4 Kitab
1. Jabur
2.Taurat
3. Injil
4. Qur'an
dina saban saban ganti jaman eta kitab aya perubahan nana masing masing saperti jaman nabi Adam jalma jalma teh ka Allah ta,alla kudu nurutkeun anggena kitab jabur: dina jaman Nabi musa cecekelana Qitab tauret jaman Nabi Isa Qitab Injil jeung jaman Nabi Muhammad SAW.Qitab Qur'an
kusabab kitu kitab Injilmah aya rupa rupa jalma peyelidik Agama. nepi ka ayeuna acan bisa netepkeun Injil mana anu bener, naha Injil katerangan Lukas, paulus atawa Johan, karana injil nu aslimah geus kasebut dina Al Qur,an
perjalanan Agama jeung antarana tina hij jaman kana jaman deui kacida jauhna ( lilana ) nepi teu matak heran tina kalilaannana zaman, loba jalma anu ngarobah Agama nurutkeun sapamanggihna sorangan. saperti zaman nabi Adam nepi ka waktu kajadian angin topan jeung caah geude di zaman Nabi Nuh antara aya 2242 Tahun:harita geus teu aya anu mimpin, lolobana jalmateh teu ber Tuhan ( jahiliyah )
Ti jzaman Nabi Nuh nepi ka Zaman Nabi Ibrahim aya 1011 tahun: ti zaman Nabi Ibrahim ka Nabi Musa 1716 tahun ti zaman Nabi Isa ka Nabi Muhammad SAW nepi ka ayeuna ( tahun 19551 antarana geus 1375 tahun )
kusabab saantero kaperluan alam rawuh esina geus katimbang cukup disebut dina Qur'an Alloh Ta alla teu perlu deui ngayahokeun kitab sejena atawa ngangkat Nabi anyar tah ieu sababna nu matak sakabeh Manusa anu hentu nurutkeun parentah parentahna kitab Qur'an di pandang lain urang Islam.
Anu maca ieu buku ulah salah paham anu di sebut nabi panutup teh ( pangnggeusan ) teh yaeta Nabi Muhammad SAW jeung Kitabna ngan sahiji hijina nyaeta Qur'an anjeuna di turunkeun ku Allah Ta'alla ka dunya di piwarang ngabereskeun Rohna jalma jalma nu geus Ruksak katipu ku panggoda Iblis.
katampi pisan elmuna kang . .
BalasHapus