Elmu anu henteu kinten munelna kanggo ukur-ukuran sareng nyampurnakeun
modal ti Allah Ta’ala sangkan Rai, henteu mubadir Hirup di umbarakeun di Alam
Dunya ieu. Nanging Kang !..., panginten tina sajarah Elmu katerangan anu sakitu
seueurna teh dina bab Elmu Agama. Panginten aya gurat badagna. Anu pang
pentingna kedah dilaksanakeun. Mugi Engkang tiasa masihan wewengan.
RADEN INSAN : Leres kitu Rai !..., moal benten urang sakola … kapan
rupi-rupi pelajaran… nanging ari anu di angge sapopoe mah geuning mung…. Paling-paling
dua tilu pelajaran bae.
Sareng deui da Elmu mah moal
seep-seep, geuning aya katerangan : UPAMA TEA MAH ELMU ALLAH BADE DI BUKUKEUN.
MANGSINA/TINTANA SA LAUT, TERAS KERTASNA DANGDAUNAN ANU AYA DI IEU ALAM DUNYA….
KALAH KA SEEP MANGSINA SARENG DANGDAUNANNANA BATAN SEEP ELMUNA.
Anu mawi geuning sok di silibkeun ku
Tangkal Tiwu dina salah sahiji kagiatan salametan, da buktina kapan Tiwu mah
tara dituang bukuna, tapi sari patina /amisna tiwu. Ku kituna… cing urang
pilari Sari Patina tina ieu LAYANG MUSLIMIN MUSLIMAT oge… kieu Rai !.... :
Kedah emut kana : PAMIANGAN –
PAGELARAN – PAMULIHAN.
◙ PAMIANGAN ( INNA LILLAHI )
Kedah didasaran ku Iman ka Nu
Marentahna. Sing dugi ka Ma’rifat ka MantenNa. Upami parantos Ma’rifat hartosna
urang tiasa nga-Haqul Yakinkeun kana Dalil : INNA LILLAHI, Asal ti Alam Ahadiat
(Dzat) - Alam Wahdat (Sifat) – Alam Wahidiat (Asma). Ieu kedah kapendak ka
uninga ti ayeuna !...., margi eta teh Asal Pamiangan urang…, anu tangtuna oge
KIBLAT PANGBALIKAN URANG.
◙ PAGELARAN
Dina mangsa gumelar di Pangumbaraan
mah salian urang kedah Iman kanu Marentahna teh … oge kedah disarengan ku Iman
kana Parentahannana. Sing tumut, taat kana ukuran-ukuran jeung
katangtuan-katangtuan, sajeroning urang rumingkang di : Alam Arwah – Alam Ajsam
– Alam Misal (Elmu Ma’rifat ka Asal) – Alam Insan Kamil (Manusa Sampurna). Ieu
Alam anu opat dina Pagelaran teh mangrupa Af’al-Na Allah Ta’ala.
Sajeroning di umbarakeun teh …, Diri
urang kedah di eusian ku :
Elmu Pengetahuan sareng Elmu Teknologi (IPTEK).
Elmu Rasululloh … ku RUKUN AGAMA (Sareat – Tarekat – Hakekat –
Ma’rifat).
Iman tur Taqwa (IMTAQ).
TAKHALLI Ngosongkeun tina Tekad – Ucap
– Lampah anu goreng, anu ngarugikeun batur, anu ngaruksak tur nyilakakeun
batur. (Nafsu Amarah, Lowamah, Sawiyah).
Hadas Leutik : Tekad (Hate) ulah aya :
Sirik pidik jail kaniaya, goring sangka, ujub, ria, takabur jeung munapek.
Ucap (Baham) ulah aya bohong, ngupat
simuat, mitnah, gureuhan, cawadan, openan, songong, sugal jeung garihal.
Lampah (Wujud) ulah 5M, Maen, Mabok,
Maling, Madon (lacur), Mateni (Maehan).
TAHALLI Upama wujud urang parantos
kosong atawa bersih tina kokotor (dosa), tinggal diseusian ku Tekad – Ucap –
Lampah anu hade (Nafsu Mutmainah). Husyu ibadah : Solat Sareat, Solat Tarekat
(Solat Husus), Solat Da’im (khususil khusus = Saendeng-endeng).
Amalna : Sopan santun, hormat ka
Sepuh, ka Guru, ka Ratu (Pamarentah), bear budi, someah hade kasemah, berehan.
TAZALLI Kumargi Diri (Wujud) urang
parantos kosong, bersih tina dosa-dosa, nyingray Hijab (pipinding)…, atuh
molongpong Panon Qolbu tiasa Awas ka NUR MUHAMMAD atuh ka beh dituna NURULLOH (JOHAR
AWAL).
◙ PAMULIHAN
Tah dina Pamulihan oge, upami urang
tiasa ajeg ngalaksanakeun TAKHALLI – TAHALLI – TAZALLI, insya Allah tiasa
nyumponan Dalil : WA INNA ILLAIHI ROJI’UN. Kieu ari blakna mah :
LEBUR BADAN Jadi NYAWA (RASA JASMANI)
LEBUR NYAWA Jadi RASA (RASA ROHANI = Narun, Hawaun, Ma’un, Turabbun
atawa NUR MUHAMMAD). Ieu mah disebut PULANG KA ASAL, ngaraos NI’MAT (SAWARGA).
LEBUR RASA Jadi CAHAYA (RASA NURANI ) = Nurulloh, Johar Awal, Hakekat
Muhammad (Sagara Hirup).
LEBUR CAHAYA, Mulih RASANA maring DZATTULLOH, SIRNA MARING KERSANA…ALAM
SUWUNG (Dzat Laesa Kamislihi Syaeun). Ieu anu disebut PULIH KA JATI.
Ieu pisan Rai !..., Kiblat Pamulihan…
anu jadi panyileukan tur udagan sarerea.
RADEN KAMIL : Hatur nuhun parantos kahartos perkawis papahaman ti kawit
Pamiangan, teras Pagelaran, atuh dipungkas ku Pamulihan.
Tah ayeuna mah…, mugi pang nuduhkeun…
upami Kiblat Pamulihan Rai..! hoyong ka dinya, kedah ka mana ?, sareng kedah
kumaha ?.
RADEN INSAN : Ari kendaraan teh nyaeta TAREKAT. Seueur .. tinggal milih
mana anu sakinten enggal dugi. Bade “ TAREKAT QODARIAH, TAREKAT NAKSYABANDIAH,
TAREKAT MUHAMMADIAH, TAREKAT ANFASIAH, TAREKAT JUJIAH, TAREKAT KAMALIAH, atawa
TAREKAT HAQ MALIAH jsb.
Engke Rai !...., baris dipasihan
katerangan sareng cara-cara sakumaha mistina ti Guru Tuduh, anu nuduhkeun
pikeun tepang sareng Guru Mursid (Sajatining Guru = Guru Batin).
Tah…Rai…, kanyaah, ka asih Engkang….
Mangrupi PAPAHAMAN ELMU AGAMA, bawiraos parantos ngawengku kana sasaran-sasaran
udagan anu janten panyileukan urang. Kantun…, naha Rai !..., kenging TAUFIK
HIDAYAH aya jorojoy manah… hoyong nyusul Konci Pamuka Lawang anu aya di Guru
Tuduh tea.
CAG !....., URANG CEKAPKEUN DUGI
KADIEU.
----
00000 TAMAT 00000 ----
barakallah...katampi pisan kang haturnuhun pamaparanna.......
BalasHapussami sami mugi janteun panyaang ka urang sadayana
BalasHapusAlhamduliillah.. pamugi urang sadaya janten jalmi nu tafakur sareng dipasihan syafaat ku Kanjeng Nabi Muhammad SAW. Amin Ya Rabbal Alamien.
BalasHapusAmin ya rabbal alamin
HapusSunda boga carita
BalasHapus